RUM 11

1Ieu teh nimbulkeun pertanyaan: Na geus dipiceun kabeh eta umat teh ku Pangeran? Piraku! Kapan simkuring oge urang Israil, turunan Ibrahim ti Kaom Binyamin. 2Moal enya Allah miceun ka umat-Na, kenging-Na ku manten milih! Cek Kitab, basa Elias rumahuh ka Allah ngadukeun urang Israil: 3‘Nun Pangeran, maranehna teh parantos maraehan nabi-nabi Gusti. Mezbah-mezbah Gusti ge, ku maranehna diruntuh-runtuhkeun. Mung kantun abdi nu masih hirup, nanging abdi ge diarah-arah pati.’ 4Kumaha waleran Allah? ‘Aya keneh pikeun Kami. Ku Kami dikarikeun tujuh rebu urang deui anu henteu marilu sembah sujud ka arca Baal.’ 5Nya kitu kiwari oge, aya keneh saeutik anu nyesa, lantaran aya piwelas Allah. 6Disesakeun soteh, ku lantaran aya sih kurnia, lain pedah bener kalakuanana. Ari ngukur kana kalakuanana mah, atuh lain oge sih kurnia. 7Jadi, kumaha cindekna? Kieu: Urang Israil teh henteu kabeh bisa ngahontal udaganana, ngan anu kapilih bae. Nu sejen-sejenna mah geus naleugtreug. 8Cek Kitab: ‘Maranehna ku Allah disina talibra. Matana sina teu arawas, ceulina sina norek, tug nepi ka kiwari.’ 9Oge saur Daud: ‘Sukan-sukanna sing jadi jiret jeung burang, jadi mamala katut wawales ka maranehna keneh. 10Panonna sina kalampud ulah sina awas, tonggongna sing barengkung balas nanggung.’ 11Simkuring sok mikir kieu: Naha pedah maranehna geus lalabuh teh ngandung harti moal bisa marenyat deui? Henteu, lain kitu! Eta mah, lalabuh soteh, pedah ngalalawan. Eta sababna, kasalametan teh diragragkeun ka bangsa-bangsa lian; maksudna, pikeun mapanas maranehna, bangsa Israil tea. 12Kagagalan maranehna, geus matak jadi bagja ka saalam dunya sarta kakuranganana, matak jembar ka bangsa-bangsa sejen; geus komo deui lamun maranehna satia mah. 13Hal ieu diwakcakeun ka aranjeun nu lain bangsa Yahudi. Malah ku sabab simkuring teh rasul pikeun nu luareun bangsa Yahudi, ku ngawakcakeun eta hal teh, tugas karasulan simkuring jadi karasa mulyana. 14Mudah-mudahan ku jalan kitu bangsa simkuring hatena bisa kageuing sarta tarobat; malakmandar ku kitu teh, aya anu bisa kasalametkeun. 15Sabab upama dipiceunna eta bangsa geus ngalantarankeun bangsa-bangsa luareunana salamet, komo lamun maranehna ditarima deui; naon pibasaeunana, lian ti lir nu geus paeh hirup deui? 16Ibarat roti, lamun bibitna beresih, rotina oge beresih. Atawa lamun akarna mulus, dahan-dahanna oge tangtu mulus. 17Ku sabab eta, lamun dahan-dahan tina tangkal jetun piaraan, aya anu ditilas; tuluy aranjeun, anu lir sirung tina tangkal jetun leuweung, dicangkokkeun kana urut dahan nu ditilas tea jeung milu nyeuseup kahakanan tina akarna, 18aranjeun ulah rasa maneh leuwih utama ti batan dahan anu ditilas tea. Upama nepi ka boga rasa kitu, mangka areling; lain aranjeun anu ngahuripan akar, tapi akar anu ngahuripan aranjeun. 19Bisa jadi cek aranjeun: ‘Nu matak eta dahan ditilas ge pikeun tempat aing sirungan.’ 20Lain, lain kitu! Nu matak maranehna ditilas teh, tina bonganna embung percaya. Sabalikna, aranjeun dicangkokkeun soteh lantaran daek percaya. Jadi, poma ulah rek nyombong, anggur kudu sieun! 21Sabab upama Allah teu lebar-lebar nilas dahan anu pituin, ka aranjeun oge moal ngaraos lebar nilas. 22Ku sabab eta, mangka tigin kana welas asih-Na; kitu deui, kana sipat Mantenna anu keras. Keras soteh, ka nu baredegong. Upama aranjeun tigin mah, welas asih-Na tangtu karasa. Lamun teu tigin, aranjeun oge moal teu ditilas. 23Tapi maranehna oge, ari geus tarobat mah tina kateupercayaanana, tinangtu dipulihkeun; da Allah mah, kawasa nyangkokeunana deui. 24Sabab upama aranjeun, anu tadina saibarat sirung tina tangkal jetun leuweung, geus dicangkokkeun kana jetun piaraan sanajan beda sipat beda bakat; komo deui maranehna, nu asalna oge sasipat, tangtu baris dipulihkeun deui kana tangkal asalna. 25Dulur-dulur! Simkuring ngaharep, supaya aranjeun ulah ngarasa guminter. Ku sabab eta, simkuring rek mere ieu rasiah: Sabagian urang Israil geus naleugtreug. Kituna teh, ngan nepi ka mangsa jejegna bilangan anu disalaur ti bangsa-bangsa luareunana geus asup ka karajaan Allah. 26Upama eta geus kahontal, pinasti Israil baris disalametkeun, sakumaha cek Kitab Suci: ‘Ti Sion baris sumping Pambebas, sagala kadorakaan ti Yakub baris dieuweuhkeun. 27Ieu jadi jangji ti Kami ka maranehna, di mana dosa-dosana ku Kami geus dilubarkeun.’ 28Maranehna teh, ari ditilik ti pihak Injil mah, satru Allah. Ku lantaran hal eta, nu untung teh aranjeun, nu lain urang Yahudi. Tapi ku sabab tadina oge umat kapilih tur ngaraskeun ka karuhunna, tetep maranehna ku Allah dipikaasih. 29Sabab Allah mah, sakali miasih jeung mikurnia moal barobah deui. 30Aranjeun nu asal teu ngesto ka Mantenna, ayeuna malah ginanjar murah asih-Na; eta teh, balukar ti maranehna teu ngesto ka Allah. 31Kitu oge maranehna, tinangtu ngalaman sakumaha anu kaalaman ku aranjeun, — sanajan ayeuna maranehna teu ngesto ka Allah — nya eta baris pinarinan deui murah asih-Na. 32Sabab sakabeh manusa ku Allah geus dikerem di jero lingkungan kabasangkalan, supaya Mantenna iasa mintonkeun murah asih-Na ka sakabeh. 33Beu, pohara matak helokna ari kawijaksanaan jeung timbangan Allah! Putusana-Na henteu bisa kajugjugan, pangreka manah-Na henteu bisa kateuleuman! 34Ku kitu tea mah: ‘Saha nu awas kana mamanahan Pangeran? Saha nu geus kungsi nganasehatan ka Mantenna? 35Atawa saha anu geus kungsi ngahaturanan naon-naon, nepi ka Mantenna kedah mulangkeun? 36Sabab saniskara oge, asal ti Mantenna, kenging Mantenna, jeung kanggo Mantenna, salalanggengna. Amin.’

will be added

X\