MATEUS 25

1“Harita, Karajaan Sawarga teh, ibarat sapuluh mojang anu arindit mapag panganten. Arinditna marawa lampu. 2Mojang nu lima barodo, nu lima deui binangkit. 3Mojang-mojang nu barodo mawa lampu, tapi teu mekel minyak. 4Ari mojang-mojang nu binangkit mah, lampu mawa, minyakna mekel dina botol. 5Ku sabab panganten teu datang bae, mojang-mojang teh kaheesan. 6Ari geus tengah peuting, kadenge aya nu celak-celuk, ‘Panganten datang, papag!’ 7Mojang-mojang hararudang, pahibut ngurus lampu. 8Cek nu barodo ka nu binangkit, ‘Menta minyakna saeutik, tingali lampu kuring rek pareum.’ 9Diwalon, ‘Ulah, bisi kuring teu mahi anjeun teu mahi. Mending anjeun meuli ka warung.’ 10Sabot nu barodo arindit meuli minyak, pangantenna datang manten, tuluy diiring ku mojang-mojang nu geus tarapti. Geus nepi ka tempat pesta, tuluy pantona ditulakan. 11Mojang-mojang nu limaan deui daratang, pok pupuntenan, ‘Agan, punten!’ 12Ditembal ku ki Panganten, ‘Maap, teu wawuh!’ 13Kitu, nu matak kudu tetep tarapti sapapanjangna. Sabab maraneh, teu nyaho kana poe jeung waktuna.” 14“Karajaan Sawarga ge, ibarat hiji jelema anu arek nyaba ka luar nagri. Eta jelema nyalukan tilu bujangna arek dipihapean duit. 15Dititipanana teh, — kumaha kasanggupan bujang-bujangna — aya nu lima talenta, nu dua talenta, jeung anu satalenta. Geus kitu, eta jelema teh indit nyaba. 16Anu dipihapean lima talenta, duitna digolangkeun, meunang untung lima talenta. 17Nu dipihapean dua talenta oge meunang untung dua talenta. 18Ari nu dipihapean satalenta, anggur nyieun lombang, duitna diruang. 19Lawas ti lawas dununganana datang, tuluy balitungan. 20Datang nu nyekel lima talenta, — bari mawa untungna lima talenta — terus nyarita, ‘Artos anu lima talenta teh aya hibar kenging untung lima talenta.’ 21Cek dununganana, ‘Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia, tigin kana tanggung jawab leuleutikan. Engke maneh bakal dibere tanggung jawab anu leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng sabagja jeung kami.’ 22Datang deui nu nyekel dua talenta, terus nyarita, ‘Artos anu dua talenta teh, aya hibar kenging untung dua talenta.’ 23Cek dununganana, ‘Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia, tigin kana tanggung jawab leuleutikan. Engke maneh bakal dibere tanggung jawab anu leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng sabagja jeung kami.’ 24Tuluy datang anu nyekel satalenta tea, terus nyarita, ‘Abdi terang, yen juragan teh jalmi lalim, sok mibuatan tanduran batur sareng metik hasil pelak batur. 25Ku margi eta, artos kagungan juragan teh ku abdi diruang dina taneuh. Mangga ieu kasanggakeun deui.’ 26Jawab dununganana, ‘Eh, bujang jahat goreng pucus pangedulan! Kutan nyaho yen kami sok mibuatan tanduran batur jeung metik hasil pelak batur? 27Ari nyaho kitu mah, atuh duit kami teh, dititipkeun ka tukang ngagolangkeun duit, supaya ari kami balik bisa dipulangkeun jeung batina. 28Ayeuna, cokot duit kami ti ieu jelema, urang pasrahkeun ka anu duitna geus jadi sapuluh talenta. 29Sabab nu geus boga mah kabogana bakal tambah, nepi ka lubak-libuk. Ari nu teu boga mah, kabogana anu geus aya ge bakal dicokot kabeh. 30Suntrungkeun ieu bujang tanpa guna teh ka tempat nu pangpoekna. Nya di dinya, enggonna midangdam jeung kumerot huntu.’ ” 31“Di mana Putra Manusa sumping kalawan agung-Na diiring ku sakabeh malaikat, bakal linggih dina tahta kamulyaana-Na. 32Sakabeh bangsa bakal dikumpulkeun payuneuna-Na; tuluy dibagi dua, cara ki pangangon misahkeun domba jeung embe. 33Domba aya di tengeneuna-Na, embe di kiwaeuna-Na. 34Sang Raja lajeng ngandika ka nu aya di tengeneuna-Na, ‘Salam ka aranjeun, anu ginuluran rahmat ti Kangjeng Rama! Tarima ganjaranana, karajaan keur aranjeun anu disadiakeunana ti barang dunya gumelar. 35Sabab waktu Kami lapar, ku aranjeun dibere dahar; keur Kami halabhab, ku aranjeun dibere nginum; keur Kami jadi semah, ku aranjeun dianjrekkeun; 36keur Kami sataranjang, ku aranjeun dibere pakean; keur Kami gering, ku aranjeun dilayad; keur Kami dipanjara, ku aranjeun dilongokan.’ 37Umat nu balener ngawangsul, ‘Nun Jungjunan, iraha Jungjunan lapar, ku abdi-abdi dihaturanan tuang; nalika Jungjunan hanaang, ku abdi-abdi dihaturanan ngaleueut? 38Nalika Jungjunan jadi semah, iraha ku abdi-abdi dihaturanan pangkuleman atanapi Jungjunan nuju sataranjang ku abdi-abdi dihaturanan anggoan? 39Nalika Jungjunan teu damang, iraha ku abdi-abdi dilayad atanapi nalika Jungjunan dipanjara ku abdi-abdi dilongokan?’ 40Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, kieu saenyana: Sagala pitulung aranjeun anu dibikeun ka ieu dulur Kami anu panghinana, eta teh nulungna ka Kami pisan.’ 41Ari ka nu di kiwaeuna-Na, kieu pangandika-Na, ‘Nyingkah maraneh, he umat jahat; tuh ka ditu, ka jero seuneu anu langgeng, seuneu pikeun Iblis jeung malaikat-malaikatna. 42Sabab waktu Kami lapar, maraneh teu mere dahar; waktu Kami halabhab, maraneh teu mere cai; 43waktu Kami jadi semah, maraneh henteu nganjrekkeun; waktu Kami sataranjang, maraneh teu mere pakean; waktu Kami gering atawa waktu Kami dipanjara, ku maraneh teu dilayad!’ 44Umat nu daroraka ngajawab, ‘Iraha abdi-abdi ningal Jungjunan palay, atanapi halabhab, atanapi nuju jadi semah, atanapi nuju sataranjang, atanapi nuju dipanjara ku abdi-abdi teu dipirosea?’ 45Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, ka maraneh: Ku sabab maraneh tara nulung ka ieu dulur Kami nu panghinana, eta saenyana, ka Kami pisan teu nulung teh.’ ” 46“Jelema-jelema anu karitu” dawuhan Isa, “bakal dijongklokkeun ka tempat siksaan anu langgeng. Ari anu balener baris ginanjar hirup nu langgeng.”

will be added

X\