MATEUS 26

1Tas sasauran kitu, Isa ngadawuh ka murid-murid, 2“Dua poe deui aya perayaan Paska. Tah waktu eta, Putra Manusa bakal diselehkeun teh, terus disalibkeun.” 3Harita, imam-imam kapala jeung kokolot bangsa Yahudi mah keur karumpul di istana Imam Agung anu jenengan Kayapas; 4nya keur ngatur rencana rek nangkep ka Anjeunna baris terus ditelasan. 5Tapi salaurna, “Ulah keur perayaan, bisi matak jadi huru-hara ka rayat.” 6Waktu Isa linggih di imah ki Simon lepra, di Betania; 7aya hiji wanita anu ngadeuheusan ka Anjeunna bari mawa sabotol minyak seungit anu mahal. Sabot Isa keur tuang, eta minyak dikucurkeun kana rambut-Na. 8Murid-murid arambek dina hatena, pokna, “Wet dihahambur kitu! 9Mun jual, payu mahal; tuluy duitna sidekahkeun ka nu mariskin.” 10Isa uninga kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, “Keun bae, maraneh teu kudu openan. Ieu wanita keur nembongkeun katresnaanana ka Kami. 11Nu mariskin mah, sapapanjangna aya di maraneh. Ari Kami mah, babarengan teh moal lila. 12Ayeuna Kami ku ieu wanita diminyakan. Lampahna kieu teh, minangka sasadiaan keur mapag poean Kami dimakamkeun. 13Cek Kami ka maraneh: Di mana bae Injil diwawarkeun, di sakuliah dunya, anu ayeuna dilampahkeun ku ieu wanita baris disesebut, nya pikeun dipikaeling tea.” 14Geus kitu, salah saurang murid ti nu dua belas, — anu ngaran Yudas Iskariot — indit ka imam-imam kapala, mihatur kieu: 15“Abdi sanggup nyerenkeun eta Jelema. Naon engke buruhna?” Ku imam-imam kapala dibere duit, uang perakan tilu puluh. 16Ti dinya, manehna terus ngintip-ngintip waktu nu mustari, rek ngahianat ka Guruna. 17Dina poe kahiji tina Hari raya Roti Tanpa Ragi, murid-murid unjukan ka Isa, “Di mana bade nyayagikeun kangge riungan tuang Paska teh?” 18Ku Isa dibere hiji alamat di kota. Saur-Na deui, “Bejakeun kieu: Kami teh geus tereh cunduk kana dawuh. Kami hayang ngarayakeun pesta Paska heula di imah anjeun jeung murid-murid.” 19Sakumaha pamundut-Na ku murid-murid dilampahkeun, kaperluan tuang Paska disadiakeun. 20Sanggeus magrib Isa tuang ngariung jeung murid-murid. 21Sabot tuang, Anjeunna nyarios, “Di dieu aya anu rek ngahianat ka Kami, saurang.” 22Murid-murid tinghareluk, tuluy piligenti unjukan ka Anjeunna, “Abdi atanapi sanes?” 23Isa ngawaler, “Jelemana, nya eta anu engke bareng jeung Kami nganclomkeun roti kana ieu pinggan. 24Putra Manusa memang kudu tiwas, sakumaha cek Kitab Suci. Tapi cilaka kabina-bina, jelema anu ngalantarankeunana. Eta jelema, leuwih untung lamun teu kungsi dijurukeun.” 25Yudas, anu rek ngahianat mihatur, “Rabi, abdi atanapi sanes?” Waler Isa, “Sakumaha cek maneh.” 26Sabot tuang, Isa nyandak roti sarta ngucapkeun berkah. Terus rotina disemplekan, tuluy disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na, “Tampanan, dahar. Ieu teh daging Kami.” 27Geus kitu, nyandak lumur sarta muji sukur; tuluy eta lumur disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na, 28“Heg inum ku sarerea. Ieu teh getih Kami; getih perjangjian anu dikucurkeun guna mangpa'at jalma rea pikeun panghampura dosa. 29Tapi ti semet ieu Kami moal nginum-nginum deui anggur anu kieu, nepi ka waktuna nginum anggur anu anyar di Karajaan Ama Kami, babarengan jeung maraneh.” 30Sanggeus pupujian, Isa angkat ngajugjug ka Gunung Jetun diiring ku murid-murid. 31Di tengah jalan Anjeunna sasauran, “Peuting ieu iman maraneh bakal goncang lantaran Kami. Sabab cek Kitab Suci: Pangangonna ku Kami rek digebug, domba-domba-Na sina paburencay. 32Tapi di mana Kami hirup deui, Kami rek iang ti heula ka Galilea.” 33Petrus nempas, “Sanaos nu sanes-sanes goncang imanna, abdi mah moal!” 34Saur Isa, “Petrus, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles Kami.” 35Walon Petrus, “Moal, Jungjunan! Sanaos dugi ka pati maot bareng sareng Jungjunan, abdi mah moal dugi ka ngangles!” Murid-murid sejenna oge, kitu ngaromongna teh. 36Isa jeung murid-murid sumping ka hiji taman anu ngaranna Taman Getsemane. Anjeunna sasauran ka murid-murid, “Daragoan di dieu, sabot Kami sembahyang di ditu.” 37Aya anu dicandak tiluan, nya eta Petrus jeung anak Sebedeus, duanana. Manah-Na mimiti ngangres jeung palaur. 38Kedal saur ka nu tiluan, “Kami teh ku nalangsa, asa rek paeh bae. Daragoan di dieu, Kami baturan nyaring.” 39Anjeunna majeng deui saeutik, terus nyuuh ngadu'a, “Nun Ama, manawi kenging mah, ieu lumur kasangsaraan teh candak ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahayang Abdi, kedah numutkeun pangersa Ama.” 40Geus kitu, Anjeunna ningali heula murid-murid, ana kasampak geus sarare. Anjeunna ngagentraan ka Petrus, “Na teu sanggup maneh nyaring maturan Kami sajam bae? 41Maraneh kudu tetep nyaring tur kudu dibarung sembahyang, supaya henteu keuna ku dodoja. Karep mah kuat, tapi badan hengker.” 42Tuluy angkat deui, mindo ngadu'a, “Ama! Manawi parantos teu kenging sumingkir mah tina ieu lumur kasangsaraan, Abdi estu suka lilah ngiringan kana pangersa.” 43Waktu murid-murid ditingali deui, kasampak sarare keneh, awahing ku tarunduheun. 44Terus ku Anjeunna, eta nu tiluan teh, dikantun deui bae; geus kitu, Anjeunna ngadu'a deui pikeun katilu kalina; sasambat-Na, saperti nu tadi keneh bae. 45Geus kitu, nyampeur deui murid-murid bari ngagentraan, saur-Na, “Pek sing jarongjon reureuh sarare. Tuh, waktuna geus cunduk, Putra Manusa diselehkeun kana genggeman nu daroraka. 46Harudang, urang arindit. Tuh, anu ngahianat ka Kami teh geus deukeut!” 47Sabot sasauran keneh, ki Yudas, — salah saurang murid ti anu dua belas tea — geus jebul; manehna mawa balad loba pisan; eta jelema-jelema teh, titahan imam-imam kapala jeung parakokolot tea, pada marawa pedang jeung pepentung. 48Yudas enggeus mere sandi kieu, “Mana-mana anu ku kula dirangkul, terus tangkep bae.” 49Manehna nyampeurkeun ka Isa bari ngomong tarik, “Haturan, Rabi?” Pokna bari ngarangkul. 50Saur Isa ka manehna, “Kisanak, ka dieu teh rek naon tea?” 51Ti nu ngiring ka Anjeunna, nu saurang mesat pedang, tuluy diheumbatkeun; eta heumbatan pedang teh, keuna kana ceuli bujangna Imam Agung, nepi ka rampung. 52Tapi Isa ngalahir, “Asupkeun eta pedang teh kana sarangkana. Sabab anu maen pedang, paehna, tangtu ku pedang deui. 53Dikira Kami teu bisa nyambat ka Ama, menta malaikat dua belas legiun ngabantu Kami? 54Kitu carana mah atuh ayat Kitab anu unina, ‘Ieu kudu kajadian’ teh moal tinekanan.” 55Geus kitu, Isa ngalahir ka nu loba, saur-Na, “Naha Kami teh rampog, nepi ka marawa pedang jeung pepentung? Kapan unggal poe Kami sok aya di Bait Allah ngawuruk, naha ku maraneh diantep? 56Tapi memang kudu kieu, cocog jeung Kitab Suci.” Ti dinya mah, murid-murid teh kalalabur, naringgalkeun Anjeunna. 57Sanggeus ditangkep, Isa dihadepkeun ka Kayapas, Imam Agung. Di dinya, geus kumpul ahli-ahli Kitab jeung parakokolot. 58Ari Petrus nuturkeun ti kajauhan, nepi ka buruan Imam Agung; tuluy milu diuk jeung pangawal, hayangeun nyaho kumaha tungtungna. 59Imam-imam kapala, kitu deui anggota-anggota Mahkamah, satekah polah neangan bukti palsu, supaya Isa bisa dihukum paeh. 60Tapi teu hasil, sanajan saksi palsu teh loba. Ahirna, aya duaan nu ka hareup, 61ngong ngomong, “Ieu Jelema kungsi sosoak kieu: ‘Ieu Bait Allah ku Kami rek diruag, terus diadegkeun deui di jero tilu poe!’ ” 62Neut Imam Agung ngadeg, mariksa ka Isa, “Kumaha, moal dibantah eta dakwaan teh?” 63Isa mindel teu ngawaler. Imam Agung ngalahir deui, “Demi Allah nu jumeneng, aku sing bener: ‘Enya Maneh teh Al Masih, Putra Allah?’ ” 64Waler Isa, “Leres sakumaha pamariksa. Sareng Kaula seja nganyatakeun ka ieu rengrengan: ‘Ti semet ieu, ku aranjeun baris katingali Putra Manusa linggih di tengeneun Nu maha Kawasa, sumping dina mega di langit.’ ” 65Berewek Imam Agung nyoehkeun anggoanana, tuluy ngalahir, “Ieu Jelema ngahujat Allah. Pikeun naon urang ngayakeun deui saksi-saksi? Ku urang geus kareungeu kumaha ngahujat-Na. 66Kumaha putusan aranjeun?” Jawabna, “Kudu dihukum pati!” 67Ti dinya, jelema-jelema teh nyariduhan kana pameunteu-Na bari naronjok; nu sawareh deui ngagebug ka Anjeunna bari ngomong, 68“Sebutkeun ka kami, eh Al Masih, saha ieu anu neunggeul ka Maneh?” 69Ari Petrus diuk di buruan. Tuluy disampeurkeun ku hiji badega awewe. Eta badega awewe ngomong ka manehna, “Maneh sok babarengan jeung Isa urang Galilea!” 70Tapi Petrus mungkir, “Kumaha ngomong teh teu kaharti!” 71Waktu manehna ngaleos ka lawang kori, katenjoeun ku badega awewe sejenna, pok dibejakeun ka anu araya di dinya, “Eta jalma sok babarengan jeung Isa urang Nasaret tea.” 72Petrus mungkir bari susumpahan, “Teu wawuh kuring mah ka Eta teh!” 73Geus kitu, sakur nu araya di dinya nyalampeurkeun ka Petrus, ngaromong kieu, “Moal salah deui maneh teh batur-Na, kaciri tina lentong maneh.” 74Petrus ngutruk bari susumpahan, “Teu wawuh, teu wawuh ka eta Jelema teh!” Harita keneh, kadenge hayam kongkorongok. 75Ras, Petrus ingeteun kana dawuhan Isa anu kieu tea, “Memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles ka Kami.” Leos bae, manehna indit ka luar bari ceurik, nalangsa kabina-bina.

will be added

X\