MATEUS 19

1Sanggeus cacarios kitu, Isa jengkar ti Galilea, angkat ka daerah Yudea di peuntaseun walungan Ciyordan. 2Loba pisan anu ngariring sarta anu gareringna ku Anjeunna dicalageurkeun di dinya. 3Aya sawatara urang Parisi daratang rek ngadoja ka Anjeunna, naranya kieu, “Kumaha ari Toret urang ngidinan atawa henteu, lantaran naon bae, salaki nyerahkeun bojona?” 4Ku Isa diwaler, “Na aranjeun acan ngaji ayat anu nerangkeun, yen ti barang Allah ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe? 5Sarta timbalana-Na, ‘Ku sabab eta lalaki teh bakal incah ti indung bapana, tuluy ngaraketan bojona sarta duanana bakal jadi sadaging.’ 6Ku sabab eta, maranehna geus lain dua deui, tapi hiji. Kitu nu matak, mana-mana anu dirangkepkeun ku Allah, henteu meunang dipisahkeun ku jelema.” 7Urang Parisi nempas, “Ku naon atuh Nabi Musa marentahkeun, yen lamun salaki nyerahkeun pamajikan kudu mere surat talak?” 8Waler Isa, “Nabi Musa ngidinan nyerahkeun soteh lantaran aranjeun baredegong. Katangtuan nu mimiti mah, lain kitu. 9Tapi cek Kaula ka aranjeun, ‘Sing saha anu nyerahkeun pamajikan, — kajaba ku lantaran pamajikanana ngabogaan watek nyelewer — tuluy manehna kawin ka awewe sejen, eta teh jinah.’ ” 10Murid-murid mihatur, “Upami laki rabi kitu sualna mah, atuh langkung sae henteu kawin.” 11Isa ngawaler, “Henteu kabeh bisa ngaharti kana ieu sual, ngan anu diparengkeun ku Pangeran bae. 12Aya nu teu bisa kawin lantaran geus kitu ti keur dikandungna keneh; aya nu ku lantaran dijieun ku jelema; aya oge anu memang ngahaja, ngarah husu kana urusan kasawargaan. Tapi sing saha anu bisa ngaharti, sing daek ngaharti.” 13Ti dinya, aya nu ngadareuheuskeun barudak leutik ka Isa, sina ditumpangan panangan jeung didungakeun. Tapi ku murid-murid dicarekan. 14Saur Isa ka murid-murid, “Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dihalang-halang. Nya jelema-jelema anu saperti maranehna, anu bakal ngamilik Karajaan Sawarga teh.” 15Tuluy eta barudak teh, ku Anjeunna ditumpangan panangan jeung didungakeun. Geus kitu, Anjeunna angkat deui ti dinya. 16Aya saurang jajaka datang ka Isa, mihatur kieu, “Guru, naon anu sae, anu kedah dilakonan, supados abdi tinemu sareng hirup anu langgeng?” 17Waler Isa, “Naha nanyakeun nu hade ka Kami? Nu Hade mah ngan hiji. Tapi ari hayang hirup langgeng mah, lakonan parentah Allah.” 18“Anu mana?” carek eta jelema. Saur Isa, “Maneh ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu, 19kudu hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka pada batur kawas nyaah ka diri.” 20Walonna, “Eta, sadayana, parantos dilakonan. Naon kirangna?” 21Saur Isa, “Ari hayang sampurna mah, jual kabeh babandaan; tuluy duitna dermakeun ka pakir miskin, supaya beunghar di sawarga. Geus kitu, maneh ka dieu deui pikeun ngiring ka Kami.” 22Ditimbalan kitu teh, eta jajaka, balikna mani nguyung lantaran loba pisan bandana teh. 23Saur Isa ka murid-murid, “Memang hese jelema beunghar asup ka Karajaan Sawarga teh. 24Sakali deui, cek Kami, ‘Babari keneh onta moncor kana liang jarum, ti batan nu beunghar asup ka Karajaan Sawarga.’ ” 25Dicariosan kitu, murid-murid jadi recok, pokna, “Saha nu tiasa salamet atuh, upami kitu mah?” 26Maranehna ku Isa diteuteup, pok Anjeunna sasauran, “Di jelema mah, memang mustahil eta teh. Tapi di Allah mah, teu aya barang mustahil.” 27Petrus mihatur, “Abdi-abdi parantos cul sagala rupi, teras ngiring ka Jungjunan. Hoyong terang baris kenging naon?” 28Waler Isa, “Cek Kami, saenyana, dina jaman sarwa anyar engke, di mana Putra Manusa linggih dina tahta kamulyaana-Na; maraneh, anu geus ngingiring ka Kami, oge bakal nempatan dua welas tahta katut hak ngahukum ka dua belas kaom Israil. 29Oge sing saha anu ku lantaran anut ka Kami iklas ninggalkeun rumah tangga, dulur awewe, lalaki, indung, bapa, atawa anak, atawa raja kaya, bakal meunang saratus kalieun ti ayeuna, tur meunang hirup anu langgeng. 30Tapi anu ayeuna geus ti hareula, loba nu bakal jadi pandeuri; ari nu ayeuna pandeuri, loba nu bakal jadi ti heula.”

will be added

X\