WAHYU 16

1Ti jero Bait Suci aya Nu ngagentra, handaruan; nimbalan ka malaikat anu tujuh tea: “Geura bral! Eusi tujuh pinggan bebendu Allah teh, tamplokkeun ka bumi!” 2Bral, nu kahiji, indit; eusi pingganna, ditamplokkeun ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake cap sato jeung nyarembah ka arcana tea, awakna pinuh ku bisul, nya jahat, nya nyeri kabina-bina. 3Malaikat nu kadua, eusi pingganna, ditamplokkeun ka laut. Seug cai laut robah, badis getih jelema anu geus paeh. Tuluy mahluk-mahluk nu hirup di laut, kabeh, paraeh. 4Malaikat nu katilu, eusi pingganna, ditamplokkeun ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai. Bruy caina ngajadi getih. 5Malaikat anu nyangking cai, nyoara: “Nun Anu kalangkung nya suci! Gustining kiwari Gustining bihari! Hukum Gusti estu adil. 6Parantos sawajarna tukang-tukang ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh, ku Gusti diinuman deui getih!” 7Tina mezbah oge bijil soara: “Saestuna, nun Allah Nu Murba Wisesa! Hukum Gusti adil tur sayakti!” 8Malaikat nu kaopat, eusi pingganna, ditamplokkeun kana panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa pikeun ngagarang manusa. 9Seug jelema-jelema kagarang ku panonpoe, tuluy maranehna nyarumpahan ka Allah anu kagungan kawasa ngaragragkeun eta balai. Tapi manusa teh, teu aya euih-euihna: Ulah bon muji kana kaagungan Allah. 10Malaikat anu kalima, eusi pingganna, ditamplokkeun kana tahta sato tea. Reup, wilayah kakawasaanana ngajadi poek sarta jelema-jelema katarajang ku nyeri anu kabina-bina, nepi ka pating pereket ngegelan letah sorangan. 11Seug nyarumpahan ka Allah nu di sawarga lantaran aral ku kanyeri sarta awakna pinuh ku bisul tea: Tobat mah henteu! 12Malaikat nu kagenep, eusi pingganna, ditamplokkeun ka hiji walungan gede, nya eta Ci Eprat. Set, eta Ci Eprat, saat ngoletrak sarta jadi pijalaneun raja-raja ti tatar wetan. 13Seug tina sungut Naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsuna aya tilu roh najis kaluar, bangunna jiga bangkong; 14eta teh roh-roh setan, anu nyarieun kaahengan-kaahengan. Terus ngulayab ka sakuliah dunya, ngadatangan raja-raja, arek dibawa sakait kana hiji perang dina poe anu agung, Poening Pangeran Nu Murba Wisesa. 15Mangka waspada! Kami datang mo kasangka-sangka, lir waktu datang bangsat. Untung sing saha nu nyaring terus; tur geus saged lengkep dangdanan, moal kaberedeg, kudu indit ditataranjang, jadi tongtonan batur. 16Roh-roh najis tea, ngerid raja-raja ka hiji tempat anu ngaranna dina basa Ibrani: Armagedon. 17Malaikat nu katujuh, eusi pingganna, ditamplokkeun ka awang-awang. Tina singgasana nu aya di Bait Suci, aya Anu ngagentra handaruan: “Geus laksana!” 18Der, kilat pating burinyay, guludug pating gulugur, jeung aya lini anu teu kira-kira gedena. Ti sabarang manusa dijadikeun, can aya lini anu sakitu gedena. Panghebat-hebatna lini! 19Nagara gede tea, nepi ka beulah tilu. Kabeh kota-kota anu teu baroga Allah, ancur lebur. Nagara Babul Raya teh, geus leungit tina emutan Allah. Nya harita, ku Mantenna digelekgek ku anggur bebendu-Na anu dibahekeun tina lumur wawales-Na. 20Pulo-pulo leungit musna; gunung-gunung, kabeh, sirna. 21Breg hujan es, — anu beuratna tiap-tiap keclak opat puluh kiloan — ngaburubut ti langit ninggangan ka manusa. Hujan es anu pohara ngabalaikeunana, nepi ka jelema-jelema teh nyarumpahan ka Allah.

will be added

X\