MATEUS 8

1Salungsur-Na ti gunung, loba pisan jelema anu ngiring ka Isa. 2Jol aya jelema anu boga kasakit lepra nyampeurkeun, brek sujud, nyembah di payuneuna-Na, terus mihatur, “Nun Jungjunan, manawi Jungjunan luntur galih, tinangtos Jungjunan tiasa nyageurkeun simabdi.” 3Isa lajeng nyodorkeun panangan. Nu gering teh dicabak sarta ngadawuh, “Hade, sing cageur maneh!” Dadak sakala, eta kasakit leprana teh leungit tanpa lebih. 4Lajeng Isa ngadawuh ka manehna, “Omat, ulah bebeja ka saha-saha. Ayeuna, buru-buru bae ngadeuheus ka imam. Tembongkeun awak maneh sarta kudu nyanggakeun kurban sakumaha dawuhan Musa pikeun jadi bukti ka maranehna.” 5Sasumpingna Isa ka kota Kapernaum, Anjeunna dipapag ku hiji perwira anu nyuhunkeun tulung ka Anjeunna; 6pokna, “Nun Juragan, abdi teh gaduh gandek, keur ngalempreh bae di rorompok, gaduh kasawat lumpuh. Teu tiasa walakaya sareng kalintang sangsarana.” 7Dawuh Isa, “Hade, urang cageurkeun, engke Kami ka ditu.” 8Tapi perwira teh ngawalon, “Juragan, henteu layak rorompok abdi ka linggihan ku Juragan mah. Dawuhkeun bae, sakecap oge cekap, tangtos gandek abdi teh cageur deui. 9Jalaran abdi oge aya di bawah parentah, nanging gaduh oge bawahan perjurit. Upami abdi marentah indit ka perjurit, tangtos manehna indit; ka nu saurang diparentah datang, tangtos datang; atanapi ka gandek nitah digawe, tangtos dilampahkeun.” 10Ngadangu walonanana kitu, Isa ngaraos heran, tuluy ngadawuh ka anu ngariring, “Iman anu sakitu pengkuhna, ceuk Kami mah, moal manggih di bangsa Israil oge. 11Ceuk Kami, ka aranjeun: Loba nu bakal daratang ti wetan jeung ti kulon milu ngariung balakecrakan jeung Ibrahim, Isak, jeung Yakub di Karajaan Sawarga; 12tapi eta anak-anak Karajaan teh, baris dijongklok- jongklokkeun ka tempat anu pangpoek-poekna, sina bati sasambat jeung katalangsara.” 13Geus kitu, Isa ngadawuh ka perwira tea, “Geura mulang, anu diharep ku anjeun kalawan yakin teh sing tinekanan.” Harita keneh pisan bujangna nu gering teh cageur. 14Sasumpingna ka imah Petrus, katingali ibu mertua Petrus keur ngalempreh bae sabab keur muriang tea. 15Ku Anjeunna dicepeng leungeunna. Harita keneh leungit panyakitna, terus hudang sarta ngalalayanan ka Isa. 16Magribna, loba pisan jelema-jelema anu karaksuk ku setan dideuheuskeun ka Isa. Ngan ku sakecap setan-setanna ku Isa diusir; anu garering oge kitu keneh, dicageurkeun ku sakecap bae. 17Ku sabab eta, dawuhan anu ditepikeun ku Nabi Yesaya teh tinekanan; eta dawuhan anu kieu ungelna, ‘Nya Anjeunna nu baris nalangan dina sagala kahengkeran urang sarta nanggel kasakit urang.’ 18Waktu ku Isa katingali, yen jelema anu ngariring Anjeunna sakitu lobana, Anjeunna mundut dipeuntaskeun. 19Geus kitu, datang saurang ahli Toret mihatur kieu, “Guru, ka mana bae Anjeun angkat, simkuring sumeja ngiring.” 20Dawuh Isa ka manehna, “Rubah baroga guha, manuk baroga sayang, tapi Putra Manusa mah, teu boga tempat pikeun ngagolerkeun sirah-sirah acan.” 21Pok salah saurang murid-Na unjukan, “Jungjunan, abdi permios wangsul heula bade nguburkeun pun bapa.” 22Tapi ku Isa diwaler, “Tuturkeun bae Kami, keun bae nu paraeh mah sina nguburkeun nu paraeh.” 23Ti dinya Isa nitihan parahu disarengan ku murid-murid. 24Dumadakan, eta talaga teh ditarajang angin ribut. Parahu dibuntang-banting ku ombak, tapi Isa raos-raos bae kulem. 25Tuluy ku murid-murid digugahkeun; maranehna tingjarerit, “Jungjunan, tulung! Tiwas urang!” 26Saur Anjeunna, “Eh nu kurang percaya, naha make sarieun?” Lajeng Isa ngadeg, angin jeung talaga diseuseul; rep, talaga teh, ayem deui. 27Murid-murid harookeun, pokna, “Saenyana ieu Guru urang teh saha? Nepi ka angin jeung talaga oge dicangking ku kakawasaana-Na!” 28Barang parahu nepi ka peuntas, ka daerah urang Gadara, Isa dipapag ku dua jelema anu karaksuk setan anu jolna ti astana. Ieu dua jelema teh garalak pisan, nepi ka teu aya nu wani liwat ka dinya. 29Maranehna tingcorowok, pokna, “Naon patalina Anjeun jeung simkuring teh, he Putra Allah? Naha ka dieu teh Anjeun rek nyiksa ka kuring samemeh cunduk kana waktuna?” 30Teu jauh ti dinya, aya babi kacida lobana keur nareangan hakaneun. 31Setan-setan nu nyurup ka eta dua jelema tea menta kieu ka Anjeunna, “Ari Anjeun rek ngusir kuring mah, atuh idinan kuring rek nyurup ka itu babi-babi.” 32Timbalan Isa ka maranehna, “Heug!” Tuluy setan-setan teh kalaluar ti eta dua jelema, seug nyurup ka babi-babi. Geus kitu, babi-babi teh kalabur, tuluy tinggarebrus ka talaga; kabeh paeh tilelep. 33Ari nu ngajaragana biur kabur ka kota. Datang-datang terus nyaritakeun papanggihanana; kitu oge hal kaayaan jelema nu diraksuk setan tea. 34Nu ti kota teh, atuh budal ngadatangan Isa; sanggeus amprok, maranehna ngadesek ka Isa, supaya ngantunkeun daerah maranehna.

will be added

X\