PILIPI 2

1Ku sabab dina kamanunggalan jeung Al Masih teh aya pepeling, aya panglipur ti asih-Na, aya apingan Ruh, aya silih asih, sarta silih pikanyaah; 2sabab eta, dulur-dulur, sampurnakeun kabungah simkuring teh, ku jalan sing sahate, sapikir, sakanyaah, sajiwa, sarta sing sauyunan. 3Ulah pakia-kia atawa pagirang-girang tampian; anggur kudu handap asor, mandang batur leuwih luhur harkatna. 4Ulah ngan inget kana kaperluan sorangan bae, kaperluan batur oge kudu diperhatikeun. 5Aranjeun kudu miboga sipat eta, sakumaha Al Masih tea. 6Kapan Al Masih teh, ari wujud-Na mah, salira Allah; tapi sanajan kitu, Anjeunna henteu kamagungan. 7Eta kaagungana-Na teh, anggur dianggo kumawula; Anjeunna ngajadi saharkat jeung manusa, nyorang hirup sakumaha manusa ilahar. 8Estuning ngalaipkeun Anjeun, ta'at-Na, tug nepi ka pupus: Paragat nyawa disalib. 9Nu matak ku Allah, Anjeunna teh, dijungjung pangluhurna sarta dipaparin gelaran pangpunjulna, 10nepi ka sakabeh nu di sawarga, nu di bumi, jeung nu di alam kubur sarujud ka Anjeunna anu ngagem jenengan Isa. 11Kabeh baris ngaku: “Isa Al Masih teh Gusti Panutan,” pikeun kamulyaan Allah anu jumeneng Rama. 12Nu enggeus-enggeus mah, dulur-dulur teh, teu weleh satia. Kitu teh, ulah ngan keur di hareupeun simkuring wungkul; tapi komo ayeuna, keur urang pajauh kieu, sing leuwih-leuwih. Jaba ti eta, sampurnakeun naon nu geus jadi milik aranjeun teh, - kasalametan tea - kalawan sing hormat ka Pangeran. 13Lantaran nya Mantenna anu barangdamel nyarengan ka dulur-dulur, nepi ka karep jeung kalakuan aranjeun bisa sapuk jeung pangersa-Na. 14Enggoning ngalampahkeun kawajiban ulah bari kukulutus jeung pahiri-hiri. 15Sing kuat ku dodoja, ulah galideur, tandaning enya jaradi putra Allah, anu taya kuciwana. Hirup di masarakat nu jahat sarta doraka, aranjeun teh kudu jadi saibarat bentang-bentang anu tingkaretip di langit. 16Jadi, aranjeun kudu pageuh muntang kana Pangandika tea, anu maparin hirup kalawan huripna. Mun heug kitu, mana teuing sugemana simkuring engke dina mangsana Al Masih sumping, dumeh beunang usaha hese cape teh henteu mubadir. 17Sanajan simkuring kudu nepi ka ngocorkeun getih jadi kurban marganing iman kayakinan dulur-dulur, simkuring estuning rido. Mugia, eta karidoan simkuring teh, sing jadi matak bungah ka aranjeun. 18Ku kituna, aranjeun oge sing rido, supaya simkuring oge bisa milu bungah. 19Lantaran yakin yen Isa, Gusti Jungjunan urang, baris marengkeun; niat simkuring teh, buru-buru bisa ngutus Timoteus ka aranjeun; pangpangna hayang buru-buru terang kumaha kaayaan dulur-dulur. 20Kakara simkuring mah manggih jelema anu totomplokan nyaahna ka simkuring, tur sakitu gede kamelangna ka dulur-dulur. 21Da lumrahna mah, jelema-jelema teh, ngan ukur mentingkeun dirina bae; boro-boro ngesto ka Al Masih. 22Kapan ari Timoteus mah, ku dulur-dulur oge, geus kanyahoan kabelaanana. Simkuring jeung anjeunna teh, dina ngawawarkeun Injil, lir bapa jeung anak. 23Saberesna urusan simkuring, anjeunna baris gancang-gancang diutus. 24Simkuring sorangan hayang bisa tereh-tereh ngalongok aranjeun. Mugia Gusti kersa marengkeun. 25Ku timbangan simkuring, Epaproditus rek buru-buru dijurung mulang deui. Anjeunna teh, nya jadi sobat, nya jadi pangdeudeul, nya kanca saperjuangan, anu ku dulur-dulur diutus sina maturan jeung ngentengkeun karepotan simkuring. 26Anjeunna oge, hayangeun geura-geura bral mah; cenah, karunya ka dulur-dulur anu mikamelang, dumeh meunang beja yen anjeunna gering. 27Enya, payah geringna teh. Sukur Allah mikawelas, lain ka anjeunna bae, tapi ka simkuring oge, nepi ka simkuring teu kungsi meunang kasusah leuwih beurat. 28Eta sababna, anjeunna sina buru-buru mulang teh. Ari geus tepung mah, aranjeun bungah, simkuring bungah. 29Heug, bageakeun eta dulur saiman teh. Jelema kawas anjeunna mah, kabeh oge, pantes dihormat samistina. 30Bawaning ku satia ngalampahkeun tugas ti Al Masih, meh bae anjeunna tiwas; kituna teh, enggoning ngabantu simkuring pikeun nyuluran aranjeun tea.

will be added

X\