RUM 10

1Dulur-dulur! Nurutkeun rasa katineung mah, malah ditedakeun pisan ka Pangeran, mugi-mugi maranehna teh pinarinan salamet. 2Da anu kasaksian ku simkuring oge, maranehna teh saregep ka Allah, ngan bae teu bener dina ngahartikeunana. 3Ku sabab teu nyarahoeun kana kasaestuan Allah, heug bae maranehna nyarieun bebeneran sorangan, tungtungna embung tunduk kana kasaestuan Allah. 4Padahal bukti palaksanaan Toret teh, nya Al Masih pisan. Sing saha anu percaya ka Anjeunna, tinangtu meunangkeun nu saestuna. 5Sabab ku Musa oge diserat kieu: ‘Jalma anu ngalakonan bebeneran anu aya dina Toret, tangtu ti dinya meunangkeun hirup.’ 6Ari bener ku karana iman teh nyoko dina kalimah ieu: ‘Ulah ngomong dina hate: Saha anu bisa ka Sawarga pikeun mawa Al Masih turun ka urang? 7Atawa: Saha nu bisa nurunan jurang pati pikeun ngahanjatkeun Al Masih ti nu maraot?’ 8Kumaha atuh? Kieu: ‘Rasiahna Pangandika deet bae, ngukir dina biwir, nete dina hate.’ Eta rasiah iman teh, anu diwawarkeun ku simkuring sakanca mitra. 9Sabab upama biwir ngaku, yen Isa teh Gusti Jungjunan tur percaya dina hate, yen Anjeunna ku Allah geus digugahkeun ti nu maraot, tanwande urang ginanjar salamet. 10Kapan percaya teh ku hate, ngalantarankeun urang diangken bener. Ari ngaku teh ku biwir, anu ngalantarankeun urang disalametkeun. 11Cek Kitab: ‘Sakur nu percaya ka Anjeunna, ku Anjeunna moal diangles.’ 12Sakur teh, hartina, sing saha bae kalawan teu dibeda-beda, taya urang Yahudi taya urang Yunani. Sabab Allah anu tunggal teh Allah nu disembah ku kabehan, lautan kurnia keur sakur anu sumambat ka Mantenna. 13Sabab sing saha anu sumambat ka pajenengan Pangeran, tinangtu disalametkeun. 14Tapi kumaha arek sumambat ka Mantenna, ari maranehna embung percaya ka Anjeunna? Kumaha arek percaya ka Anjeunna, ari henteu ngadenge? Kumaha arek ngadenge hal Anjeunna, ari teu aya anu ngabaran? 15Saha anu rek ngabaran, ari teu aya anu diutus? Cek Kitab: ‘Ku endah lengkahna jalma-jalma anu ngemban warta pikabungaheun!’ 16Tapi anu narima eta kabar pikabungaheun teh, henteu kabeh. Nepi ka Yesaya ngarahuh: ‘Nun Pangeran, saha anu daek nguping kana ieu pangwawaran?’ 17Padahal iman kapercayaan teh asalna tina ngadenge, ari anu kudu didengena, nya eta dawuhan Al Masih. 18Simkuring sok nanya dina hate, naha kitu maranehna teh can ngadarenge kana hal eta? Padahal simkuring terang maranehna teh enggeus ngadarenge, sabab: ‘Sorana parat ka saampar jagat, lisan-lisanna tepi ka satungtung bumi.’ 19Simkuring tumanya deui: Didarenge atawa henteu ku maranehna? Tapi piraku teu didarenge mah, sabab saur Musa: ‘Kami baris nimbulkeun sirik maneh ka jalma-jalma anu henteu kaasup umat, jeung nimbulkeun amarah maneh ka bangsa nu gejul keneh.’ 20Komo Yesaya mah, leuwih wani deui ngeceskeunana: ‘Kami geus ngahaja sina kapanggih ku jalma anu teu nariat neangan, sarta geus nembongan ka jalma-jalma anu tara maluruh hal Kami.’ 21Ari ngeunaan urang Israil mah, kieu saur anjeunna: ‘Sapoe jeput Kami teh nyodorkeun leungeun ka ieu bangsa anu wangkelang jeung tukang ngabantah.’

will be added

X\