WAHYU 10

1Ti dinya, simkuring ningal deui hiji malaikat anu gagah, turun ti sawarga. Eta malaikat teh diharudum ku mega; mastakana, dikukudung kuwung-kuwung; rarayna, gumebyar lir panonpoe; sampeanana, jeg pilar seuneu. 2Pananganana, nyepeng gulungan kitab leutik beunang muka. Sampeanana, nu katuhu napak ka laut, nu kenca napak ka darat. 3Eta malaikat ngagero handaruan, lir sada singa ngagaur, ditembalan ku tujuh guludug anu ngagulugur. 4Sanggeus jempe, ku simkuring rek dituliskeun; tapi kaburu aya anu ngagentraan ti sawarga, ungelna: “Eta picatur tujuh guludug ulah dituliskeun. Kudu dirasiahkeun!” 5Geus kitu, malaikat anu napak ka laut sarta napak ka darat tea, ngacungkeun panangan anu katuhu ka langit; 6tuluy ngucapkeun sumpah demi Allah Nu jumeneng, anu ngadamel langit sapuratina, bumi sapuratina, jeung laut sapuratina: “Geus cunduk waktuna! 7Engke, samangsa geus kadenge sangkakala anu baris ditiup ku malaikat nu katujuh, nya harita Allah seja ngabudalkeun rasiah putusan-putusana-Na, sakumaha anu geus diwartakeun ka paranabi, nya eta abdi-abdi Mantenna tea.” 8Gentra nu tadi kadenge ti sawarga tea, ngagentraan deui ka simkuring: “Cokot ku maneh ka ditu gulungan kitab anu muka ti malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!” 9Tuluy simkuring indit, nyuhunkeun eta gulungan kitab ka eta malaikat. Ari saurna: “Heh tampanan, tuluy hakan! Eta gulungan kitab teh di jero beuteung mah rasana pait, tapi dina sungut amis asa madu!” 10Eta gulungan kitab ku simkuring ditampanan, terus didahar. Enya dina sungut mah, amisna, asa madu; tapi barang geus di jero beuteung, pohara paitna. 11Geus kitu, simkuring dipiwarang kieu: “Sakali deui, maneh kudu ngembarkeun pangandika Allah ka bangsa-bangsa nu loba, ka seler-seler bangsa anu basana rupa-rupa, jeung ka raja-raja!”

will be added

X\