WAHYU 5

1Di tengeneun Anu linggih dina singgasana aya gulungan kitab; dua beulahanana pinuh ku aksara tur disegel ku tujuh segel. 2Hiji malaikat anu gagah cumeluk, sorana handaruan, “Saha anu layak mucat segel eta gulungan kitab?” 3Boh di sawarga, boh di bumi, kitu deui di handapeun bumi, horeng can aya sama sakali anu bisa muka segelna jeung ngilik eusina eta gulungan kitab. 4Ku lantaran taya pisan anu layak muka jeung ngilik eusina, segruk, simkuring ceurik bawaning ku nalangsa. 5Tapi dicombo ku sesepuh nu saurang, saurna, “Ulah nalangsa. Aya anu pibisaeun muka tujuh segelna jeung muka gulunganana, nya eta Singa ti kaom Yuda anu pinunjul, seuweu Daud.” 6Breh bae di tengah-tengah, hareupeun singgasana anu dikawal ku opat mahluk jeung sesepuh teh, aya Anak Domba anu jiga urut tapak dipeuncit. Tandukna, eta Anak Domba teh, aya tujuh; panonna ge kitu, aya tujuh; tah eta teh, roh-Na Allah anu tujuh tea, anu diutus ka sakuliah dunya. 7Tuluy eta Anak Domba teh maju, nampanan gulungan tea tina panangan Anu linggih dina singgasana. 8Geus kitu, opat mahluk jeung dua puluh opat sesepuh teh, sujud ka eta Anak Domba. Ari sesepuh anu dua puluh opat tea, nyarekel kacapi jeung pinggan emas anu dieusi ku barang seungit, nya eta paneda-paneda jalma-jalma saruci. 9Aranjeunna ngawihkeun hiji pupujian anyar: “Nya Salira anu layak nampina, sareng muka segel-segelna. Rehing Salira parantos ditandasa; getih Salira dianggo nebus manusa ti saban kaom, saban basa, saban bangsa, katut seler-seler bangsa pikeun diwangsulkeun ka Pangeranna. 10Sadayana dijadikeun hiji karajaan, dijadikeun imam-imam anu kumureb ka Allah nu disembah ku urang, anu baris nyakrawati di tonggong bumi.” 11Ti dinya, breh aya malaikat mangrebu-rebu jeung mangjuta-juta; eta malaikat-malaikat teh, narangtung ngabudeur singgasana, mahluk nu opat, jeung parasesepuh; 12breng pupujian, sorana ngageder: “Anak Domba nu geus ditelasan, layak nampi kakawasaan, kamuktian, kaluhungan, jeung kabedasan; enya eta Anak Domba teh layak nampi puji, kahormatan, sareng kamulyaan.” 13Kitu deui mahluk-mahluk nu di sawarga, nu di bumi, nu di handapeun bumi, jeung nu di laut, — cindekna sakabeh pangeusi jagat raya — kabeh parupujian, pokna: “Sanggakeun ka Mantenna, Anu linggih dina singgasana, jeung ka Anak Domba, Puji jeung bakti, kamulyaan jeung kakawasaan, salalanggengna!” 14Ditema ku mahluk anu opat: “Amin!” Brek, parasesepuh dareku.

will be added

X\