MATEUS 9

1Ti dinya, Isa nitihan parahu lajeng meuntas. Anjeunna dugi ka kota asal-Na. 2Geus kitu, aya nu lumpuh dibawa ka Anjeunna, ngagoler bae dina bale-balena. Sanggeus ku Isa kauninga iman kapercayaan maranehna, Anjeunna ngadawuh ka nu lumpuh tea, “Sing percaya, anaking. Dosa hidep geus dihampura.” 3Aya sababaraha urang ahli Toret nu ngaromong dina hatena, “Eta teh mapadani ka Pangeran!” 4Tapi palikiranana ku Isa kaaos. Anjeunna ngadawuh, “Naha pikiran aranjeun jarahat kitu? 5Cik, babari mana, nyebut ‘Dosa maneh geus dihampura’ atawa marentahkeun ‘Geura nangtung seug leumpang!’ 6Tapi supaya kauninga ku aranjeun, yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.” Lajeng ka nu lumpuh tea, Isa ngadawuh, “Pek nangtung, panggul bale-balena, jig geura balik!” 7Korejat, nu lumpuh teh, hudang, terus balik. 8Jelema-jelema nu harita nyaraksian, galimir hatena, tapi tuluy maruji sukur sarta ngamulyakeun Jenengan Allah nu kersa masihan kawasa anu sakitu ahengna ka manusa. 9Ti dinya, Isa angkat deui. Anjeunna ningali aya jelema, Mateus ngaranna, keur diuk di kantor cuke; ku Anjeunna digentraan, “Hiap ka dieu, tuturkeun Kami!” Jung Mateus nangtung, tuluy ngiring ka Anjeunna. 10Satuluyna, waktu Isa nuju tuang di imah Mateus, loba tukang cuke daratang bareng jeung jelema-jelema doraka sejenna. Terus marilu dahar ngariung jeung Isa samurid-murid. 11Katenjoeun ku urang Parisi, terus maranehna ngaromong kieu ka murid-murid Isa, “Naha guru maraneh daek bae tuang jeung tukang-tukang cuke sarta jeung jelema-jelema daroraka?” 12Barang kadangu ku Isa, Anjeunna ngadawuh, “Anu butuh ku doktor teh lain nu sehat, tapi jelema nu garering. 13Ku margi eta, mangga ulik pihartieunana ieu dawuhan anu kieu ungelna, ‘Anu diperedih ku Kami, nya eta welas asih, lain kurban; sabab Kami datang teh lain rek neangan jelema-jelema nu ibadah, tapi anu daroraka.’ ” 14Sanggeus kitu, murid-murid Yahya ngadeuheus ka Isa piunjukna, “Abdi-abdi sareng urang Parisi paruasa, naon margina murid-murid Anjeun mah tara?” 15Diwaler ku Isa, “Ari sobat-sobat ki panganten naha bisa ngarasa prihatin sapanjang ki panganten bareng keneh jeung maranehna? Tapi bakal datang waktuna, ki panganten teh dicokot ti maranehna. Tah, dina waktu eta, maranehna bakal paruasana teh. 16Jeung deui, moal aya nu nambal baju butut ku lawon weuteuh; sabab ana murengked matak soeh kana bajuna; malah mah, eta soehna teh, matak ngagedean. 17Kitu keneh jeung cianggur nu anyar keneh, moal disimpen dina kantong kulit nu geus heubeul; sabab kulitna pasti bedah: Cianggurna mancawura mubah teu kaarah, kitu keneh wadahna. Pikeun anggur anyar mah, wadahna oge kudu anyar: Kakara bisa awet duanana, boh eusina, boh wadahna.” 18Waktu Isa cacarios keneh, aya hiji kapala tempat pangibadahan urang Yahudi (Synagoge) ngadeuheus ka Anjeunna; tuluy nyembah di payuneuna-Na. Pok unjukan, “Pun anak nu awewe nembe pisan maot. Mugi kersa sumping. Mugi kersa numpangkeun panangan ka manehna, tangtos pun anak teh hirup deui.” 19Isa ngadeg, tuluy angkat, diiring ku murid-murid-Na bareng jeung eta jelema. 20Sajeroning kitu, aya hiji awewe, geus dua welas taun katerap kasakit ngagetih. Manehna seselendep ka pungkureun Isa sarta nyabak tungtung jubah Anjeunna. 21Sabab cek pikirna, “Ku nyabak tungtung jubah-Na oge, pasti aing teh cageur.” 22Tapi Isa ningali ka pengker bari ngadawuh, “Ulah pegat harepan anaking. Hidep geus disalametkeun ku kayakinan hidep.” Ti semet harita kasehatanana pulih deui. 23Sasumpingna Isa ka imah kapala tempat pangibadahan tea, katingal tukang nariup suling jeung jelema-jelema di dinya keur tagiwur. 24Anjeunna ngadawuh, “Cing, kalaluar heula, budak teh lain maot, keur sare!” Sakur nu aya di dinya nyaleungseurikeun. 25Sanggeus jelema-jelema kalaluar kabeh, Anjeunna teras lebet. Tuluy eta leungeun budak teh dicepeng; sanggeus kitu, kulisik, eta budak teh cengkat. 26Kajadian eta gancang pisan sumebarna ka sakuliah daerah. 27Waktu neraskeun angkat-Na ti dinya, aya nu lolong duaan naluturkeun bari sasambat, pokna, “Mugi aya sih piwelas ka simabdi, nun Putra Daud!” 28Sanggeus Isa lebet ka hiji imah, eta nu lalolong teh ngadareuheusan. Ku Anjeunna didawuhan, “Naha maraneh teh percaya yen Kami bisa?” Wangsulanana, “Sumuhun percanten!” 29Ti dinya, nu lolong teh, panonna ku Anjeunna dicabak, dawuhana-Na, “Heug, kayakinan iman maraneh sing diijabah.” 30Dadak sakala, duanana bareunta deui. Terus ku Isa diomat-omatan kieu, “Kade ulah aya anu nyahoeun saurang oge!” 31Tapi maranehna, anggur ngider ka sakuliah daerah eta, ngamashurkeun Anjeunna. 32Sanggeus anu lalolong tea arindit; jol, ka Isa, nu mawa jelema pireu nu karanjingan setan. 33Sanggeus setanna ditundung, nu pireu teh bisa ngomong. Jelema-jelema anu nyaraksian kacida hareraneunana, aromongna, “Nu ajaib kieu mah, di Israil, acan manggih.” 34Tapi ceuk urang Parisi mah, kieu, “Manehna bisa ngusir setan teh, bane bae make kakawasaan gegedug setan!” 35Isa damel-Na ngider nyumpingan kota jeung desa-desa bari ngawulang di tempat-tempat pangibadahan jeung ngawawarkeun Injil Karajaan Sawarga; lian ti eta, Anjeunna oge nyageurkeun rupa-rupa panyakit jeung kasakit-kasakit sejenna. 36Manah-Na, kalintang mikadeudeuhna ningali jelema-jelema anu sakitu lobana; bangun anu lalungse tur kalantar, jeg domba tanpa pangangon. 37Lajeng ngadawuh ka murid-murid, “Pibuateunana mah lega, ari nu mibuatanana ngan saeutik. 38Ku sabab eta, kudu nyuhunkeun ka nu Kagunganana, supaya Anjeunna ngintun pagawe-pagawe pikeun dibuat.”

will be added

X\