RUM 4

1Ari ka Ibrahim, nu dina sareatna jadi pupuhu karuhun urang, kumaha larapna sual iman teh? 2Kieu: Upama anjeunna diangken benerna teh ku sabab hade lampahna, arek agul oge pantes. Tapi pamohalan, anjeunna ngagulkeun anjeun ka Pangeran. 3Cek Kitab oge kumaha? Cek Kitab: ‘Ibrahim percaya ka Pangeran sarta eta kapercayaanana ku Pangeran dietang jadi bebeneranana.’ 4Buruhan anu katampa ku nu digawe, memang geus hakna, lain hadiah. 5Tapi upama aya jalma anu geus nampa panghampura, lain tina hasil pagaweanana; jadi, muklis ku lantaran manehna percaya ka Anu baris ngahampurana. Eta anu katampana teh, estu sih kurnia. Sabab anu jadi dasar teh, kapercayaan manehna, lain dibalitungkeun jeung pagaweanana. 6Tah ieu anu matak bagja mah, nya eta diangken bener tina iman, lain tina lampah. Sakumaha saur Daud: 7‘Bagja jamuga jalma anu dihampura kadorakaanana, anu dipupus dosana. 8Estu bagja jelema anu kaluluputanana henteu dibalitungkeun ku Pangeran.’ 9Naha ieu hal bagja teh ngan keur jelema anu disunat wungkul? Atawa oge keur nu teu disunat? Ieu pertanyaan dumeh aya katerangan, yen Ibrahim diangken bener ku karana imanna tea. 10Harita kumaha, — basa hal eta dinyatakeun ka Ibrahim — anjeunna geus disunat? Acan, acan disunat. 11Kengingna tanda sunat mah, pandeuri, nya eta pikeun tanda cap kasaestuanana, demi imanna ti memeh anjeunna disunat. Tumali jeung eta, anjeunna teh geus jadi bapa pikeun sakumna jalma iman najan teu disunat, nya eta anu diangken bener ku karana iman. 12Oge jadi bapa sakumna umat sunat anu lain ngan ukur disunat wungkul, tapi lakuning hirupna ge kudu sakumaha Ibrahim, pupuhu karuhun urang, anu geus iman ka Pangeran ti samemehna disunat. 13Jangji Allah, yen Ibrahim katut turunan-turunanana baris diwaris jagat teh, lain ku sabab anjeunna ngalakonan hukum Toret; tapi ku sabab boga iman, anu ngalantarankeun lampahna jadi bener. 14Sabab upama hal anu dijangjikeun ku Allah teh bisa katampa ku ngalakonan hukum Toret, iman teh, atuh cumah bae; tur jangji tea oge, taya eusina. 15Sabab Toret mah, ngandung ancaman. Memang, lamun Toret tea henteu aya, palanggaran oge moal aya. 16Ku sabab eta, tetela, yen lampah bener anu dumasar kana iman teh geus nimbulkeun sih kurnia. Ku kituna, jangji Allah ka Ibrahim saturunanana teh, lain ngan pikeun anu boga Toret bae; tapi oge pikeun anu boga iman, kawas Ibrahim. Jadi, tetela, Ibrahim teh karuhun sarerea. 17Sakumaha cek Kitab: ‘Maneh ku Kami diangkat jadi bapa pirang-pirang bangsa.’ Ku kituna, Ibrahim teh, jadi bapa sarerea. Mungguh kanggo Allah mah, Allah anu ku anjeunna dipercaya, anu iasa ngahirupkeun anu maot, anu ku lantaran pangandika-Na iasa ngajadikeun nu can aya jadi aya. 18Sanajan harita mah, jangji tea, acan aya buktina; tapi pangharepan Ibrahim teu kalis ku kitu. Anjeunna yakin, yen moal mencog deui tangtu bakal jadi bapa pirang-pirang bangsa teh. Cek Kitab Suci: Kitu reuayna katurunan maneh engke. 19Najan ngemutkeun kana yuswana anu geus saratus taun; tanagana ge, geus suda kabina-bina; turug-turug Sarah oge geus taya bahan kana bisa ngandung; 20kapercayaanana kana eta jangji Allah, teu galideur. Malah beuki pageuh bae, dibarung ku mumuji ka Mantenna. 21Tetep manteng tur yakin, yen Allah kawasa ngalaksanakeun jangji-Na. 22Eta sababna, anjeunna diangken bener. 23Kecap ‘anjeunna diangken bener,’ lain ngan ka Ibrahim wungkul, 24tapi oge pikeun urang. Sabab urang oge ku Allah diangken kitu, tegesna urang anu percaya ka Anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, ti nu maraot; 25Isa teh, geus dikurbankeun ku karana dosa urang; tapi Anjeunna ge geus digugahkeun deui, supaya urang bisa diangken jelema bener ku Allah.

will be added

X\