MATEUS 5

1Ningali anu ngariring sakitu reana, Isa nanjak ka pasir, gek linggih, diriung ku murid-murid. 2Lajeng Isa ngawulang, saur-Na: 3“Bagja jelema-jelema anu salawasna ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah; sabab Karajaan Sawarga bagianana. 4Bagja jelema-jelema anu ngarasa sedih prihatin; sabab maranehna, ku Allah tangtu dililipur. 5Bagja jelema-jelema nu lemah lembut; karana maranehna, di bumi tangtu nampa naon nu geus dijangjikeun ku Allah. 6Bagja jelema-jelema nu nyoso kana hal bebeneran, karana maranehna, tangtu ginanjar ka sugemaan ti Pangeran. 7Bagja jelema-jelema anu boga watek karunyaan, karana maranehna, tangtu ginanjar rahmat Pangeran. 8Bagja jelema-jelema anu beresih hatena, karana maranehna, bakal wawuh ka Pangeran. 9Bagja jelema-jelema nu daek nyapih ngarapihkeun batur, sabab maranehna, ku Allah tangtu diangken putra. 10Bagja jelema-jelema anu ditindes lantaran ngabela kaadilan, sabab Karajaan sawarga bagianana. 11Bagja sakur nu dicela, dikaniaya, dipitenah, disebut jelema jahat lantaran anut ka Kami. 12Mun maraneh pareng dikitu-kitu, sing bungah sarta sing ngarasa gumbira; sabab gede ganjaranana di sawarga. Nabi-nabi oge, anu gumelarna samemeh maraneh, sarua dikaniaya.” 13“Maraneh teh lir uyahna dunya: Lamun uyah ilang rasa asinna, taya pisan bahan nu bisa mulangkeun deui rasana; tungtungna, teu aya deui gunana iwal ti dipiceun jeung tincakaneun jelema. 14Maraneh teh lir caangna dunya: Kota nu aya di luhur gunung moal bisa disumputkeun; 15malah mah, moal aya anu nyeungeut lampu terus dituruban ku gantang; tangtu diteundeun dina parantina, supaya nyaangan nu di arimah. 16Nya kitu lakuning hirup maraneh oge, sing matak nyaangan batur jeung jadi conto anu hade, supaya batur oge ngagungkeun ka Rama maraneh di sawarga.” 17“Ulah boga panyangka Kami rek ngarobah atawa miceun Toret Musa jeung pangajaran nabi-nabi. Lain, lain rek kitu, sabalikna, ku Kami rek dilaksanakeun. 18Sing inget: Sapanjang aya keneh langit jeung bumi, moal aya babagian-babagian Toret anu leungit sanajan sacecek, samemeh sagala tujuanana kabeh kalaksanakeun. 19Jadi, sing saha bae anu nyoret sabagian tina Toret, najan ngan saeutik pisan bari ngajarkeun majar teh memang geus kitu ti dituna; engke, di Karajaan Sawargana, bakal kaasup anu pangrendahna. Sabalikna, sing saha anu tigin kana eusina Hukum Toret, — bari nerangkeun ka nu sejen yen kitu kuduna — di Karajaan Sawargana bakal mulya. 20Kitu nu matak Kami ngabejaan: Mun harayang asup ka Karajaan Sawarga, kudu boga patokan hirup anu leuwih punjul batan patokan hirupna ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi. 21Karuhun urang geus dibere timbalan, sakumaha anu geus kadarenge ku maraneh, ‘Maneh ulah maehan. Anu maehan kudu dihukum.’ 22Ku Kami dieceskeun: Ulah nepi ka dekna maehan; ukur ambek ka batur ge, geus pantes meunang hukuman. Nu nyebut si kapir ka batur, kudu dihadepkeun ka Pangadilan Agama. Nu nyebut si gejul ka batur, geus pantes keur hakaneun seuneu naraka. 23Ku sabab eta, di mana rek ngahaturkeun pangbakti ka Pangeran, heug inget yen eukeur satruan jeung batur maneh; 24tunda heula pangbakti teh deukeut mezbah, geuwat menta hampura heula, kakara meunang neruskeun niat. 25Lamun aya anu merkarakeun ka maneh, satungtung aya keneh kasempetan mah, — samemeh dibawa ka pangadilan — ulah weleh ajakan rapih. Ulah nepi maneh diserenkeun ka hakim, pikeun dipasrahkeun ka nu wajib supaya maneh dibui. 26Lamun geus nepi ka kitu mah, taya jalan pikeun bebas satungtung hutang maneh acan lunas mah. 27Maraneh geus ngadarenge timbalan, ‘Ulah jinah.’ 28Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Sing saha anu nelek-nelek awewe bari aya sir napsu birahi, geus kaasup jinah dina hatena. 29Ku sabab eta, mun panon katuhu ngajak teu bageur, cokel bae, piceun! Leuwih hade cacad; ti batan awak mulus, tapi tigebrus ka naraka mah. 30Lamun leungeun katuhu ngajak sasar, teukteuk bae, balangkeun! Leuwih hade cacad; ti batan awak mulus, tapi asup ka naraka. 31Oge aya timbalan, ‘Anu nyerahkeun pamajikan, kudu mere surat talak.’ 32Ayeuna, ku Kami dieceskeun: Anu nyerahkeun pamajikan, kajaba tina sabab ngabogaan watek nyelewer; peta kitu teh, sasat ngajurung jinah ka pamajikan. Upama popotonganana kawin deui, lalaki anu ngawinna oge, kaasup jinah keneh bae. 33Aya deui timbalan-timbalan ka karuhun maraneh, eusina, ‘Ulah ingkar tina sumpah. Sing satia nyekel sumpah di payuneun Pangeran.’ 34Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Peupeujeuh, ulah sok sumpah. Ulah sumpah demi sawarga; sabab sawarga teh singgasana Allah. 35Ulah sumpah demi bumi; sabab bumi teh dadampar singgasana-Na. Ulah sumpah demi Yerusalem; sabab Yerusalem teh panggeugeuhan Raja Agung. 36Jeung ulah sumpah nandonkeun sirah; sabab maraneh hamo bisa ngabodaskeun atawa ngahideungkeun buuk salambar-lambar acan. 37Kuduna teh: lamun enya sebut enya, lamun henteu sebut henteu. Leuwih ti kitu mah, eta teh, karepna si Jahat. 38Oge aya timbalan, ‘Mata bayar mata, huntu taur huntu.’ 39Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Ulah sok males kanyeri. Lamun pipi beulah kenca ditampiling, asongkeun deui nu beulah katuhu. 40Mun aya nu merkarakeun, ku hayang-hayangna ngarebut baju maneh, bikeun bae sakalian jeung rangkepanana. 41Lamun aya nu maksa menta dianteur jauhna sakilometer, anteurkeun dua kilometer. 42Mun pareng dipentaan, kudu daek mere. Kitu deui lamun pareng diinjeuman, poma ulah nolak. 43Aya deui timbalan, ‘Kudu silih pikanyaah papada batur, musuh kudu dipisatru.’ 44Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Musuh ge wajib dikarunyaan. Anu dengki ka urang anggur doakeun sangkan salamet, 45malar urang teh diangken putra ku Rama di sawarga. Sabab Mantenna mah ka nu goreng ka nu hade, ka nu bener ka nu teu bener, sami bae maparin hujan maparin panas. 46Naha make ngarepkeun ganjaran Pangeran, ari ngan semet nyaah ka nu mikanyaah deui mah? Kitu peta mah bangsa tukang cuke oge barisaeun. 47Semet daek someah darehdeh ka batur sorangan bae mah atuh naon hesena, naon leuwihna ti nu sejen? Nu nyarembah ka berhala oge, kitu-kitu bae mah, geus biasa. 48Kudu leuwih ti kitu maraneh mah, kudu sampurna sabab Rama maraneh nu di sawarga oge sampurna.”

will be added

X\