MATEUS 13

1Poe harita, Isa angkat ti bumi lajeng calik di basisir. 2Rob jelema-jelema daratang ngarubung ka Anjeunna. Anjeunna kapaksa nitih kana parahu; ari jelema-jelema mah, tetep di basisir. 3Sanggeus kitu, Anjeunna ngawulang ngangge siloka ka maranehna dawuh-Na, “Aya hiji patani, indit rek tebar. 4Mangsa binih ditebarkeun, aya nu ragrag ka sisi jalan; tuluy beak dipacokkan ku manuk. 5Aya deui, sawarehna, anu ragrag kana tanah cadas. Binih teh jadi, tapi henteu lila; sabab taneuh dina cadas teh, ipis pisan. 6Barang mimiti kapanasan jadi alum, tuluy garing sabab ngakarna teu bisa jero. 7Sabagianana deui ragrag kana rungkun cucuk. Tangkal cucuk ngagedean. Binih anu kakara jadi teh kasedekkeun, kadeseh nepi ka paehna. 8Aya oge, anu ragragna teh, kana tanah subur nepi ka bubuah. Aya nu buahna nepi ka saratus tikeleun, aya anu genep puluh tikeleun, aya oge anu tilu puluh tikeleun, lobana. 9Sing saha nu rumasa boga ceuli kudu ngaregepkeun.” 10Teu lila, jol murid-murid daratang; pok unjukan, “Naon margina Anjeun ngawulang ku siloka ka jalmi-jalmi anu karempel di dieu?” 11Dawuhan Isa, “Maraneh mah geus narima sih kurnia, supaya bisa ngalarti kana rasiah Karajaan Sawarga; tapi ari nu sejen mah, henteu nararima. 12Sabab anu dibere teh, nya eta sakur nu geus baroga, nepi ka maranehna medah-meduh bakat ku loba. Sabalikna, anu teu boga mah, — malah anu aya di maranehna teh sanajan teu pira oge — bakal dicokot. 13Tah eta sababna, Kami ngawuruk ka maranehna teh ku siloka; lantaran sanajan maranehna nyaksian, tetep henteu awas; sanajan kadengeeun ku ceulina, tetep teu ngadenge jeung teu ngarti. 14Jadi, pangwawaran Yesaya teh keuna ka maranehna, nya eta: ‘Ku maraneh bakal kadenge deui, kadenge deui, ngan teu terus jeung dihartikeunana. Bakal katenjo deui, katenjo deui, ngan weleh teu dipaduli. 15Sabab eta bangsa, hatena geus teu mental, pangdengena geus mintul, matana geus dipeureum-peureumkeun; malar matana tong kungsi nenjo, ceulina ulah kungsi ngareungeu, sieuneun matak kaharti ku hatena, sieuneun tarobat sarta ku Kami disina waraluya.’ 16Tapi untung maraneh mah sabab mata bisa awas sarta ceuli bisa ngadenge keneh. 17Sabab rek diterangkeun ku Kami ka maraneh: Loba pisan nabi-nabi jeung jelema-jelema nu kacida harayangeun nyahona ka nu geus kasaksian ku maraneh, tapi henteu kungsi bisa. Loba nu harayangeun ngadenge ka nu geus kadarenge ku maraneh, tapi henteu kungsi bisa. 18Ku sabab eta, ayeuna, dengekeun katerangan siloka nu tebar bieu teh, tuluy lenyepan. 19Satiap nu ngadenge dawuhan anu nerangkeun Karajaan Sawarga, tapi teu bisa ngahartikeunana; nu karitu teh bakal didatangan si jahat. Binih anu geus dipelak dina hatena tea, dirampas; eta hartina binih anu ragrag kana sisi jalan teh. 20Binih anu ragrag kana tanah cadas tea, ngagambarkeun jelema anu ngadenge sarta sukaeun narima kana eta dawuhan. Tapi nya kitu, henteu ngakar dina hatena teh. Jadi, umurna henteu bisa lila. 21Lamun nyorang siksaan jeung panganiaya tina sabab dawuhan tea, terus bae manehna teh murtad. 22Binih anu ragrag kana rungkun cucuk tea, ngagambarkeun jelema nu geus ngadenge dawuhan, tapi tina sabab rupa-rupa kahariwang dina hirupna; jeung deui, ku lantaran kabongroy ku kabeungharan, eta dawuhan teh kadeseh, teu bisa walakaya. 23Anu ditebar dina taneuh anu subur, ngagambarkeun jelema anu geus ngadenge dawuhan tea, bari jeung bisa ngahartikeunana. Ku sabab eta, binih dawuhan teh nepi ka bubuah. Buahna aya nu saratus tikeleun, aya nu genep puluh tikel sarta aya oge anu tilu puluh tikel lobana.” 24Lajeng Isa masihan deui piwulang ku siloka nu sejen, dawuhana-Na, “Ari Karajaan Sawarga teh saupama hiji jelema anu nebarkeun binih anu hade dina tanah garapanana. 25Tapi dina wanci sare, musuhna datang; tuluy ngawurkeun binih eurih di humana. Geus kitu mah, tuluy arindit. 26Gandum teh jadi sarta mimiti ranggeuyan. Tapi eurihna oge, milu jaradi deuih. 27Bujang-bujangna daratang ngabejaan dununganana pokna: ‘Juragan, anu dipelak di huma teh binih anu sae sanes? Naha atuh bet seueur eurihna huma teh?’ 28Jawab dununganana: ‘Tangtu kalakuan musuh urang eta teh.’ Pok deui bujangna arunjukan, ‘Naha kenging dirambet ayeuna ku abdi?’ 29Tapi ku dununganana, dijawab kieu: ‘Ulah; sabab bisi gandumna milu kacabut, lamun dirambet ayeuna mah. 30Keun bae sina bareng-bareng jaradi, nepi ka waktuna dipibuatan. Engke, nu darerep ku kami rek dititah supaya eurihna dicabutan tiheula, sina dikumpulkeun keur durukeun; geus kitu, kakara gandumna dipibuatan, terus sina dikumpulkeun jeung diarakutan ka lumbung kami.’ ” 31Isa masihan deui siloka anu sejen ka maranehna, dawuh-Na, “Ari kaayaan Karajaan Sawarga teh, ibarat binih tangkal sasawi; sanggeus diala, tuluy disebarkeun di pahumaan. 32Sanajan siki sasawi leuwih leutik batan sisikian sejen; tapi ari geus jadi mah, kaayaanana, leuwih gede batan palawija sejenna. Malah mangrupa tangkal, nepi ka dahanna bisa dipake nyarayang manuk.” 33Lajeng Anjeunna masihan deui siloka anu sejen. Dawuh-Na, “Kaayaan Karajaan Sawarga teh, bisa oge diupamakeun ragi nu ku kaum ibu sok dipake nyieun adonan. Lamun dicampurkeun jeung tilu taker tipung, tuluy diadonan nepi ka dalit, tangtu si adonan teh walatra ngabeukahan.” 34Piwulang Isa teh kabeh oge ku siloka bae. Piwulang-Na ka maranehna tara teu make siloka. 35Ku kituna dawuhan anu geus dilahirkeun ku nabi teh ngabukti: ‘Baham Kami bakal muka pikeun nepikeun siloka, bakal nyaritakeun kaayaan nu ti sajlegna bumi tepi ka ayeuna masih keneh buni.’ 36Ti dinya, Isa angkat deui ngantunkeun jelema-jelema di dinya, lajeng mulih. Murid-murid-Na ngadareuheusan, piunjukna, “Mugi kersa nerangkeun eusina siloka eurih sareng gandum tea ka abdi-abdi.” 37Isa ngadawuh kieu, “Jelema anu nyebarkeun binih anu hade teh, nya eta Putra Manusa. 38Ari minangka taneuhna teh, nya eta dunya. Nu disebut binih nu hade teh, nya eta paraahli waris Karajaan; ari nu diupamakeun eurih, nya eta jelema-jelema murid si jahat. 39Anu disebut musuh teh, nya eta Iblis. Usum panen ngagambarkeun ahir jaman; ari nu darerepna, nya eta paramalaikat. 40Saperti geus ka caritakeun tadi, yen eurih teh dikumpulkeun, tuluy diduruk. 41Kitu oge, engke, Putra Manusa teh baris nimbalan paramalaikat. Naon bae nu matak nyasabkeun jeung saha bae anu ngalampahkeun kajahatan di jero Karajaana-Na bakal disingkirkeun. 42Nu karitu teh, kabeh ge, baris dibalangkeun kana durukan; nya di dinya bakal kadenge reang nu careurik sarta tingkarerotna huntu. 43Dina waktu eta, sakur nu balener bakal moncorong cahayaan, — jeg panonpoe — di jero Karajaan nu jadi Rama. Sing saha nu rumasa boga ceuli, kudu ngaregepkeun.” 44“Ari Karajaan Sawarga teh, diupamakeun harta anu kakubur di tegal; tuluy eta harta teh kapanggih ku jelema, tapi ku manehna dikubur deui. Bawaning ku atoh-atohna, leos bae balik. Sapangabogana kabeh dijual keur meuli eta tegalan tea. 45Kaayaan Karajaan Sawarga teh, bisa oge diupamakeun hiji sudagar anu keur nyiar mutiara anu pangalus-alusna. 46Sanggeusna manggih, tuluy bae eta sudagar teh balik heula pikeun ngajual harta bandana; nya keur ngaduitan mutiara tea.” 47“Nya kitu oge, yen kaayaan Karajaan Sawarga teh, bisa diupamakeun jaring nu dipasang di laut. Sagala rupa lauk arasup ka dinya. 48Sanggeus pinuh, jaring teh dipulut, di ka daratkeun. Pek palika kabeh dariuk, prak lauk teh dipilih. Lauk nu ngeunah diwadahan, ari bangsa lauk nu teu didahar mah dipiceun. 49Tah, kaayaan dina ahir jaman oge nya kitu pisan. Paramalaikat baris sumping, maksudna rek misahkeun jelema jahat ti nu bener. 50Nu jarahat mah digebruskeun kana durukan seuneu. Di dinya, engke, baris kadenge sora anu careurik sarta tingkarerotna huntu. 51Bisa kaharti, eta kabeh, ku maraneh?” Walon murid-murid-Na, “Kahartos pisan.” 52Lajeng Isa ngadawuh deui, “Ku sabab eta, satiap ahli Toret nu geus narima kana pangajaran tina hal Karajaan Sawarga teh, ibarat nu boga imah nu ngabudalkeun sakabeh barangna nu aya di jero imahna: Boh nu heubeul, boh nu anyar.” 53Rengse ngawulangna Isa angkat ti dinya, 54ngabujeng ka tempat asal-Na. Di dinya, Anjeunna ngawulang ka jelema-jelema di tempat aribadahna. Maranehna ngarasa heran, aromongna, “Ti mana Manehna boga hikmat jeung kawasa nepi ka bisa nyieun mujijat sakitu lobana. 55Lain eta teh anak tukang kayu tea? Maryam lain, indung-Na teh? Dulur Yakobus, Yusup, Simon jeung Yudas? 56Dulur-dulur-Na, nu awewe oge, reureujeungan jeung urang di dieu lain? Naha ti mana atuh meunang kakawasaan jeung hikmat anu sakitu gedena?” 57Geus kitu mah, maranehna teh ngarasa cangcaya; Isa teh, tuluyna mah, ditarolak ku maranehna. Ti dinya, Anjeunna ngadawuh ka maranehna, “Nu jadi nabi sok pada ngahormat di tempat mana bae oge, kajaba di kampung jeung di imahna sorangan.” 58Lantaran urang dinya, henteu percaya ka Anjeunna; di dinya, henteu loba mujijat nu dipidamel ku Isa.

will be added

X\