WAHYU 14

1Geus kitu, breh, Anak Domba tea ngadeg di Gunung Sion. Eta Anak Domba teh disarengan ku saratus opat puluh opat rebu jelema, anu tarangna masing-masing ditulisan jenengan Anjeunna jeung jenengan Rama-Na. 2Di sawarga kadenge aya anu ngaguruh, lir sada curug gede jeung sada gulugurna guludug. Ari sorana tinanding kacapi loba anu keur ditabeuh. 3Jelema anu saratus opat puluh opat rebu tea nyanghareup ka singgasana, ka mahluk nu opat, jeung ka dua puluh opat sesepuh. Breng ngawihkeun hiji pupujian anyar. Anu bisa ngawihkeun eta pupujian teh, ngan maranehna wungkul, nya eta anu geus ditebus ti dunya. 4Da maranehna mah, hirupna teh henteu ngotoran dirina ku awewe-awewe, suci kawas parawan. Maranehna ngingiring bae ka Anak Domba tea ka mana bae. Kabehna beunang nebus ti antara manusa, dijadikeun cikal-cikal anu pangheulana disanggakeun ka Allah jeung ka Anak Domba. 5Maranehna mah, tara pisan ngucapkeun bohong, beresih taya kuciwana. 6Breh deui, aya hiji malaikat keur ngalayang di angkasa, mawa Injil abadi, embarkeuneun ka pangeusi bumi: Ka sakabeh bangsa, seler-seler bangsa, kaom-kaom, jeung ka rupa-rupa basa. 7Seug eta malaikat cumeluk: “Masingna gimir ku Allah! Agungkeun Mantenna! Sabab ayeuna, enggeus mangsana Mantenna nerapkeun hukum adil-Na. Geura sumembah ka Mantenna anu ngajadikeun langit, bumi, laut, jeung sakabeh sumber cai!” 8Breh, aya deui hiji malaikat, nu kadua, nyusul bari cumeluk: “Geus tumpur! Geus tumpur Babul nagara gede, tukang ngaloloh bangsa-bangsa ku lampah kamasiatanana!” 9Breh, aya hiji deui malaikat, nu katilu, nyusul anu kadua bari cumeluk: “Anu nyarembah ka sato jeung ka arcana, anu marake tandana dina tarang jeung leungeun, 10bakal dicekok ku anggur bebendu Allah, keras teu dicampur ku nanaon! Anggur bebendu Allah geus dicicikeun kana lumur bebendu-Na! Maranehna baris disiksa ku seuneu walirang, disaksian ku malaikat-malaikat saruci jeung ku Anak Domba. 11Haseup seuneu panyiksana, meledug salalanggengna. Nu nyarembah ka sato katut arcana, jeung anu marake tanda ngaranna, baris disiksa beurang peuting teu eureun-eureun!” 12Ieu ngingetan ka anu aribadah, anu nurut kana timbalan Allah jeung satia ka Isa, supaya tigin dina imanna. 13Geus kitu, simkuring digentraan ti sawarga, saur-Na: “Tuliskeun: Ti semet ayeuna, estu bagja anu paehna dina kamanunggalan jeung Gustina.” Diwaler ku Ruh: “Saestuna! Maranehna baris reureuh tina kacape; ganjaran tina buah-buah pagaweanana anu hade, tangtu baris katarima.” 14Breh, aya mega bodas. Dina eta mega aya nu calik, mangrupi manusa. Mastaka-Na, nganggo makuta emas; panangana-Na, nyepeng arit seukeut. 15Breh deui, aya hiji malaikat kaluar ti Bait Suci; tuluy eta malaikat cumeluk ka Nu calik dina mega bodas: “Sumangga pibuateun geura kawitan, babad ku arit. Bumi parantos asak, parantos waktosna dipibuatan!” 16Anu calik dina mega ngababadkeun arit-Na, bumi mimiti dipibuatan. 17Breh, aya hiji deui malaikat, anu kaluar ti Bait Suci di sawarga. Ieu oge mawa arit. 18Aya keneh hiji deui malaikat anu purah ngajaga seuneu; eta malaikat teh, kaluar ti jero mezbah, cumeluk ka malaikat nu nyekel arit: “Arit andika geura gunakeun, pake mupu buah anggur, keureutan ranggeuyanana sabab geus arasak!” 19Tuluy malaikat teh ngulangkeun aritna ka bumi, ngeureutan ranggeuyan anggur. Buah anggurna dialung-alungkeun kana bak pameresan anu gede pisan anu jadi perlambang bebendon Allah. 20Anggur teh, diperes di luar kota; tapi barang diperes, nu kaluar tina pameresan teh getih, anu nepi ka jadi walungan getih: Panjangna tilu ratus kilometer, jerona sameter satengah.

will be added

X\