IBS
Audio:
Drama
  • Drama
  • Non-Drama
Text Size

WAHYU 8 - Formal Sundanese Version, 1997 - Bible.is - SUNIBS

  1  Barang segel anu katujuh dibuka; jep, sawarga jempling kira-kira satengah jam lilana.   2  Geus kitu, tujuh malaikat anu narangtung payuneun Allah tea, dibagi tujuh sangkakala.   3  Datang deui hiji malaikat anu mawa parukuyan emas, tuluy eta malaikat nangtung deukeut hiji mezbah; seug, ka eta malaikat dibere dupa loba pisan, anu kudu dikukuskeun dina mezbah emas payuneun singgasana tea, bareng jeung paneda jelema-jelema anu aribadah.   4  Haseup tina parukuyan ngelun, nyambuang bareng jeung paneda jelema-jelema nu aribadah, kahaturkeun ka lenggah Allah.   5  Ari parukuyan tea, ku eta malaikat, dieusian ruhak tina mezbah, terus diawurkeun ka bumi; tuluy bae disusul ku gelap tingbeledag, tinggulugur, jeung dibarengan ku kilat; jaba ti eta, bumi ge, inggeung ku lini.   6  Tujuh malaikat nu nyarekel sangkakala geus sadia-sadia.   7  Malaikat nu kahiji, niup sangkakalana: Breg, aya hujan es campur seuneu jeung getih ditamplokkeun kana beungeut bumi. Sapertilu taneuh, sapertilu tatangkalan, jeung sapertilu jujukutan nu keur harejo kahuru.   8  Malaikat nu kadua, niup sangkakalana: Breh, aya nu siga gunung ngajungkiring, hurung ku seuneu, dikunclungkeun ka laut; sapertilu laut ngajadi lautan getih.   9  Sapertilu mahluk nu hirup di laut, kitu deui sapertilu kapal-kapal, beak musna.   10  Malaikat nu katilu, niup sangkakalana: Hiji bentang anu kabina-bina gedena nyuruwuk ti langit bari hurung ngagugudag; breg, eta bentang, ninggang kana sapertilu walungan-walungan jeung sumber-sumber cai lianna.   11  Ieu bentang, ngaranna Apsintos anu hartina, pait. Cai anu katinggang ku eta bentang, jadi pait teu bisa diinum; akibatna, loba manusa nu paeh.   12  Malaikat nu kaopat, niup sangkakalana: Eta sora sangkakalana ngahantem sapertilu panonpoe, sapertilu bulan, sapertilu bentang-bentang nepi ka sapertilu cahayana leungit. Jaba ti eta sapertiluna beurang ge, henteu kacaangan; kitu deui sapertiluna peuting.   13  Ari di langit, aya hiji galudra anu keur ngalayang, — kacida luhurna — bari disada; sorana gede jeung aya unina: “Balai! Balai! Balai pangeusi bumi, upama tilu sangkakala malaikat sejenna deui enggeus ditiup!”