MATEUS 17

1Heuleut genep poe, Petrus, Yakobus, jeung Yahya ku Isa dicandak ka hiji gunung anu luhur. Di dinyana ngan aranjeunna bae. 2Geus kitu, ku nu tiluan katenjo, Isa salin rupi. Raray-Na moncorong lir panonpoe, panganggo-Na hurung gumebyar. 3Katingal oge aya Nabi Musa jeung Nabi Elias, keur cacarios jeung Anjeunna. 4Petrus mihatur, “Jungjunan, estu, bagja abdi-abdi aya di dieu teh. Jungjunan, saena mah, urang ngadamel saung tilu di dieu: Kangge Jungjunan, kangge Nabi Musa, sareng kangge Nabi Elias.” 5Sabot manehna ngomong keneh, ngadak-ngadak aya mega anu ngagebyar turun mayungan ka Aranjeunna. Tina mega teh aya sora, “Ieu teh Putra Kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing anut ka Anjeunna.” 12:18, Mrk. 1:11, Luk. 3:22* 6Awahing ku sieun kana eta sora, murid-murid teh nyaluksruk kana taneuh. 7Ku Isa disampeurkeun terus diusap. “Cengkat” dawuhana-Na, “tong sarieun!” 8Barang maranehna cengkat geus teu aya sasaha, kantun Isa bae. 9Waktu marudun ti gunung Isa mesen, “Kade, tetenjoan anu tadi ulah diucah-aceh, nepi ka Kami hudang deui ti nu maraot.” 10Pihatur nu tiluan, “Upami kitu, naon margina ahli-ahli Kitab nyebatkeun yen Nabi Elias kedah sumping ti payun?” 11Waler-Na, “Nabi Elias memang baris sumping, pikeun ngomean sakur nu perlu. 12Ku Kami dibejakeun: Nabi Elias teh geus sumping, tapi teu aya nu wawuheun. Sikep jalma-jalma ka anjeunna sakarep-karep pisan. Putra Manusa oge bakal disangsara ku maranehna.” 13Ti dinya murid-murid teh ngarti, yen anu dimaksad ku Anjeunna teh Nabi Yahya. 14Sanggeus Isa jeung nu tiluan kumpul deui jeung nu rea, datang hiji jelema, tuluy nyembah; 15pok manehna mihatur, “Jungjunan, mugi hawatos ka pun anak, margi sok sakalor. Sering pisan tikusruk kana seuneu atanapi ka cai. 16Parantos dibantun ka murid-murid Jungjunan, nanging teu tariasaeun naon-naon.” 17Saur Isa, “Eh, umat nu teu boga iman tur sasar! Sabaraha lilana deui Kami kudu babarengan teh? Kudu nepi ka mana Kami sabar teh? Bawa budakna ka dieu!” 18Terus setanna ku Isa ditimbalan kalawan bengis pisan, sina ingkah ti eta budak. Harita keneh oge, eta budak teh, cageur. 19Sanggeus teu aya sasaha, murid-murid mihatur ka Isa, “Naon margina ku abdi-abdi mah teu beunang diusir eta setan teh?” 20Saur Isa, “Lantaran maraneh henteu cengeng percayana. Sabab saenyana, mun maraneh boga iman, — najan ngan sagede siki sasawi — mun ieu gunung ku maraneh sina pindah tempat, tangtu ieu gunung pindah; tur moal aya perkara nu pamohalan keur maraneh. 21Tapi bangsa nu tadi mah, moal bisa diusir lamun henteu bari nyambat ka Pangeran jeung puasa.” 22Sanggeus Isa jeung murid-murid aya di Galilea, Anjeunna nyarios kieu, “Putra Manusa teh bakal diserenkeun kana genggeman manusa, tuluy ku maranehna dipaehan. Tapi dina poe katilu, baris digugahkeun, nya dihirupkeun deui.” 23Hal ieu kacida matak ngaherukna ka murid-murid. 24Sasumping-Na, Isa samurid-murid, ka Kapernaum, Petrus disampeurkeun ku tukang narik pajeg Bait Allah, ditanya, “Ari Guru anjeun sok mayar pajeg Bait Allah?” Jawab Petrus, “Osok!” 25Petrus terus asup ka imah, ku Isa dipiheulaan dipariksa, “Simon, kumaha ari cek maneh, saha biasana anu wajib mayar pajeg atawa upeti ka prabu? Warga nagara atawa bangsa asing?” 26Walon Petrus, “Bangsa Asing.” Saur Isa ka manehna, “Jadi, warga nagara mah teu kudu mayar. Tapi keun bae, urang teu meunang ngalawan. 27Jung, ayeuna, maneh nguseup ka talaga. Engke, lauk anu nyanggut ti heula angkat; tuluy eta lauk teh calangapkeun, dina sungutna aya duitan; eta duit teh cukup keur mayar pajeg Bait Allah: Pikeun Kami jeung maneh.”

will be added

X\