RUM 15

1Anu kuat imanna, wajib ngadeudeul ka anu kurang kuat, ulah genah-genah sorangan bae. 2Kamampuhan urang masing-masing kudu dimangpa'atkeun pikeun batur, supaya imanna dikuatkeun. 3Kapan Al Masih oge tara mentingkeun salira ku anjeun, sakumaha cek Kitab: ‘Pamoyokna jalma-jalma ka maraneh, keunana ka Kami.’ 4Sabab anu ditulis baheula teh, maksudna, keur pepeling ka urang kiwari. Upama dibaca, eta Kitab Suci teh, bisa nguatkeun pangharepan urang ku lantaran pangajaranana tea, nya eta ngeunaan katawekalan jeung panglipur. 5Mugia Allah anu jadi sumber kapengkuhan jeung lautan panglipur, marengkeun aranjeun runtut-raut sauyunan, — luyu jeung pangersa Isa Al Masih — 6supaya aranjeun bisa ragem, sasora sabiwir, ngamulyakeun ka Allah nu jadi Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 7Ku sabab eta kudu silih tembrakeun hate, sakumaha Al Masih oge geus nembrakkeun manah-Na ka aranjeun, supaya jadi kamulyaan ka Allah. 8Nu dimaksud ku simkuring tegesna kieu: Pikeun ngabuktikeun kasaestuan Allah, Isa Al Masih teh geus kumawula ka bangsa anu disunat, pikeun ngayakinkeun eta bangsa tina hal perjangjian Allah ka karuhun-karuhunna. 9Jaba ti eta, supaya bangsa-bangsa lianna oge ngamulyakeun Allah, anu sakitu welas asih-Na ka maranehna. Cek Kitab: ‘Abdi sumeja ngagung-ngagung Anjeun di kalangan bangsa-bangsa lian. Pajenengan Gusti sumeja dipuji-puji.’ 10Saterusna: ‘He bangsa-bangsa, masing suka bungah, babarengan jeung umat Mantenna!’ 11Saterusna deui: ‘He bangsa-bangsa kabeh, paruji Pangeran! Sakabeh umat mangka ngamulyakeun ka Mantenna.’ 12Terus saur Nabi Yesaya: ‘Tina bongkot Isai, engke bijil hiji seuweu, baris ngereh bangsa-bangsa, sarta jadi pangharepan pikeun bangsa-bangsa lian.’ 13Mugia iman aranjeun ginanjar kabagjaan jeung katengtreman ti Allah, supaya ku kawasaning Ruh Allah pangharepan aranjeun tambah manteng jeung tambah manteng bae. 14Dulur-dulur! Saenyana simkuring percaya, yen aranjeun teh geus kaancikan ku watek-watek anu hade, asak pangalaman, tur sanggup silih geuing. 15Hanas kitu, simkuring teh, ngawani-wanikeun maneh nyuratan ka aranjeun. Lantaran kajurung ku karumasaan yen, simkuring geus dikersakeun ku Gusti jadi rasul jeung awahing ku keyeng hayang ngingetan. 16Bubuhanana simkuring teh dikersakeun jadi rasul anu kudu ngawawarkeun Injil ti Allah ka bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi. Maksud simkuring mah, ngan seja nyanggakeun bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi tea ka pangkon Allah, sanggeus maranehna disucikeun ku Ruh Allah. 17Enggoning ngawula ka Allah ku kersaning Al Masih, simkuring teh asa agul. 18Ari nyaritakeun nu sejen-sejen mah, simkuring teh, teu wani. Nyaritakeun soteh nu kaalaman ku sorangan, perkara padamelan Anjeunna anu dipercayakeun ka simkuring, nya eta nungtun anut bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi tea. Eta ku simkuring parantos dilakonan boh ku ucap, boh ku lampah, 19sarta ku tanda-tanda ajaib, mujijat-mujijat, jeung pangawasaning Ruh Allah. Simkuring ngawawarkeun Injil Kasalametan teh, estu nepi ka tutugna: Mimiti ti Yerusalem jeung sakurilingeunana, tug nepi ka Ilirikum. 20Ngawawarkeunana ge ka tempat-tempat anu sama sakali can ngadenge jenengan Al Masih. Atuh simkuring teh, pohara ngarasa agulna lantaran tetela, ngawangun teh di tempat anu sama sakali can aya tapak batur. 21Eta teh saluyu jeung tulisan dina Kitab Suci: ‘Jelema-jelema anu tadina can kasumpingan, malah eta nu baris diparengkeun narenjo ka Anjeunna. Anu tadina can kawawaran, malah eta nu baris diparengkeun ngadarenge jeung ngalarti kana hal eta.’ 22Tah kitu sababna, nu matak unggal rek ngalongok ka aranjeun, aya bae halanganana. 23Tapi ayeuna mah, pagawean di dieu teh geus teu perlu ditungkulan deui. Jaba ti kitu, ongkoh geus mangtaun-taun simkuring hayang nepungan aranjeun. Atuh pohara kumejotna. 24Mudah-mudahan engke, ari rek ka tanah Sepanyol, simkuring bisa nyimpang heula ka aranjeun. Kahayang mah, sanggeus urang sosonoan, hayang dianteurkeun ku aranjeun ka ditu, ka Sepanyol tea. 25Ayeuna simkuring teh keur di jalan rek ka Yerusalem, mawa kiriman keur ka jamaah di dinya. 26Nya eta kikiriman ti urang Makedoni jeung Ahaya, sidekahna beunang maranehna iuran, sumbangkeuneun ka anggota-anggota jamaah anu mariskin di Yerusalem. 27Maranehna teh ngarasa wajib; nya kitu itung-itung mulang tarima, dumeh ngarasa kahutangan budi ku urang Yerusalem. Maranehna nu lain urang Yahudi, rumasa geus ngabogaan harta anu sipat rohani ti urang Yahudi. Jadi, ngarasa wajib ngabantu ku harta anu sipat jasmani. 28Di mana ieu urusan masrahkeun eta sumbangan ti bangsa-bangsa sejen geus beres dilakonanana ku simkuring, simkuring rek terus ka Sepanyol sarta tangtu nyimpang ka aranjeun. 29Simkuring yakin datang ka aranjeun teh baris rebo ku berkah-berkah ti Al Masih. 30Sajeroning kitu, dulur-dulur, — demi Isa Al Masih sarta demi kanyaah anu asal ti Ruh Allah — simkuring teh menta dibantu dipangnedakeun ka Allah. 31Mugi-mugi simkuring ulah kungsi meunang gangguan naon-naon ti jelema-jelema anu marantangul di Yudea; kitu deui jeung tugas simkuring nepikeun kikiriman, bisa lungsur-langsar katarima sakumaha mistina ku umat-umat suci di Yerusalem. 32Supaya di mana geus diparengkeun ku Allah bisa tepung jeung aranjeun teh, urang masing-masing bisa sosonoan kalawan senang jeung gumbira. 33Mugi-mugi Allah, anu jadi sumber kabagjaan, nyarengan ka aranjeun.

will be added

X\