RUM 1

1Ieu surat ti simkuring, Paulus, — abdina Isa Al Masih, anu ku Anjeunna diangkat jadi rasul teh, nya eta pikeun nguarkeun Injil Allah. 2Eta Injil ti baheula keneh geus dijangjikeun ku Allah, diserat dina Kitab Suci ku nabi-nabi-Na. 3Eusina, nyaturkeun hal ihwal Putra-Na tea, anu mungguhing jasmanina mah lahir ti turunan Daud. 4Tapi mungguhing rohani mah, Anjeunna teh Putra Allah nu kawasa, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Hal ieu nyata, ku gugahna Anjeunna ti nu maraot. 5Anjeunna anu ngersakeun simkuring jeung batur-batur jadi rasul, nya eta pikeun mawa sagala bangsa, supaya palercaya jeung tigin ka pajenengana-Na. 6Aranjeun ge teu kaiwalkeun, milik Al Masih keneh nu pada-pada disaur, 7dumateng sakumna dulur-dulur, — anu beunang nyaur, beunang nyucikeun, tur anu diasih ku Allah — anu marukim di nagara Rum. Hatur salam ka sadayana, mugi-mugi aranjeun ginanjar kurnia ti Allah, Rama urang tea, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 8Ti payun simkuring matur puji sukur ka Gusti Allah demi Isa Al Masih, rehna nguping yen iman aranjeun geus kaceluk ka jauhna. 9Demi Allah anu ku simkuring disembah dibakti enggoning ngemban Injil ngeunaan Putra-Na, yen sajeroning neneda, hate mah teu weleh cumantel ka aranjeun. 10Dina paneda tara towong nya nyuhunkeun, mugi-mugi Anjeunna kersa marengkeun simkuring bisa patepung jeung aranjeun. 11Pohara hayangna nepungan aranjeun teh, bari hayang mawakeun pangdeudeul eusining batin; 12malakmandar, ku kitu teh, simkuring oge beuki pangger. Jadi, urang silih kuatkeun iman. 13Geus lila simkuring hayang nepungan teh, dulur-dulur! Simkuring hayang nyaho buah-buah rohani anu aya di antara aranjeun, nya kawas anu kaalaman di kalangan sejen nu sarua lain bangsa Yahudi. Tapi saban-saban, sok aya bae halanganana. 14Boh ka urang Yunani, boh ka nu lain, boh ka nu terpelajar, boh kanu henteu, simkuring teh kahutangan budi. 15Ku kituna ka aranjeun oge, anu marukim di Rum, simkuring teh mani kumejot hayang nguarkeun Injil. 16Simkuring moal rek era-era nguarkeun Injil teh, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani. Sabab Injil teh, pangawasa Allah pikeun nyalametkeun sing sakur anu percaya: Pikeun urang Yahudi mah pangheulana; geus kitu, kakara bangsa-bangsa sejenna. 17Dina Injil, nyata, yen Allah teh estu mikersa supaya manusa satia iman ka Mantenna, malar bisa diangken. Sabab ceuk Kitab Suci oge: ‘Jalma anu diangken ku Allah lantaran iman ka Mantenna, tinangtu dipaparin hirup.’ 18Ka jelema anu resep kana masiat jeung kadorakaan, anu ngidek-ngidek bebeneran ku kajahatan, bebendu Allah geus nompo ti sawarga. 19Sabab maranehna teh lain can nyaho kana hal-hal ka-Pangeranan, da ku Allah teh geus dibejaan. 20Kapan ti barang aya dunya oge, sipat-sipat Anjeunna, — sanajan teu bisa katenjo, upamana bae kakawasaana-Na anu langgeng — geus nyata tur tetela tina yasa dadamelana-Na, nepi ka maranehna teh taya pikeun ukal-ekol. 21Tapi sakitu maranehna nyaho, yen Allah teh aya; maranehna, keukeuh mungkiran Anjeunna; boro-boro daek muji nganuhunkeun kana padamelana-Na. Tangtu bae, ari kitu mah, sagala kalakuanana teh manjing kana sia-sia; hatena ge, beuki mintul jeung beuki poekkeun bae. 22Heug bae, maranehna dadaku pinter ge; padahal, maranehna teh, geus kabalinger. 23Kamulyaan Allah anu sipatna langgeng, diganti ku titironana-Na anu sipatna teu lana, nya eta arca jalma, arca manuk, jeung arca sato nu suku opat atawa anu ngarayap. 24Kulantaran maranehna geus teu malire ka Allah; jadi, ku Allah oge, maranehna teu dipalire; maranehna teh dilurkeun bae, kumaha karepna anu rarujit tea; malah mah, di antara maranehna teh nepi ka silih ngahinakeun dirina. 25Maranehna, nyokot bohong miceun kayaktian Allah. Tuluy maranehna nyembah ka mahluk dadamelan, lain ngabakti ka Anu midamelna. Padahal, anging Mantenna nu wajib disembah salalanggengna. Amin. 26Eta sababna, maranehna ku Allah diantep kaimpungan napsu teu jujur. Awewena ngalampahkeun sapatemon anu henteu munasabah; 27lalakina saruana, ngaleok kana birahi nu jorok, nya eta tepung sahwat jeung papada lalaki. Tangtu bae, pikeun maranehna, aya balukarna; temahna malindes ka diri, upah tina getering birahi nu rujit. 28Leuwih goreng deui, maranehna geus ngarasa teu perlu ngendahkeun ka Allah, dumeh ngarasa gagah jeung pinter. Ku sabab eta, ku Allah oge, maranehna dilurkeun. Pipikiranana, jadi mahiwal; laku lampahna, 29pinuh ku napsu teu patut: Jejel ku kadorakaan, sarakah, licik, dengki, wani maehan, resep pasea, cidra, jail, 30resep ngupat, mitenah, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung adiguna, pinter kana kagorengan, basangkal ka kolot, 31baid kana diajar, linca-linci, taya karunya, sarta taya hampura. 32Nyucudna pisan, sakitu nyaraho kana hukum Pangeran yen kalakuan-kalakuan kitu teh manjing kana hukum pati, tapi tonggoy bae dilalampahkeun. ku sabab maranehna sorangan kitu, mun aya nu kawas kitu deui teh, kacida panujueunana.

will be added

X\