RUM 12

1Ku sabab kitu, dulur-dulur, demi Allah nu murah asih, simkuring rek mere pepeling. Sanggakeun ka Mantenna diri sakujur, nya eta pikeun jadi korban anu hirup, suci tina rereged, sarta kamanah ku Mantenna. Eta teh, lakuning ibadah ka Allah anu sajati. 2Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya anu ilahar; enyana mah, anyarkeun batin pikeun ngarobah hirup, supaya terang ka anu jadi pangersa Allah, nya eta nyaho mana nu hade tur sampurna anu sapuk jeung pangersa-Na. 3Simkuring anu geus nampa sih kurnia-Na, arek papatah ka aranjeun masing-masing. Ulah rek mikiran nu lain-lain nu pamohalan; hadena mah, anu baris kabedag bae, anu saimbang kana kamampuhan jeung iman kurnia ti Allah. 4Tilik bae awak; anggahotana rupa-rupa; gunana oge beda-beda. 5Urang oge nya kitu: Lobaan tapi tunggal sabadan lantaran iman ka Al Masih sarta anggota pada anggota silih pikabutuh. 6Demi murah asih-Na Allah, urang masing-masing pada-pada meunang kurnia, tapi henteu sarua; da bakat urang ge, beda-beda. Ku sabab eta, anu dipaparin bakat mere piwejang, gunakeun eta bakat teh, asal saluyu jeung iman urang. 7Anu dipaparin bakat ngalalayanan, gunakeun kana ngalalayanan. Anu dipaparin bakat ngajar, gunakeun kana ngajar. 8Anu dipaparin bakat bisa mere nasehat, pake nganasehatan. Dina barang bere, merena kudu jeung iklas. Anu kudu mingpin, kudu mingpin bari jeung tanggung jawabna. Anu seja mere pitulung, nulungna kudu bari bear budi. 9Ulah nyaah pupulasan! Dosa kudu dilawan, nu hade lampahkeun. 10Aranjeun kudu silih raketan, lir jeung dulur sorangan, jeung kudu paheula-heula ngajenan. 11Enggoning lakon gawe nu karana Allah, aranjeun ulah melencing, tapi sing saregep jeung sumanget. 12Enggoning mantengkeun harepan ka Al Masih teh kudu jeung ngarasa bagja, sing sabar tawekal dina nandangan cocoba, jeung ulah petot-petot neneda. 13Dulur saiman anu keur kakurangan kudu dideudeul, mun kasemahan kudu daek kapondokan. 14Ka nu nganyerikeun ulah males nganyenyeri, anggur doakeun sing hade-hade. 15Ka nu meunang kabungahan kudu milu bungah; ka nu kasusahan kudu milu susah. 16Jeung pada batur kudu akur sauyunan. Dina mikir ulah mikiran nu pamohalan, sing salayakna bae. Poma, ulah asa pinter sorangan. 17Nu jahat ulah dibales jahat; ulah teu payaan ku sikep batur. 18Sabisa-bisa urang mah, ka itu ka ieu oge, kudu repeh kudu rapih. 19Weu, dulur-dulur kadeudeuh! Poma, urang mah ulah hayang ngabales. Sual wawales mah kagungan Allah. Cek Kitab Suci oge: ‘Hak wawales aya di Kami. Kami nu wajib ngabales.’ Kitu dawuhan Pangeran. 20Maneh mah, mun musuh lapar, bere dahar; mun musuh halabhab, bere nginum! Ku dikitukeun teh, si musuh moal teu asa nyunyuhun ruhak. 21Poma, ulah kaelehkeun ku sipat jahat; tapi elehkeun eta sipat jahat teh, ku sipat nu hade.

will be added

X\