MATEUS 27

1Sanggeus bray beurang, imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot bangsa Yahudi karumpul; sejana, nya mutuskeun pikeun nelasan Isa tea. 2Isa dibarogod, tuluy dibawa ka gupernur Pilatus. 3Barang Yudas nyahoeun yen Isa diragragan hukum pati, pohara kaduhungeunana. Duit perak anu tilu puluh tea teh, dipulangkeun deui ka imam-imam kapala jeung parakokolot. 4Terus wakca, “Abdi rumasa doraka, ngahianat getih Jelema nu tanpa dosa.” Ku aranjeunna diwalon, “Mangsa bodo, kami teu nyaho-nyaho. Eta mah urusan maneh!” 5Tuluy eta duit teh, ku Yudas diawurkeun ka jero Bait Suci; geus kitu, manehna, ngagantung maneh. 6Duit dirawatan ku imam-imam kapala, saurna, “Ieu duit teu meunang dicampurkeun kana peti persembahan sabab ladang getih.” 7Sanggeus barempug, duit teh dibeulikeun kana tanah nu disebut ‘Lahan Panjunan,’ pikeun tanah pamakaman urang asing. 8Nepi ka kiwari, eta tanah jadi nelah ‘Lahan Getih.’ 9Ku kituna, ngabukti eta nubuwatan Nabi Yermia anu kieu: ‘Duit perakan tilu puluh, — nya eta pihargaeunana hiji jelema nurutkeun taksiran urang Israil — ditarima, 10tuluy dipasrahkeun pikeun meuli tanah Lahan Panjunan. Kitu pangandika Pangeran ka kaula.’ 11Isa geus dijagragkeun payuneun gupernur. Gupernur mariksa ka Anjeunna, “Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Isa, “Leres sakumaha pilahir.” 12Dakwaan imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot mah, ku Anjeunna teu diwaler pisan. 13Saur Pilatus ka Anjeunna, “Teu kareungeu eta dakwaan-dakwaan sakitu lobana?” 14Isa tetep teu kersa ngawaler, nepi ka matak heran ka gupernur. 15Saban-saban hari raya Paska, gupernur teh geus baku sok ngaleupaskeun saurang sakitan, nu mana bae sakahayang rayat. 16Harita, di jero panjara, aya sakitan anu kawentar jahatna; eta jelema teh, ngaranna Barabas. 17Sakalian rayat harita kumpul, Pilatus sasauran, “Mana anu dipikahayang, anu ku kami kudu dibebaskeun: Barabas atawa Isa, anu disebut Al Masih?” 18Anjeunna uninga, pangna maranehna nyerenkeun Isa teh bawaning ku dengki-dengkina. 19Sabot Pilatus calik dina korsi pangadilan, nampi amanat ti geureuhana: “Ulah ngiring campur kana perkawisna eta Jalmi bener; margi lantaran Manehna, abdi kalintang kasiksana ku impian tadi wengi.” 20Tapi rayat teh, geus kaangsonan ku imam-imam kapala jeung ku kokolot-kokolotna. Maranehna menta, supaya Barabas bebas, ari Isa kudu dihukum paeh. 21Gupernur ngawaler, “Saha? Saha ti antara anu dua nu ku kami kudu dibebaskeun?” Jawabna, “Barabas!” 22Saur Pilatus, “Ari Isa anu disebut Al Masih kumaha?” Urang Yahudi nyorowok, “Gantung!” 23Saur Pilatus deui, “Naha naon dosana?” Urang Yahudi tinggorowok beuki bedas, “Gantung, gantung!” 24Sanggeus ngaraos yen daya upayana teu mental, Pilatus wawasuh panangan hareupeun sarerea; ti dinya, anjeunna ngalahir, “Kami henteu tanggung jawab kana getih ieu Jelema, pek tanggung ku maraneh sorangan!” 25Urang Yahudi bareng ngajawab, “Keun getih-Na sina malindes ka kuring saanak incu!” 26Tuluy Pilatus ngaleupaskeun Barabas, ari Isa dirangket heula; saterusna, Anjeunna teh diserenkeun ka maranehna sina digantung. 27Geus kitu, Isa dibawa ku serdadu-serdadu gupernur ka gedong pangadilan. Serdadu-serdadu sejenna ge disina kumpul ka dinya. 28Tuluy anggoan Isa dicuculan, diganti ku jubah warna wungu. 29Maranehna nyieun mamakutaan anu dianyam tina cucuk; tuluy diterapkeun kana mastaka-Na, ari panangana-Na sina nyepeng awi sateukteuk. Geus kitu, serdadu-serdadu teh sujud payuneuna-Na bari moyok kieu, “Wilujeng, raja urang Yahudi!” 30Geus kitu, maranehna nyariduhan ka Anjeunna. Jaba ti eta, awina direbut tina panangana-Na, terus diteunggeulkeun kana mastaka-Na. 31Sanggeus dikaniaya jubah-Na dicuculan, dianggoan ku anggoana-Na deui, terus dibawa ka tempat panggantungan. 32Di tengah jalan, anu jolna ka luar kota, aleutanana amprok jeung hiji jelema urang Kirena nu ngaranna Simon; tuluy Ki Simon teh, ku paraserdadu tea, dipaksa sina manggul salib Isa. 33Sanggeus nepi ka tempat anu disebut Gulguta (hartina: Tempat Tangkorek), 34Isa dileueutan anggur anu dicampuran hamperu. Tapi sanggeus ngicip-ngicip, Anjeunna teu kersaeun ngaleueut. 35Sanggeus digantung, anggoana-Na dilotrekeun, 36maranehna terus dariuk ngajaga. 37Luhureun mastaka-Na aya merek anu netelakeun sababna nu matak Anjeunna dihukum, unina, “IEU RAJA URANG YAHUDI.” 38Aya deui anu digantung harita, rampog duaan, digantungna di kenca jeung katuhueuna-Na. 39Sakur nu laliwat ka dinya pada gigideug bari maroyok. 40Pokna, “Hey, Anu rek ngaruag Bait Suci jeung anu sanggup ngadegkeunana deui di jero tilu poe! Lamun enya maneh Putra Allah, salametkeun diri teh, nya turun ti dinya!” 41Imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab jeung kokolot-kokolot oge maroyokan, pokna: 42“Ka batur bisa nyalametkeun, ari ka diri-Na sorangan teu bisa nanaon. Eta, Raja Israil teh? Cik turun tina panggantungan, meureun urang percaya. 43Carekna, Manehna teh nyalindung ka Allah. Keun sina ditulungan ku Allah, ari enya mah kameumeut Allah! Da ngaku-Na mah Putra Allah.” 44Malah rampog anu papada digantung tea, oge pipilueun moyok. 45Barang geus pukul dua belas, tengah poe; reup bae, di dinya, jadi poek sakurilingna nepi ka pukul tilu. 46Kira-kira dina pukul tilu, Isa ngagero, “Eli, Eli, Lama Sabahtani?” (Ya Allah Pangeran Abdi, ku naon margina Abdi dikantun?) 47Terus aya nu ngaromong kieu, “Manehna keur sasambat ka Elias!” 48Aya anu geuwat nganclomkeun sepon kana anggur haseum, ditiirkeun kana gantar; maksudna, Isa sina ngaleueut. 49Tapi aya nu nyarek, “Engke heula! Urang nenjo heula Nabi Elias nulungan Manehna!” 50Isa ngagero deui tarik pisan, tuluy Anjeunna masrahkeun nyawa-Na. 51Harita, bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Suci bedah dua, parat ti luhur ka handap sarta bumi ngariyeg ku lini; gunung-gunung cadas bareulah, 52makam-makam mararuka sarta jasad-jasad jelema saruci anu keur sumare di dinya, harudang deui. 53Waktu Isa gugah tina pupus-Na, ieu jasad-jasad kalaluar ti makamna; tuluy arasup ka kota suci, narembongan ka jalma rea. 54Barang riyeg aya lini jeung kajadian-kajadian sejenna, komandan jeung perjurit-perjuritna, kacida sarieuneunana. Tuluy ngucapkeun kieu, “Bener ieu Jelema teh Putra Allah!” 55Di dinya oge, aya wanita-wanita, — teu wudu rea — anu ngarawaskeun ti kajauhan bae; wanita-wanita eta teh, nya anu milu kana rombongan Isa keur ti Galilea keneh. 56Di antarana aya Maryam Magdalena, Maryam indung Yakobus jeung Yusup, sarta indungna anak-anak Sebedeus. 57Memeh reup peuting, aya hiji jelema jegud urang Arimatea, nya eta Yusup. Manehna oge geus jadi murid Isa, 58ngadeuheus ka Pilatus pikeun nyuhunkeun layon Isa. Pilatus nimbalan, supaya eta layon Isa teh dipasihkeun. 59Tuluy eta Layon Isa teh, ku Yusup dipulasara: Nya dibungkus ku lawon bodas beresih; 60terus dimakamkeun dina makam anu anyar keneh, anu dibobok dina gunung cadas. Sanggeus lawangna ditutup ku batu gede, tuluy dikantunkeun. 61Tapi Maryam Magdalena jeung Maryam nu saurang deui mah, caricing keneh di dinya bari melong ka eta makam. 62Isukna, sabada ‘poe panyadiaan’, imam-imam kapala jeung urang Parisi bareng daratang ka Pilatus. 63Salaurna ka Pilatus, “Juragan, eta tukang nyasabkeun teh waktos hirup keneh uar-uar kieu: Sanggeus tilu poe, Kami bakal hudang deui. Luk. 9:22, 18:31-33* 64Ku margi kitu, mugi diparentahkeun supados makam-Na dijaga dugi ka dinten anu katilu. Margi tiasa jadi, engke, dipaling ku murid-murid-Na bari diuar-uar yen parantos hudang deui ti nu maraot. Pangwadulan anu ieu mah, balukarna tangtos langkung awon ti nu ti heula.” 65Saur Pilatus, “Mangga pasihan bae kawal, jaga sakumaha mistina.” 66Geus kitu, pajaratan Isa, ku aranjeunna sina dijaga sarta disegel.

will be added

X\