MATEUS 22

1Isa nyarios deui ka maranehna ku misil, saur-Na, 2“Karajaan Sawarga teh saupama hiji raja anu hajat ngarendengankeun putrana. 3Raja nimbalan ponggawa-ponggawa nyusulan paraondangan, tapi ondangan taya nu datang. 4Tuluy raja miwarangan deui ponggawa-ponggawa sejenna, dawuhanana: Bejakeun ka nu geus diarondang, hajat kami geus tarapti; sapi-sapi jalu, — nya kitu deui pipiaraan sejenna — geus dipareuncit, malah mah geus diolahkeun. Geura sarumping kitu. 5Tapi anu diarondang teh, teu aya nu ambil pusing: Aya nu leos ka kebon jeung aya nu jongjon-jongjon bae di toko. 6Aya oge, — anu sawarehna deui — nu pada nyerek paraponggawa, nya pikeun disiksa atawa dipaehan tea. 7Raja jadi wera, tuluy ngiangkeun wadya bala, jelema-jelema nu maehan teh dibasmi, padumukanana dihuru. 8Geus kitu, eta raja, nimbalan ka abdi-abdina: Hajat kawin geus tarapti; ari nu geus diarondang, ayeuna geus teu pantes ka dieu. 9Ku sabab eta, datangan jalan-jalan cagak, sakur anu liwat ondang ku maraneh ka dieu. 10Abdi-abdi arindit, tuluy sakur anu kapanggih di jalan-jalan, nu jahat, nu bageur dikerid, nepi ka balandongan teh pinuh ku semah. 11Waktu raja lebet nemonan semah, katingali nu saurang dangdananana lain paranti ka nu hajat. 12Tuluy raja ngadawuh: Ki Sanak, naha eta dangdanan teh lain pakean paranti ka anu hajat? Nu dipariksa ngabetem bae. 13Raja nimbalan ka abdi-abdina: Borogod ieu jelema teh sukuna jeung leungeunna, terus balangkeun ka tempat anu pangpoekna, keun sina gegerungan bari kumerot huntu. 14Sabab najan loba nu disaur, anu kapilih mah ngan saeutik.” 15Geus kitu, urang Parisi tinglaleos; tuluy maranehna baradami pipetaeun naheunan Isa ku hiji sual. 16Maranehna nitahan murid-muridna bareng jeung anggota-anggota parteyna raja Herodes nyual ka Isa, pokna, “Guru, parantos teu aya nu bireuk deui ka Anjeun, yen Anjeun teh jujur tur satarabasna ngawurukeun jalan Allah; nya Anjeun teh teuneung ludeung mayunan sing saha bae, wireh sanes pangalapan. 17Cobi saurkeun, kumaha panggalih Anjeun: Naha wenang atanapi henteu mayar pajeg ka prabu?” 18Isa, anu uninga kana maksud maranehna anu julig ngawaler, “Na make ngadoja ka Kami, eh jelema-jelema anu munapek? 19Ka dieukeun duit keur mayar pajeg teh, cik Kami ngilikan.” Tuluy maranehna nyodorkeun duit dinaran. 20Saur Isa, “Cik, ieu gambar saha jeung tulisan saha?” 21Jawabna, “Gambar sareng tulisan prabu.” Saur Isa, “Anu wajib disanggakeun ka prabu, sanggakeun ku maraneh ka prabu jeung anu wajib disanggakeun ka Allah, sanggakeun ku maraneh ka Allah.” 22Diwaler kitu teh maranehna bati tingpolongo, terus ngelemet undur. 23Poe eta keneh, jol deui ka Isa sababaraha urang Saduki, nya eta kaom anu teu percaya kana ayana poe kiamat. 24Maranehna naranya kieu, “Saur Nabi Musa, upami hiji lalaki maot teu ninggalan anak; tilas bojona kedah terus dikawin ku dulurna nu hilang, supados nurunkeun turunan keur dulurna nu geus teu aya tea. 25Ayeuna, aya lalaki tujuh padudulur. Nu kahiji kawin, geletuk maot. Ku margi teu ninggalan anak, randana dikawin ku dulurna. 26Kitu bae saterasna: Nu kadua, nu katilu dongkap ka nu katujuh, mararaot. 27Ahirna, awewena oge maot. 28Dina poe kiamat, ti antara eta anu tujuh teh, nu mana salakina eta awewe; margi tujuhanana kantos ngawin manehna.” 29Ku Isa diwaler kieu, “Aranjeun teh sasar; da aranjeun mah teu ngaharti kana Kitab Suci jeung teu ngarti kana kakawasaan Allah! 30Dina poe kiamat mah, jelema teh henteu kawin, henteu dikawinkeun. Sabab hirupna teh, cara malaikat di Sawarga. 31Hal perkara hudangna anu maraot, naha aranjeun acan maca anu didawuhkeun ku Allah? Timbalanana: 32Ieu Kami Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Isak, jeung Allah nu disembah ku Yakub. Anjeunna, lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu maraot, tapi Allah nu disembah ku jelema-jelema anu harirup.” 33Balarea ngadarenge kitu teh kacida heranna, mikahelok piwulang-Na. 34Barang urang Parisi meunang beja yen urang Saduki beunang kabungkem ku Isa, tuluy karumpul. 35Geus kitu, nu saurang, nya eta ahli Kitab nanya kieu, — maksudna ngadoja ka Anjeunna — 36“Guru, timbalan nu mana anu pangutamana dina Toret?” 37Waler Isa, “Kudu nyaah ka Pangeran, — Allah nu disembah ku maneh — kalawan sabuleudna hate, sabuleudna jiwa, sarta saakal budi. 38Eta timbalan nu pangutamana. 39Timbalan anu kadua, anu sarua pentingna jeung eta: Kudu nyaah ka pada manusa lir ka awak sorangan. 40Nya ka ieu dua timbalan gumantungna saeusining Toret jeung kitab nabi-nabi.” 41Waktu urang Parisi keur kumpul, ku Isa ditaros kieu: 42“Kumaha pamanggih aranjeun ngeunaan Al Masih, ari Anjeunna putra saha?” Walonna, “Putra Daud.” 43Saur Isa, “Lamun bener kitu, na kumaha Daud ku pituduh Ruh bisa nyebat ‘Jungjunan’ ka Anjeunna? Nya eta waktu anjeunna nyebatkeun kieu: 44‘Pangeran ngadawuh ka Jungjunan kaula: Calik-calik di katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep ku Kami dijieun titincakan Hidep.’ 45Ari Daud nyebat ‘Jungjunan’ mah ka Anjeunna, na kumaha bisa jadi putrana?” 46Taya saurang-urang acan anu bisa ngajawab ka Anjeunna. Jeung ti semet poe eta, saurang ge, teu aya nu wani nyual-nyual deui ka Anjeunna.

will be added

X\