WAHYU 19

1Geus kitu, di sawarga aya sora mani ngageder, sora pupujian jalma loba, pokna: “Muji sukur ka Allah! Haturkeun ka Mantenna: Kawilujengan, kamulyaan jeung kakawasaan. 2Putusan Mantenna adil saestu. Indung palacuran, anu jahat ngaruksak buana, tur geus maehan abdi-abdi Mantenna, ayeuna enggeus dihukum. 3Muji sukur ka Allah! Nagarana geus dihuru, haseupna meledug salawasna. 4Dua puluh opat sesepuh jeung mahluk nu opat tea nyarembah ka Allah, anu linggih dina singgasana bari nyarebut: “Amin! Muji sukur ka Allah!” 5Tina singgasana bijil soara: “Sanggakeun puji ka Allah nu disembah ku urang, he sadaya abdi-Na anu gimir ka Mantenna, gede leutik!” 6Der sora ngageder deui, lir sada gumuruhna banjir sarta sadana gugur ngagulugur. Unina: “Muji sukur ka Allah! Pangeran, Allah nu disembah ku urang, Nu Murba Wisesa, jumeneng Raja. 7Hayu urang suka bungah sarta muji ka Mantenna. Sabab ayeuna, poe rendenganana anu ngagem gelar Anak Domba. Panganten istri geus didangdosan, 8sarta geus dipaparin sangkan nganggo lenen bodas lemes cahayaan.” [Lawon lenen bodas lambang kaibadahan umat Allah]. 9Malaikat tea sasauran ka simkuring, “Tulis: Estu bagja anu diondang kana ieu pesta rendengan Anu ngagem gelar Anak Domba!” Saurna deui, “Ieu teh saestuna dawuhan Allah!” 10Brek, simkuring deku seja nyembah ka anjeunna. Tapi saurna, “Ulah kitu! Kaula ge sarua, ngabdi keneh, — sasama andika sarta sasama dulur-dulur andika, nya eta sakur anu nyarekel pertelaan Isa — ngan Allah anu wajib disembah. Sabab pertelaan Isa teh, jadi sumber ilhamna nabi-nabi.” 11Geus kitu, simkuring ningal sawarga muka. Torojol hiji kuda bodas, ditunggangan ku Nu jenengan Satuhu-Saestu, anu adil dina tarung tur adil dina ngahukum. 12Socana moncorong, lir seuneu hurung; mastaka-Na nganggo makuta, rea pisan. Dina mastaka-Na aya tulisan hiji jenengan, taya nu wawuh lian ti Anjeunna. 13Panganggo-Na beunang nyelep ku getih; gelarana-Na: Pangandika Allah. 14Anjeunna diiring ku sawadya balad sawarga tararumpak kuda bodas, papakeanana lenen bodas ngeplak. 15Tina baham-Na bijil pedang seukeut kabina-bina, pikeun nyabetan sakabeh jelema anu teu dipiboga ku Allah. Jelema-jelema anu karitu, ku Anjeunna baris dikeprik ku iteuk beusi, digiring jeung digebruskeun kana pameresan, bak bebenduning Allah Anu Murba Wisesa. 16Dina jubah jeung pingping-Na aya gelaran anu unina: “Rajaning sagala raja, Gustining sakabeh gusti.” 17Breh deui, simkuring ningal hiji malaikat, nangtung dina panonpoe. Tuluy eta malaikat cumeluk ka manuk-manuk, anu keur halaliber di langit. Sorana handaruan: 18“Ka darieu kumpul kana pesta Allah! Loba hakaneun, daging raja-raja, daging jendral-jendral, daging prajurit-prajurit, daging kuda jeung nu tarumpakna, daging sakabeh jelema, daging jelema merdika, daging jelema nu kumawula, nu gede nu leutik!” 19Geus kitu, katembong sato tea; eta sato bareng jeung raja-raja saalam dunya katut sawadya baladna, geus ngahiji arek perang ngayonan Anu tunggang kuda bodas sawadya balad. 20Tapi sato teh kacerek, kitu deui nabina anu palsu, anu geus ngalantarankeun jelema salalasar daraek dicap ku eta sato jeung nyembah kana arcana. Duanana digubruskeun hirup-hirup kana lautan seuneu walirang anu hurung ngagedur. 21Ari anu lian-lianna paraeh disabetan ku pedang anu bijil tina baham Nu tunggang kuda bodas tea. Manuk-manuk sarareubeuh ku bangke-bangke.

will be added

X\