RUM 6

1Kumaha sikep urang? Arek jongjon migawe dosa malar sih kurnia Allah beuki rosa? 2Salah kitu mah! Urang anu geus paeh pikeun dosa, mustahil bisa keneh hirup dina dosa! 3Sageuy geus paroho, yen urang sakabeh geus dibaptiskeun ka salira Al Masih; ku kituna, urang teh, dina hakekatna mah geus milu maot babarengan jeung Anjeunna. 4Ku lantaran geus dibaptis, urang teh geus milu paeh sarta dimakamkeun bareng jeung Anjeunna; malar bisa asup ka alam hirup anu anyar, sakumaha Al Masih oge ku kawasa Rama geus dihirupkeun deui ti nu maraot. 5Sabab lamun urang geus satunggal jeung Anjeunna dina pupus-Na, tangtu oge baris satunggal dina gugah-Na. 6Tegesna, kamanusaan urang anu heubeul teh, geus disalib bareng jeung Anjeunna, supaya diuculkeun tina panyerek dosa; 7sabab ari urang geus maot mah, moal teurak ku dosa. 8Ku sabab eta, lamun urang geus tunggal maot jeung Al Masih, tangtu oge bakal tunggal hirup deui jeung Anjeunna. 9Sabab sanggeus Al Masih gugah ti nu maraot, Anjeunna henteu nyorang deui pupus lantaran geus teu bisa kapurba deui ku kakawasaan maot. 10Sakali Anjeunna pupus, geus cukup keur ngamusnakeun dosa salalawasna; ari hirup-Na nu anyar mah ngan kanggo Allah. 11Jadi, kudu kieu mandangna: Urang geus maot pikeun dosa. Ku lantaran satunggal jeung Isa Al Masih, urang geus dipaparin hirup nu anyar sanggakeuneun ka Allah. 12Ku sabab eta, badan urang anu sipatna teu langgeng teh, ulah nepi ka sina kapurba deui ku dosa katut panggodana. 13Anggahota-anggahota badan urang oge, ulah dibikeun jadi pakakasna dosa. Malah sanggakeun diri urang, — anu tadina geus aya di alam maot — ka Allah; sabab ayeuna mah, geus aya deui di alam hirup. Sakujur awak urang oge pasrahkeun ka Anjeunna, jadikeun pakarang kayaktian Pangeran. 14Sabab dosa teh, kiwari mah, geus lain dunungan urang deui. Lantaran urang geus henteu diparentah ku Toret, tapi aya dina panangtayungan sih kurnia Allah. 15Naha pedah urang teh geus diereh ku sih kurnia, lain ku hukum Toret deui, arek terus migawe kadorakaan? Sing eling! 16Sageuy teu terang, yen samangsa-mangsa urang masrahkeun diri kana hiji kawasa bari ulun kumawula ka dinya, saenyana urang teh geus ngabdikeun diri: Boh kana kawasa dosa anu ngabalukarkeun maot; boh kana kawasa Allah anu nungtun kana kasaestuan. 17Puji jeung sukur ka lenggah Allah! Memang, bareto mah urang teh badegana dosa; tapi kiwari mah, buleud nurut kana piwuruk anu enggeus katarima, 18geus dibebaskeun tina dosa, sarta jadi kawulaning kasaestuan. ( 19Simkuring ngomong kieu teh make alam pikiran sapopoe bae, supaya gampang kaharti). Tadina, anggahota-anggahota badan aranjeun teh sina kumawula kana rereged jeung hirup rucah, nu matak jadi nambahan doraka. Ayeuna mah, sakujur badan teh kudu dipake ngabdi kana hal anu pibenereun, supaya jadi suci. 20Sabab waktu aranjeun dijajah ku dosa, aranjeun teh lesot tina bebeneran. 21Naon hasilna nu geus kapetik? Estu matak muringhak nginget-ngingetna oge; sabab nu kapetik teh, taya lian, iwal ti maot! 22Tapi ayeuna, sanggeusna ngabakti ka Allah aranjeun bebas tina dosa sarta metik hal anu suci, hiji jalan anu brasna kana hirup anu langgeng. 23Sabab upahna dosa teh, Maot; sabalikna, berkahna sih kurnia mah, hirup langgeng jeung Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

will be added

X\