RUM 9

1Demi Al Masih, nu rek diterangkeun ku simkuring teh nu saenyana. Lain bohong, estu medal tina getering ati sanubari, Ruh Allah oge tingalieun. 2Simkuring teh teuing ku nalangsa, hate teu weleh asa digerihan. 3Ari ras ka dulur-dulur, anu sare'atna mah tunggal sabangsa; simkuring teh iklas najan upamana nepi ka kudu paturay ti Al Masih oge, asal matak jamuga ka maranehna. 4Ngingetkeun maranehna teh bangsa Israil bangsa anu dibere hak jadi putra Allah, dibere kamulyaan, dibere perjangjian, kitu deui Toret jeung tuduh jalan ibadah, katut jangji-jangji Allah. 5Maranehna teh rundayan para luluhur anu ngayugakeun Al Masih gumelar ngajadi manusa, nya Manusa Ilahi nu nyakrawati, agungkeuneun salalanggengna. Amin. 6Tapi pangandika Allah mah, pamohalan kana meleset. Sabab henteu kabeh turunan Israil, kaasup bangsa Israil teh. 7Oge henteu kabeh terah Ibrahim, enya-enya kaasup turunan Ibrahim. Sabab (dawuhan Allah ka Ibrahim): ‘Nu baris jadi turunan maneh teh anu gumelar ti Isak.’ 8Tegesna, putra-putra Allah mah, lain anu gumelar tina jasmani, tapi anu medal ku karana perjangjian Mantenna. 9Ari perjangjian Mantenna teh kedal dina dawuhan ieu: ‘Tepung waktu mangsa ieu, Kami rek ka dieu deui; dina mangsa eta, Sarah bakal pibogaeun anak lalaki.’ 10Nu leuwih eces mah dawuhan ka Rabeka, basa Rabeka keur kakandungan kembar ti carogena, Isak tea, karuhun urang. 11Ti memeh kakandunganana tea medal, jadi acan lakon hade atawa goreng, nu hiji enggeus dipilih sarta Allah geus netelakeun yen pamilih Mantenna henteu dumasar kana hade gorengna kalakuanana, estu wungkul ku karana pangersa-Na bae. 12Kieu dawuhana-Na: ‘Lanceukna bakal kumawula ka adina.’ 13Oge kauni dina Kitab: ‘Ka Yakub Kami teh asih, ari ka Esau mah giruk.’ 14Kumaha ari kitu! Naha urang rek nyalahkeun, majarkeun Allah teu adil? Piraku Allah teu adil! 15Baheula Mantenna ngadawuh ka Musa: ‘Kami rek mikarunya ka sakur anu geus ditangtukeun ku Kami. Kami niat ngurniaan ka sakur nu geus kapilih ku Kami.’ 16Eta teh, netelakeun yen Allah henteu gumantung kana kahayang atawa tingkah laku jelema. Kabeh gumantung kana pangersa-Na. 17Oge dina Kitab aya dawuhan Mantenna ka Piraon: ‘Nu matak maneh ku Kami dijungjung teh lantaran ku Kami arek dipake pikeun nembongkeun kakawasaan, supaya ngaran Kami kakoncara ka sakuliah dunya.’ 18Jadi, Allah mah, mikawelas teh ka saha bae anu kamanah ku Mantenna; kitu oge, upama Mantenna ngersakeun jelema jadi bedegong, nu mana bae. 19Meureun cek aranjeun: ‘Ana kitu, naha atuh Mantenna sok ngaweweleh kalakuan manusa, da saha atuh jelemana anu bisa mapalangan kana pangersa-Na?’ 20Kieu saenyana: ‘Ambeu, naha saha manusa teh make wani-wani ngalawan ka Allah?’ Upama urang barang jieun, eta barang anu dijieun teh moal bisa nyalahkeun kieu: ‘Ku naon kuring dijieun kieu?’ 21Upamana bae Ki panjunan, tangtu bisa kumaha karep kana taneuh lempung, naha rek dijieun wadah anu endah atawa anu basajan bae. 22Jadi, upama Allah rek nibankeun bebendu jeung pangawasa-Na ka anu ku Mantenna rek dibenduan jeung diruksak, tapi kersa nyabaran keneh; 23eta teh taya lian, ti seja mintonkeun kamulyaana-Na anu tanpa wangenan, ka nu baris dipiwelas jeung baris diangkat kana kamulyaan. 24Nya eta urang tea, anu ku Mantenna geus disaur. Ari anu disalaur teh lain ngan ti urang Yahudi wungkul, tapi ti bangsa-bangsa sejenna oge. 25Sakumaha dawuhana-Na dina kitab Hosea: ‘Anu tadina lain umat Kami, seja diaku jadi umat Kami. Kami seja nerapkeun kaasih ka anu tadina henteu dipikaasih. 26Kitu deui di tanah anu tadina disebut: Maraneh mah lain umat Kami, — baris diaku jadi putra-putra Allah Anu jumeneng.’ 27Nabi Yesaya oge, kieu saurna ngeunaan urang Israil teh: ‘Sanajan bani Israil lobana, lir keusik lautan, nu baris dirahayukeun mah ngan sabagian leutik.’ 28Sabab sakur anu ku Pangeran geus ditimbalkeun, tinangtu ku Mantenna dibuktikeun di ieu bumi kalawan sahinasna tur sampurna. 29Memeh eta, Nabi Yesaya nyaurkeun kieu: ‘Cacakan upama Pangeran henteu ngarikeun binih, nasib urang teh moal beda ti nagara Sadumu jeung Gomora.’ 30Kumaha ayeuna cek urang? Kieu: Bangsa-bangsa lian, anu teu nareangan jalan kana kayaktian geus diangken ku Allah, ku lantaran imanna. 31Sabalikna, urang Israil, sanajan naluturkeun tuduh jalan kanu sayakti, ku Allah teu diangken. 32Naon sababna? Sabab naluturkeunana, lain ku iman kapercayaan, tapi ku amal-amalan sorangan. 33Cek Kitab: ‘Kahade, Kami di Sion neundeun hiji batu sesentugan, hiji cadas tatajongan. Tapi sing saha anu percaya ka Anjeunna, pinasti moal hanjakal.’ Urang Israil mah, titajong kana eta batu (Al Masih) teh.

will be added

X\