MATEUS 21

1Sanggeus Isa jeung murid-murid sumping ka Betpage, — di Gunung Jetun, geus deukeut ka Yerusalem — Anjeunna miwarangan dua murid, 2saur-Na, “Teruskeun ka ditu, ka kampung beh hareup. Engke, maraneh bakal manggih kalde bikang keur dicangcang, teu jauh ti anakna. Udaran talina, terus bawa ka Kami. 3Mun aya nu ngageureuh-geureuh, bejakeun: Rek dianggo ku Jungjunan, engke dipulangkeun deui.” 4Ku hal eta, nubuwatan nabi-nabi baris bukti, kieu: 5‘Tuduhkeun ka putri Sion: Itu Raja maneh sumping. Lemes budi-Na, sumping-Na nitih kalde, kalde umbal ngora keneh!’ 6Eta dua murid teh, tuluy indit ngalakonan piwarangan. 7Kaldena dibawa jeung anakna, beunang nyelaan ku jubah masing-masing. Clak, ku Isa, ditunggangan. 8Anu ngiring, anu sakitu lobana, bur-bar ngalamparkeun jubah masing-masing di tengah jalan; ari nu sawarehna deui, ngalamparkeun dangdaunan beunang mites-miteskeun tina tangkalna. 9Leugeudeut ngaleut di payuneun jeung pungkureuna-Na, bari tinggarero: “Hosana ka Putra Daud! Mugia Anjeunna dirahmat, anu rawuh kalayan Asma Pangeran. Hosana di tempat nu mahaagung!” 10Barang sup, — Anjeunna lebet — ka jero kota, urang kota gehger, “Saha Eta? Saha Eta?” 11Dijawab ku nu ngariring, “Nabi Isa, asal ti Nasaret, daerah Galilea!” 12Ti dinya, Isa lebet ka Bait Allah. Anu keur jarual meuli di dinya diusir. Meja-meja tukang nalukeuran duit, — kitu deui — bangku-bangku tukang dagang japati dibalik-balikkeun sarta kieu dawuhana-Na: 13“Geus aya tulisanana kieu: Gedong Kami baris kasebut tempat babakti. Ari ku maraneh dijieun guha begal.” 14Geus kitu, aya anu lalolong jeung galempor nyalampeurkeun Anjeunna ka jero Bait Allah; ku Anjeunna, maranehna dicalageurkeun. 15Barang imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab nyarahoeun kitu, — turug-turug pusing ku barudak anu ear di Bait Allah tinggarero, “Hosana ka Putra Daud!” — pohara arambekna; 16tuluy maranehna negor ka Anjeunna, “Kareungeu ku Anjeun, eta barudak nyebut naon?” Waler Isa, “Kareungeu. Naha ku aranjeun can kabaca anu kieu, ‘Biwir orok sareng barudak anu nyarusu keneh ku Anjeun disina ngedalkeun pupujian?’ ” 17Ti dinya, aranjeunna ku Isa dikantun; Anjeunna terus ka luar kota, ka Betania; terus Anjeunna ngawengi di dinya. 18Poe isukna, keur ka kotakeun deui, di tengah jalan Isa ngaraos lapar. 19Ningali aya tangkal kondang sisi jalan; tuluy ku Anjeunna dicaketan, tapi teu mendak nanaon iwal ti daunna. Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka eta tangkal, saur-Na, “Maneh moal bubuah deui salalawasna!” Dadak sakala eta tangkal teh garing. 20Murid-murid-Na arolohok bae anu aya, tuluy mihatur, “Naha bet dugi ka ngadadak garing kitu?” 21Isa ngawaler, “Cek Kami, ka maraneh: Saenyana, lamun maraneh percaya tur henteu hamham, maraneh oge lain bae bakal mampuh nyieun kitu kawas Kami ka eta tangkal, tapi oge mun cek maneh ka ieu gunung: Pindah ka ditu, ka laut! Pasti ngajadi. 22Jeung naon bae sakur anu dipenta disambat dina paneda kalawan percaya sagemblengna, tangtu baris dikabul.” 23Geus kitu, Isa lebet ka Bait Allah, terus ngawulang. Sabot kitu, imam-imam kapala jeung kokolot bangsa Yahudi naranya kieu ka Anjeunna, “Make hak naon Anjeun milampah kitu teh? Saha anu ngawasakeunana?” 24Waler Isa, “Kaula ge seja nanya saperkara. Lamun eta dijawab, Kaula tangtu ngajawab pertanyaan aranjeun, make hak naon Kaula milampah kitu. 25Ari Yahya kagungan hak ngabaptis ti saha? Ti sawarga atawa ti manusa?” Aranjeunna badami heula, salaurna, “Disebutkeun ti sawarga, tangtu disabab: Ku naon teu dipercaya? 26Disebutkeun ti manusa, urang teh sieun ku rahayat; da anggapan maranehna mah, Yahya teh nabi.” 27Tuluy aranjeunna ngawalon kieu, “Walahu'alam, teu terang!” Saur Isa ka aranjeunna, “Lamun kitu mah, Kaula ge moal nerangkeun, ti mana Kaula meunang hak ngalampahkeun kitu.” 28“Kumaha pamendak aranjeun tina ieu carita? Aya Jelema nu boga dua anak lalaki. Nitah ka anakna nu cikal: ‘Ujang, geura ka kebon digawe.’ 29Jawabna: ‘Mangga,’ tapi teu prak. 30Nitah deui ka anakna nu kadua cara tadi. Jawabna: ‘Alim,’ tapi lila-lila kaduhungeun, tuluy digawe. 31Antara eta dua anak, nu mana anu ngalakonan pamenta bapana?” Walonna, “Nu pandeuri.” Saur Isa ka aranjeunna, “Cek Kaula, ka aranjeun: Saenyana, aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang cuke jeung awewe palacuran. 32Sabab Nabi Yahya teh sumpingna seja nuduhkeun jalan nu bener ka aranjeun, tapi ku aranjeun teu dipercaya. Tukang-tukang cuke jeung awewe palacuran mah, percayaeun. Ari aranjeun sakitu sidik nya ningal, angger teu aya rasa kaduhung, tetep teu percaya ka anjeunna.” 33“Aya deui misil sejen, kieu: Aya tuan tanah muka kebon anggur anu sakurilingna dipager; jaba ti eta, manehna oge nyieunkeun bak pikeun pameresanana jeung nyieun ranggon paranti jaga. Geus kitu, kebonna disewakeun, sina digararap ku nu sejen; ari manehna mah, kencling nyaba ka nagri sejen. 34Barang geus meh usumna mupu, manehna ngajurungan bujang-bujangna ka nu nyarewa baris narik bagianana. 35Bujang-bujangna teh, ku nu nyarewa kebon anggur tea, dipahala: Aya nu diteunggeulan, nu dipaehan, nu dibaledogan ku batu. 36Tuluy eta tuan tanah teh, nitahan deui bujang-bujang sejen leuwih loba. Tapi ieu oge, nasibna, sarua kawas nu ti heula. 37Panungtunganana, nu dititah teh anakna; pamikirna, ka anakna mah meureun daraek ngahargaan. 38Tapi kakara ge beh ka manehna, nu nyarewa teh geuwat sakait pada batur, pokna: Ieu mah, ahli warisna. Hayu urang paehan; engke, warisanana keur urang. 39Tuluy eta anak tuan tanah teh, ku maranehna dicerek, ditotogkeun ka luareun kebon anggur pikeun dipaehan. 40Cik, di mana eta tuan tanah datang arek kumaha ka eta anu nyarewa kebonna?” 41Walonna, “Jelema jarahat kitu mah, tangtu dibasmi; ari kebon anggurna disewakeun deui ka nu sejen, anu pibenereun mere hasil kebonna dina waktuna.” 42Saur Isa, “Kumaha aranjeun geus ngaos tina Kitab Suci? Kieu ungelna: ‘Batu nu dipiceun ku tukang tembok, geus dijieun batu juru: Kitu kersaning Pangeran mah, anu cek urang mah, eta teh aneh.’ 43Ku sabab eta, Kaula ngabejaan ka aranjeun: Karajaan Allah teh bakal dirampas ti aranjeun, dipasrahkeun ka bangsa sejen anu tangtu baris ngahasilkeunana. 44Jeung saha-saha anu tibeubeut kana eta batu, pinasti ajur; sarta saha-saha nu ditinggang ku eta batu, pinasti remuk.” 45Ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab karasaeun pisan, yen anu dimaksad ku Anjeunna teh nya aranjeunna. 46Kahoyongna mah, Isa ditangkep harita keneh; tapi nya kitu, teu wani prak lantaran sieuneun ku rayat; da rayat mah, ka Anjeunna, nganggapna teh nabi.

will be added

X\