MATEUS 14

1Dina waktu eta, Herodes, — raja di eta wilayah — ngadangu oge hal ihwal Isa. 2Tuluy sasauran ka pagawena, “Moal salah, eta teh Yahya nu geus paeh tea, hirup deui. Ku sabab eta, manehna ngabogaan kakawasaan dina diri-Na.” 3Memang, Yahya teh ku anjeunna dipiwarang ditangkep, dirante, tuluy dijebloskeun ka panjara; patali jeung Herodias, istri Pilipus, saderekna tea. 4Ku Yahya, Raja Herodes kantos ditegor, saurna, “Migarwa Herodias teh henteu halal numutkeun hukum.” 5Nu matak timbul niatna hoyong maehan Yahya, tapi ngaraos rempan ku jalma rea nu nganggap nabi ka Yahya. 6Dina waktu pesta ulang taun anjeunna, putri Herodias majeng ka payun, ngibing, anu nyukakeun sang Raja katut paratatamu. 7Tina ku bingah-bingahna, anjeunna nepi ka sumpah yen naon bae anu dipundut ku nyi putri moal aya anu dipungpang. 8Sanggeus diasut-asut ku nu jadi ibuna, nyi putri sasauran, “Abdi nyuhunkeun sirah Yahya Juru Baptis dina ieu baki.” 9Sang Raja ngarenjag, tapi tina sabab geus sumpah tur kasaksian ku paratatamu, tuluy anjeunna marentahkeun supaya sapamundut nyi putri teh dilaksanakeun. 10Mastaka Yahya ditugel di jero panjara. 11Sanggeus dikabakikeun, dihaturkeun ka nyi putri; tuluy ku nyi putri disanggakeun ka ibuna. 12Ti dinya, layon Yahya dicandak ku murid-muridna, terus dimakamkeun. 13Sanggeus Isa ngadangu wartos, yen Yahya parantos pupus, Anjeunna angkat seja nyepi di tempat anu simpe. Angkat-Na kana parahu. Tapi maksad Isa kitu teh, kanyahoan ku jelema rea. Tuluy maranehna teh ngariring, marake jalan darat ti kotana masing-masing. 14Eta sababna, barang Isa unggah ka darat, katingalieun ku Anjeunna jelema-jelema geus kumpul, anu kacida lobana; hal eta teh matak ngahelas kana manah-Na. Saterusna mah, nu garering teh ku Anjeunna dicageur-cageurkeun. 15Wanci sareupna, murid-murid-Na ngadareuheus ka Anjeunna; pihaturna, “Di dieu teh tiiseun pisan sareng parantos sareupna. Saena mah, ieu jalmi-jalmi teh sina marios bae, sina meser tedaeun di desa.” 16Tapi dawuh Isa, “Henteu perlu maranehna indit ti dieu, ku maraneh bae saruguhan!” 17Jawab murid-murid, “Roti mung aya lima siki sareng laukna dua siki.” 18Saur Isa, “Sok bae bawa ka dieu ka Kami.” 19Jelema-jelema teh ku Anjeunna dipiwarang dariuk dina jukut. Sanggeus Anjeunna nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki tea, Anjeunna tanggah sarta ngucapkeun berkah. Roti teras disemplekan, dipaparinkeun ka murid-murid supaya dibagikeun. Tuluy ku murid-murid dibagikeun ka sakabeh nu aya di dinya. 20Kabeh dalahar nepi sareubeuheun. Tuluy kaleuwihanana dikumpulkeun, aya dua belas bakul muncung. 21Anu dalahar, harita teh, lalakina wungkul kira-kira lima rebu urang, acan kaitung awewe jeung barudak. 22Geus kitu, murid-murid ku Isa dipiwarang meuntas ti heula; ari jelema nu loba mah, ku Anjeunna dijurung marulang. 23Sanggeus jelema-jelema baralik, tuluy Anjeunna unggah ka pasir bade ngado'a. Harita teh geus peuting. Anjeunna nyalira bae di dinyana teh. 24Murid-murid dina parahu geus sababaraha mil jauhna ti darat; parahuna kaumbang-ambing ombak sabab angin kacida gedena. 25Kira-kira pukul tilu, Isa ngabujeng ka murid-Na; angkat-Na tapak kancang dina beungeut cai. 26Barang kabireungeuh ku murid-murid, maranehna ngarenjag, tuluy tinggorowok, “Jurig, jurig!” Maranehna tingkaroceak teh kasingsieunan tea. 27Tapi Isa enggal ngadawuh, “Sing teger! Ieu teh Kami, entong sieun-sieun!” 28Ti dinya Petrus ngagero pokna, “Jungjunan, upami leres Jungjunan, mugi abdi kawidian nyaketan leumpang dina beungeut cai.” 29Waler Isa, “Heug, ka dieu sampeurkeun Kami!” Petrus turun tina parahu; tuluy leumpang dina beungeut cai, nyampeurkeun ka Isa. 30Tapi sanggeus karasaeun tarikna angin, mimiti manehna ngarasa gimir, tuluy rek tilelep. Manehna gogorowokan, “Jungjunan, tulungan abdi!” 31Enggal ku Jungjunan disodoran panangan; Petrus dicepeng dawuhana-Na, “Euh, maneh mah kurang percaya, naha make hamham?” 32Ti dinya, arunggah kana parahu, jep angin teh repeh. 33Anu araya dina parahu nyarembah ka Anjeunna, piunjukna, “Jungjunan teh leres Putra Allah.” 34Sanggeus nepi ka peuntas ditu, maranehna balabuh di tanah Genesaret. 35Jelema-jelema di tempat eta tengeteun ka Isa, tuluy bae uar-uar ka sakuliah daerah eta. Geus kitu mah, sakur nu garering dideuheuskeun ka Anjeunna. 36Maranehna marenta diwidian nyabak kana tungtung jubah Anjeunna. Sakur anu nyabak, terus bae calageur.

will be added

X\