WAHYU 6

1Ti dinya, segel anu kahiji, ku Anak Domba dibuka. Mahluk anu kahiji, ti nu opat tea, ngucap tarik, lir sada gelap: “Ka dieu!” 2Torojol hiji kuda bodas. Nu tumpakna nyikep gondewa, tuluy dibere makuta. Geus kitu, bral manehna iang: Tandang tanggoh, layak pikeun unggul pupuh. 3Anak Domba muka segel nu kadua. Mahluk anu kadua, ngucap: “Ka dieu!” 4Torojol hiji kuda beureum. Nu tumpakna dibere pedang gede jeung dibere kawasa pikeun nyabut karuntutan ti bumi, supaya manusa silih paehan. 5Anak Domba muka segel nu katilu. Mahluk anu katilu, ngucap: “Ka dieu!” Torojol hiji kuda hideung. Nu tumpakna nyekel timbangan. 6Ti tengah mahluk nu opat bijil ucapan, ungelna: “Tarigu sataker saharga buruh sapoe, gandum tilu taker saharga buruh sapoe. Tapi anggur jeung minyak, ulah diruksak!” 7Anak Domba muka segel nu kaopat. Mahluk nu opat teh, bareng cumeluk: “Ka dieu!” 8Torojol hiji kuda hawuk. Nu tumpakna, ngaranna Ajal sarta diiring ku Hades, Alam Maot. Heug manehna dibere kawasa kana saparapat dunya, sina ngundeur nyawa ku perang, paceklik, pagebug, jeung ku sato-sato galak. 9Anak Domba muka segel nu kalima. Breh, ti kolong mezbah, bararijil nyawa-nyawa parasahid, anu diparaehan tina sabab nyangking jeung ngawawarkeun pangandika Allah. 10Tuluy nyawa parasahid teh sasambat, sorana mani ngageder: “Nun Sajatining Gusti Nu Suci! Sakumaha deui lamina Gusti ngantep, teu ngabales naur getih abdi-abdi ka anu ngarancik di bumi?” 11Maranehna dileler jubah bodas ngeplak, jeung ditimbalan sabar heula ngadago bari ngareureuh sakeudeung deui, nepi ka jangkepna katambahan ku dulur-dulurna sasama ngabdi, anu oge baris diparaehan cara maranehna. 12Anak Domba muka segel nu kagenep. Der, aya lini gede kabina-bina sarta panonpoe jadi hideung ngabelegbeg; bulan jadi beureum lir getih; 13:24-25, Luk. 21:25, Why. 11:13, 16:18* 13bentang-bentang murubut ragragan ka bumi, lir pepentilan anu digedag ku angin ribut; 14langit nyinglid jiga anu digulungkeun; gunung-gunung jeung nusa-nusa ngalaleser tina tempatna; 15bangsa manusa di bumi, raja-raja, gegeden-gegeden, jendral-jendral, nu baleunghar, nu garagah jeung nu lian-lianna, nu bubujang, nu merdika, masing-masing mararubus ka guha-guha jeung sela-sela cadas di gunung-gunung; 16maranehna sasambat ka gunung-gunung jeung cadas-cadas: “Kuring urugan, bunian ti soca Anu linggih dina singgasana, jeung ti Anak Domba anu keur bendu! 17Nya ayeuna waktuna aranjeunna nyieun wawales. Saha nu bisa tagen nyanghareupanana?”

will be added

X\