MATEUS 15

1Geus kitu, urang Parisi jeung ahli Kitab ti Yerusalem daratang ka Isa, naranya kieu: 2“Ku naon murid-murid Anjeun ngalanggar adat karuhun urang, dalaharna henteu saribanyo heula?” 3Ku Isa diwaler, “Ku naon aranjeun oge, pedah tuhu ka adat karuhun jadi ngalanggar parentah Allah? 4Dawuhan Allah: Maneh kudu hormat ka indung bapa. Jeung: Saha-saha anu nyumpahan bapana atawa indungna, kudu dipaehan. 5Tapi cek maraneh mah: Saha-saha anu pupulih kieu ka bapana atawa ka indungna ‘Banda nu aya di kuring teh, nu tadina mah rek dipake ngarawatan bapa atawa ema, tapi ayeuna mah geus dihaturkeun ka Allah,’ 6cek maraneh mah: Jelema anu karitu mah geus teu wajib deui bakti ka bapa atawa indung. Kalakuan aranjeun kitu teh ngalindih dawuhan Allah, ngagungkeun adat karuhun. 7Eh, jelema-jelema munapek, piwejang Nabi Yesaya hal aranjeun teh cocog jeung buktina, unina: 8‘Ieu umat, biwirna ngagungkeun Kami, hatena mungkir ti Kami. 9Ibadahna ka Kami ge, cumah; sabab nu diajarkeun teh ngan ukur aturan parentah manusa.’ ” 10Geus kitu, jalma rea ku Isa disina kumpul, tuluy Anjeunna ngalahir: 11“Regepkeun jeung lenyepan: Anu matak jadi najis teh lain anu asup ka jero sungut, tapi anu kaluar tina sungut; nu kitu, nu najis teh.” 12Murid-murid mihatur, “Jungjunan, uninga eta kasauran anu bieu teh kangge urang Parisi mah, lir batu tatajongan?” 13Waler Isa, “Satiap pepelakan anu lain beunang melak Ama Kami anu aya di Sawarga, bakal dirabut jeung akar-akarna. 14Keun bae maranehna antep. Maranehna teh, jelema-jelema lolong nungtun anu lolong deui. Nu lolong nungtun nu lolong mah, tangtu duanana bakal tigebrus ka jero lombang.” 15Petrus mihatur, “Terangkeun eta siloka teh ka abdi-abdi.” 16Waler Isa, “Kutan maraneh ge teu ngarti? 17Na teu nyaho, yen sakur anu asup ka jero sungut teh, asup ka jero beuteung, tuluy dipiceun ka jamban? 18Tapi anu kedal tina sungut mah, asalna ti jero hate, eta nu matak najis teh. 19Sabab nya tina hate asalna pikiran-pikiran jahat teh, maehan, jinah, pacabulan, maling, sumpah palsu jeung ngahina. 20Eta anu karitu, nu nganajiskeun jelema teh. Ari dahar henteu sibanyo heula mah, teu matak jadi najis.” 21Geus kitu, ti dinya, Isa angkat ka daerah Tirus jeung Sidon. 22Jol aya awewe urang Kanaan nu aya di eta daerah, ngagero, “Nun Jungjunan, Putra Daud, abdi neda piwelas! Pun anak awewe diraksuk setan, kalintang matak hawatosna.” 23Tapi ku Isa henteu diwaler. Murid-murid-Na mihatur, “Sina nyingkah! Mung nutur-nutur bae ka urang bari gera-gero.” 24Waler Isa, “Kami diutus ngan ka domba-domba anu leungit, nya ka sakur umat Israil anu leungit.” 25Eta awewe beuki ngadeukeutan, tuluy nyembah bari mihatur, “Jungjunan, nyuhunkeun tulung!” 26Isa ngadawuh, “Teu hade roti pikeun barudak dialungkeun ka anjing.” 27Cek eta awewe, “Leres, Jungjunan. Nanging anjing oge sok ngaletakan remeh anu ragrag tina meja dununganana.” 28Saur Isa ka manehna, “Ibu, iman ibu pengkuh. Heug, pamenta ibu sing tinekanan.” Sapada harita keneh anakna cageur. 29Sanggeus ngantunkeun eta daerah, Isa angkat-Na mapay sisi talaga Galilea, tuluy unggah ka gunung, calik di dinya. 30Burubul jelema-jelema ka Anjeunna, marawa nu lumpuh, nu pincang, nu lolong, nu pireu, jeung rupa-rupa deui, sina dariuk deukeut sampeana-Na; ku Anjeunna terus dicalageurkeun. 31Jelema-jelema ukur barengong nenjo nu pireu bisa ngomong, nu pincang cageur, nu lumpuh bisa leumpang, nu lolong bisa nenjo. Tungtungna, maranehna ngamulyakeun ka Allah nu disembah ku urang Israil. 32Geus kitu, Isa ngahiapkeun murid-murid, seug ngalahir, “Karunya ieu jelema-jelema teh. Geus tilu poe mimiluna ka Kami, geus teu barogaeun keur dahar. Kami teu tega nitah maranehna balik lapar, tangtu kalempohan di jalan.” 33Pihatur murid-murid, “Di tempat tiiseun kieu ti mana aya roti kangge jalmi anu sakieu seueurna?” 34Saur Isa, “Roti maraneh aya sakumaha?” “Mung aya tujuh,” jawabna “sareng lauk aralit, saeutik.” 35Jalma-jalma teh, ku Isa dipiwarang dariuk dina taneuh. 36Tuluy Anjeunna nyandak roti anu tujuh siki jeung lauk tea, sarta muji sukur: Rotina disemplekan, tuluy disodorkeun ka murid-murid, ku murid-murid dibagikeun ka sarerea. 37Tuluy bae dalalahar nepi ka sareubeuheun kabeh. Sanggeusna, kaleuwihanana, — beunang nyemplekan tea — dikumpulkeun; meunang tujuh tolombong pinuh. 38Nu disuguh teh, lalakina wungkul aya opat rebu urang, can kaitung awewe jeung barudak. 39Geus kitu, ku Isa dijurung marulang, ari Anjeunna mah unggah kana parahu, tuluy angkat ka daerah Magadan.

will be added

X\