MATEUS 23

1Isa terus sasauran ka jalma rea, kitu deui ka murid-murid-Na. 2“Ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi kawaris kalungguhan korsi Musa. 3Ku sabab eta, sakur piwurukna kudu digugu dilakonan, tapi ulah nurutan kalakuanana. Sabab ngawurukna mah geus ahli, ari ngalampahkeun tara. 4Ka batur ngabegbregan taktakna ku nu bareurat, ari dirina mah noel ge teu daek. 5Sagala damelna hayang katangar. Pita do'ana parubak-rubak, rumbe-rumbena papanjang-panjang. 6Di nu hajat-hajat, ana calik milih tempat nu terhormat; kitu deui di tempat-tempat ibadah, maranehna sok nyongcolang calik di jajaran panghareupna. 7Maranehna mah, di pasar-pasar ge sok malar panghormat jeung palay disebut Rabi (Ama Guru). 8Ari maraneh mah, ulah harayang disebut Rabi; da ngan hiji Rabi teh, Rabi maraneh, tur maraneh mah tunggal sadulur. 9Jeung maraneh teh, ulah nyebut Rama ka papada jalma mah; da ngan hiji Rama mah, Rama maraneh nu di sawarga. 10Maraneh oge ulah nepi ka disebut pamingpin; sabab ngan aya hiji pamingpin maraneh mah, nya eta Al Masih. 11Anu pangpunjulna di antara maraneh, kudu purun jadi palayan batur sorangan. 12Saha-saha anu nganggap diri punjul ti batur bakal direndahkeun; tapi anu handap asor mah, baris dijungjung. 13Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun meundeut-meundeutkeun lawang-lawang Karajaan Sawarga: Sorangan teu daek asup; ka batur ngahalang-halang. 14Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, jelema-jelema munapek! Aranjeun neureuyan kahirupan randa-randa dibarung macikeuh batur ku do'a nu pararanjang. Ku sabab kitu, kacida beuratna engke hukuman aranjeun. 15Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun meuntas lautan ngambah daratan, rek ngicuk jalma saurang sina asup agama aranjeun. Ari geus beunang, manehna, ku aranjeun dijieun ahli naraka. Nya anu jahatna teh, leuwih ti batan aranjeun. 16Cilaka aranjeun, he pamingpin-pamingpin lolong! Cek aranjeun: Sumpah demi Bait Suci mah, henteu sah; tapi mun sumpahna demi emas Bait Suci mah, ngabeungkeut. 17He aranjeun, jelema-jelema anu kabalinger jeung lolong. Na penting mana, emasna atawa Bait Sucina anu ngalantarankeun emasna tea jadi suci? 18Cek aranjeun: Sumpah nyebut demi mezbah mah, henteu sah; kajaba mun nyebut demi sasajen nu dina mezbah; kakara, eta sumpahna teh, ngabeungkeut. 19Eh, nu lalolong! Na penting mana, sasajenna atawa mezbahna anu ngalantarankeun sasajen tea jadi suci? 20Jadi, sing saha anu sumpah bari jeung nyebut demi mezbah; eta sumpahna teh, nya demi mezbah nya demi sasajenna. 21Jaba ti eta, sing saha anu sumpah bari jeung nyebut demi Bait Suci; eta sumpahna teh, nya demi Bait Suci, nya demi Allah anu linggih di Bait Suci. 22Kitu oge anu sumpah bari jeung nyebut demi langit; manehna teh, geus sumpah demi singgasana Allah jeung demi Allah anu linggih dina eta singgasana. 23Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Jakat perpuluh tina solasih, hades manis, jeung jinten ku aranjeun dicumponan; tapi ari pepentingna pangajaran Toret, nya eta kaadilan, welas asih, jeung kasatiaan dilalaworakeun. Anu sarupa memang wajib dicumponan, tapi anu sarupa deui ge teu meunang dilalaworakeun. 24Eh, aranjeun pamingpin-pamingpin lolong, ari reungit tina inumeun dipiceun, ari onta diteureuy buleud! 25Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Cangkir jeung mangkok luarna diberesihan, ari di jerona pinuh ku beunang rarampas jeung sipat sarakah. 26Eh, urang Parisi anu lalolong! Beresihan heula beulah jerona cangkir teh, beulah luarna mah moal teu milu beresih! 27Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun teh, lir makam nu dikapur; ti luar tembong bodas beresih, ari di jerona pinuh ku tulang-taleng jeung rupa-rupa rereged. 28Aranjeun teh ari ulat pinandita; ari jejeroanana, nya munapek, nya durjana!” 29“Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun ngalus-ngalus makam nabi-nabi jeung ngahias tugu jalma-jalma soleh, 30bari umangkeuh: Mun urang sajaman tea mah jeung karuhun, pamohalan milu maehan ka nabi-nabi teh. 31Padahal, eta ucap kalakuan kitu teh sasat ngaku sorangan, yen aranjeun memang turunan jelema-jelema anu maraehan nabi-nabi tea. 32Pek geura cucudkeun takeran karuhun aranjeun teh! 33Eh aranjeun, jelema-jelema anu lir oray! He turunan jelema-jelema anu lir oray! Rek luput kumaha aranjeun tina siksa naraka? 34Ku sabab eta, kanyahokeun: Kami rek ngadatangkeun nabi-nabi, paraalim, jeung guru-guru agama ka maraneh; tapi nu sawarehna, ku maraneh teh bakal dipaehan jeung disalibkeun; nu sawarehna deui, ku maraneh bakal disiksa di tempat-tempat sembahyang; ari sesana, ku maraneh bakal dikaniaya, boh di nagri itu, boh di nagri ieu; 35supaya maraneh nanggung wawales ngucurkeun getih jelema-jelema nu taya salahna: Mimiti ti Habil nu ibadah tea, nepi ka Jakaria anak Berehya, anu ku maraneh dipaehan antara tempat suci jeung mezbah. 36Cek Kaula, ka aranjeun, kabeh-kabeh wawalesna keunana ka manusa-manusa jaman kiwari.” 37“Weu Yerusalem, Yerusalem, nu geus maehan nabi-nabi jeung maehan jelema-jelema utusan ku batu! Sering Kami teh micangcam hayang ngarangkul anak-anak maneh, kawas hayam nyirekeman anak-anakna ku jangjangna; tapi maranehna, narolak. 38Eta padumukan maneh engke mah suwung. 39Jeung Kami ngabejaan, ti semet kiwari maneh moal nenjo-nenjo deui Kami nepi ka maneh ngucap: ‘Mugia wilujeng Anu sumping kalayan jenengan Pangeran!’ ”

will be added

X\