WAHYU 17

1Hiji ti antara tujuh malaikat anu nyarangking pinggan balai tea, nyampeurkeun ka simkuring, bari saurna: “Ka dieu! Urang nenjo hukuman anu baris dikeunakeun ka awewe ratuning palacuran, nya eta nagara gede anu di sisi walungan gede tea. 2Raja-raja sakuliah jagat, kabeh, geus lalacur jeung manehna. Jelema saalam dunya ge, geus marabok ku anggur palacuranana.” 3Geus kitu, lelembutan simkuring dibawa ku malaikat ka alas kikisik. Di dinya, aya hiji awewe keur diuk numpakan hiji sato anu beureum euceuy, anu pinuh ku tulisan ngaran-ngaran anu sipatna ngahina. Satona, huluna tujuh tandukna sapuluh. 4Warna papakean eta awewe, wungu jeung beureum euceuy, pinuh ku perhiasan emas, permata, jeung mutiara. Leungeunna nyekel mangkok emas, pinuh ku rereged kamasiatanana. 5Dina tarangna aya tulisan rasiah, anu pihartieunana: “Babul Raya, indung ungkluk, sarta bibit rurujiting bumi.” 6Manehna keur mabok ku getih umat Allah jeung ku getih jelema-jelema anu sumpah satia ka Al Masih. Simkuring ngarasa heran kabina-bina. 7Saur malaikat ka simkuring, “Naha andika heran? Ku kaula rek dibejakeun rasiahna eta awewe; kitu deui sato tutumpakanana, anu huluna tujuh tandukna sapuluh. 8Eta sato anu katenjo, bareto teh hirup, tapi ayeuna mah geus ngiles. Tapi engke, eta sato, baris muncul deui, — ti jero guha tea — sarta baris binasa ku polahna. Jalma-jalma pangeusi bumi, anu ti barang dunya mimiti dijadikeun ngaranna teu dicatet dina kitab Kahirupan, bakal hareraneun nenjo eta sato. Sabab eta sato anu geus ngiles teh, bet muncul deui. 9Hal eta teh, bisana kaharti ngan ku nu lantip jeung surti. Huluna anu tujuh teh, hartina, tujuh gunung pangancikan eta awewe jeung nuduhkeun tujuh raja. 10Nu lima diantarana geus tijungkel, nu kagenep jeneng keneh, ari nu katujuh acan aya; tapi mun geus aya, jenengna moal lila. 11Ari eta sato anu asal aya, tapi tuluy ngiles teh, nya eta perlambang raja nu kadalapan anu milu ka golongan anu tujuhan tea sarta eta oge baris binasa. 12Ari hartina sapuluh tanduk, nuduhkeun sapuluh raja nu acan jeneng. Engkena baris bareng jeung sato tea jaradi raja, tapi lilana ngan sajam. 13Tujuan ieu sapuluh raja, ngan sarupa, nya eta rek nyerenkeun kakawasaan jeung wewenangna ka sato tea. 14Maranehna bakal merangan Anak Domba. Tapi nu unggul mah, Anak Domba tea katut parapanganut-Na nu satia; sabab Anjeunna teh, Gustining sagala gusti, Rajaning sagala raja.” 15Saurna deui ka simkuring, “Walungan-walungan anu ayeuna katenjo, anu jadi tempat awewe palacuran tea, nuduhkeun bangsa-bangsa, rayat murba, kaom-kaom, katut basana masing-masing. 16Eta awewe, baris dipikaijid ku tanduk anu sapuluh jeung ku satona; sagala kakayaanana dijabel, awakna ditaranjangan, dagingna diharakan, terus diduruk ku seuneu tepi ka beak. 17Sabab hate maranehna, ku Allah dikersakeun boga maksud anu sarua pikeun ngalaksanakeun tujuan Mantenna, nya eta disina nyerenkeun karajaan eta awewe ka sato tea, nepi ka pangandika Allah bukti laksana. 18Ari eta awewe, hartina, nuduhkeun nagara gede tea, anu marentah raja-raja saalam buana.”

will be added

X\