RUM 8

1Ku sabab eta, pikeun anu geus manunggal jeung Isa Al Masih mah, hukuman teh geus teu aya. 2Sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa, anu mateni tea; geus dibebaskeun ku Ruh anu nungtun kana alam hirup dina kamanunggalan jeung Al Masih. 3Sabab hal anu teu bisa dilaksanakeun ku hukum Toret, — dumeh perwatek manusa mah teu daya teu upaya — enggeus dicumponan ku Allah, nya eta ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, Isa Al Masih. Eta Putra-Na teh, sumping-Na, nganggo kaayaan anu sarua jeung perwatek manusa anu kabawah ku dosa sarta ngajadi kurban pikeun dosa; geus kitu, dosa anu tumerap dina perwatek manusa teh dihukum. 4Ku jalan kitu, hukum Toret teh bisa jalan dina hirup urang; lantaran urang geus henteu kapurba deui ku napsu badani, tapi nurut kana pangersa Ruh Allah. 5Hirup nurutkeun napsu badani, mikirna oge nurutkeun karepna; tapi hirup nurutkeun Ruh, mikirna oge kana hal-hal anu rohani. 6Pangajak badani balukarna ajal maot, pangajak Ruh nungtun kana alam hirup anu jamuga. 7Pangajak badani ngamusuh ka Allah lantaran embung tunduk kana hukum-Na, ongkoh pamohalan daekeun tunduk. 8Hirup ngawula kana pangajak badani mah, mustahil sapagodos jeung manah Allah. 9Sabalikna, lamun aranjeun kaancikan ku Ruh Allah, mustahil beunang kaperuhkeun ku pangajak badani; anu diturut teh tangtu pangajak Ruh. Anu henteu kaancikan ku Ruh Al Masih, tangtu lain kagungana-Na. 10Upama Al Masih ngancik dina hirup aranjeun, jasad anu pinuh ku dosa teh memang pipaeheun; tapi rohna mah, hirup-hurip lantaran geus diangken ku Allah. 11Upama Ruh anu geus ngahirupkeun Isa Al Masih ti nu maraot tea ngancik dina hirup aranjeun, tangtu baris ngahirupkeun deui jasad aranjeun anu sipatna teu lana tea. 12Ku sabab eta, dulur-dulur, urang teh geus kahutangan; nya tapi lain ku nu sipat badani, anu kahayangna kudu bae diturut tea. 13Kapan hirup nurutkeun badani mah, temahna teh paeh. Jadi, kahutangan teh ku Ruh, anu maehkeun jasad nu pinuh ku dosa sarta anu nungtun kana sajatining hirup. 14Kabeh jalma anu nurut kana panuyun Ruh Allah, jadi putra-putra Allah. 15Hartina: Bebas tina perbudakan anu pinuh ku kasieun, dumeh geus nampa Ruh anu ngalantarankeun urang jadi putra-putra Allah tur laluasa nyebut ‘Abba, Ama,’ ka Allah. 16Ruh teh ngayakinkeun hate urang, yen urang teh memang putra-putra Allah. 17Ku sabab urang teh putra-putra-Na, tangtu oge jadi ahli-ahli waris-Na. Urang boga hak narima sakur anu ku Mantenna dijangjikeun, sakumaha ka Al Masih. Upama urang geus milu sangsara jeung Al Masih, supaya urang oge dimulyakeun jeung Anjeunna. 18Simkuring boga kayakinan, yen kasangsaraan ayeuna teh dibanding jeung agungna kamulyaan anu ku Allah baris dipaparinkeun mah, meh taya hartina. 19Ayeuna sakumna mahluk pohara nyongsrongna, kumejot ngarep-ngarep kana wanci diembarkeunana saha anu kaasup putra-putra Allah. 20Sababna mahluk taluk ka nu sarwa mubadir teh, lain ku karepna sorangan, tapi ku kersaning Mantenna Anu geus nalukkeunana. Tapi sajeroning kitu, ku Mantenna dipaparin hiji pangharepan, 21yen mahluk teh baris dibebaskeun tina genggeman kabinasaan sarta ginanjar kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah. 22Geus teu matak bireuk deui, yen nepi ka kiwari kabeh mahluk nu kumelip nandangan kanyeri, lir kanyeri nu ngajuru. 23Lain batur bae anu kitu teh, urang oge anu geus ti heula ginanjar Ruh, sarua rumahuh jeroning kalbu; eta teh bawaning kumejot ngarep-ngarep hak kaputraan tea, nya eta leupasna badan urang tina kabinasaan tea. 24Pangna urang salamet teh lantaran boga pangharepan eta. Tapi inget, ari pangharepan teh, nya eta hiji hal anu can bukti. Ari geus breh buktina mah, atuh naon deui anu rek diarep-arep? 25Ku sabab anu diarep-arep can ngabukti, urang teh kudu sabar tawekal. 26Dina keur lemah, urang teh dideudeul ku Ruh tea. Sabab urang mah teu terang, kudu kumaha neneda teh; nya Ruh tea anu mangnedakeun urang ka Allah teh: Nepikeun kereteg-kereteg hate anu henteu kakedalkeun ku urang. 27Allah anu tingali kana usiking ati sanubari urang uninga, yen anu dipangnedakeun ku Ruh teh, nya eta jalma-jalma anu disebut suci, anu sapagodos jeung pangersa-Na. 28Jadi, sing sakur anu ngesto ka Allah, nya eta anu geus disalaur saluyu jeung pangersa-Na, ku Mantenna oge dibantu dina sagala perkarana supaya hade temahna. 29Sabab sakabeh jalma anu memang geus kapilih mah, ti barang mimiti keneh, ku Mantenna geus ditangtukeun baris jadi saharkat jeung Putra-Na sarta Putra-Na tea diangkat jadi dulur cikal maranehna. 30Sakur anu geus ditangtukeun kitu, baris disalaur dina waktuna. Sakur anu disalaur, tangtu ku Mantenna diangken bener. Sakur nu diangken bener, tangtu dipaparin kamulyaan. 31Ku kituna, urang teh rek ngucap naon deui? Lamun Allah di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang? 32Mantenna geus sakitu iklasna nyerenkeun Putra ku manten guna urang; ku sabab eta, sagala-galana oge, ku Mantenna moal teu dipaparinkeun ka urang. 33Saha anu bisa ngagugat-gugat jalma-jalma anu geus dipilih ku Allah, anu ku Mantenna geus diangken bener? 34Saha nu wenang ngahukum ka maranehna? Anging Al Masih nyalira! Tapi papadaning kitu, Anjeunna malah nepi kapupus enggoning ngabelaan urang. Gugah-Na deui oge, pikeun urang. Anjeunna linggih di tengeneun Allah ge, pikeun ngabelaan urang. 35Saha nu bisa megatkeun urang tina asihna Al Masih? Kasangsaraan atawa panganiayaan, naha bisaeun megatkeun? Hal tuna sandang tuna pangan, naha bisaeun megatkeun? Bahaya atawa kakuatan pakarang bisaeun misahkeun? 36Memang geus aya tulisanana dina Kitab: ‘Ku margi anut ka Gusti, saban-saban dinten abdi-abdi diriung ku bahya pati, disamikeun sareng domba peunciteun.’ 37Najan kitu, hamo! Sabab sajeroning kitu, urang teh geus leuwih ti unggul ku karana Anjeunna anu sakitu asih-Na ka urang. 38Simkuring estu yakin, boh kawasa pati, boh hirup, boh malaikat-malaikat, boh pamarentahan-pamarentahan, boh nu kiwari boh nu bakal datang, 39boh kakawasaan nu ti luhur atawa anu ti handap, boh mahluk-mahluk lianna, pamohalan aya anu bisa megatkeun urang tina asihing Allah anu ngancik di Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

will be added

X\