WAHYU 1

1Ieu wahyu Isa Al Masih, wahyu ti Allah ka Anjeunna, sangkan dipintonkeun ka sakabeh abdi-Na; ieu wahyu teh, ngeunaan perkara-perkara anu meh kajadian. Al Masih ngutus malaikat-Na, mintonkeun ieu wahyu ka Yahya abdi-Na. 2Yahya nyarioskeun sakabeh titingalianana. Nya ieu pertelaanana anu diandikakeun ku Allah jeung anu dipintonkeun ka anjeunna ku Isa Al Masih. 3Bagja anu maraca katut ngadarenge kana ieu pangandika tur ngimankeun sugri anu kauni di dinya. Sabab tereh pijadieunana. 4Surat ti simkuring, Yahya. Kahatur jamaah anu tujuh, di wilayah Asia. Rahmat rahayu ti Mantenna — anu kiwari jumeneng, bihari jumeneng, sarta anu baris rawuh deui; kitu deui, ti tujuh roh anu lumungguh di payuneun singgasana-Na — nyarengan aranjeun. 5Sarta ti Isa Al Masih, Saksi Anu saestu, anu pangpayunna gugah ti antara nu paraeh, Kapalaning raja-raja di bumi. Demi welas asih-Na ka urang, Anjeunna pupus pikeun ngaleupaskeun urang tina dosa; — 6urang ge geus dijadikeun hiji karajaan, dijadikeun imam-imam anu kumureb ka Allah, Rama Anjeunna — kamulyaan, kakawasaan, kagungan Al Masih salalanggengna. Amin. 7Ieu nu katingali ku simkuring teh: Al Masih rawuh dina mega, tembong ka saban jelema, kaasup jelema anu numbak ka salira-Na. Jelema satonggong bumi narenjo ka Anjeunna jeung bari aluk-alukan. Saestuna pisan. Amin. 21:27, Yah. 19:34, 37, 1Tes. 4:17* 8“Kami teh Alif jeung Ya!” Timbalan Pangeran, Nu Murba Wisesa, anu kiwari jumeneng, bihari jumeneng, sarta anu baris rawuh deui. 9Simkuring, Yahya, — dulur aranjeun, batur di jero kasusah, batur di jero Karajaan Allah, batur mantep dina kamanunggalan jeung Isa — keur mencil di pulo Patmos, marga ku pagawean anu tumali jeung pangandika Allah jeung ngamashurkeun panyaksen-Na Isa. 10Dina hiji poe, anu disebut Poean Pangeran, simkuring aya dina pangaruh Ruh. Geus kitu, ngadenge anu ngagentra di tukangeun; tarikna tanding sangkakala, ungelna: 11“Tuliskeun sakur anu katenjo, tuluy kirimkeun ka jamaah anu tujuh, nya eta anu di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea!” 12Simkuring malik, hayang ningal ka nu ngadawuhna. Tuluy simkuring ningal aya tujuh ajug emas; 13di satengaheunana aya Nu ngaraga, wujud-Na siga manusa, nganggo jubah landung jeung sabuk emas. 14Rambut-Na ngeplak lir kapas, soca-Na moncorong lir seuneu hurung. 15Sampeana-Na gilap herang, lir suasa keur dibesot; ari gentra-Na, lir gumuruhna curug gede. 16Panangan tengen-Na, nyepeng tujuh bentang; tina baham-Na, bijil pedang anu dua pangadekna; ari pameunteu-Na, gumebyar lir srangenge keur manceran. 17Bruk, simkuring ngalumpuruk lebah sampeana-Na, kapupul bayu. Gap, panangana-Na nyabak ka simkuring sarta ngadawuh: “Ulah sieun. 18Ieu Kami Nu Awal jeung Nu Ahir. Ieu Kami Nu jumeneng. Kami geus nemahan ajal pati. Tapi tenjo, ieu Kami hirup salalanggengna. Nya Kami anu ngereh ajal pati katut karajaanana. 19Tuliskeun sakur anu katenjo ku maneh, boh anu ayeuna, boh anu bakal datang. 20Ieu tujuh bentang dina leungeun katuhu Kami teh, nya eta perlambang tujuh malaikat jamaah. Ari tujuh ajug emas, nya eta perlambang jamaah nu tujuh.”

will be added

X\