MATEUS 12

1Hiji mangsa, dina poe Sabat, Isa ngalangkung pahumaan gandum. Tina sabab lapar, murid-murid Anjeunna mipit sababaraha ranggeuy tuluy didalahar. 2Hal eta katingal ku sababaraha urang Parisi, pok arunjukan ka Anjeunna, “Geura tingal itu murid-murid Anjeun, keur baranggawe. Eta teh kapan henteu kawidian dina poe Sabat mah!” 3Tapi dawuhan Isa, “Naha aranjeun acan maraca carios lalampahan Daud katut pangiringna, keur mangsa palayeun tuang tea? 4Kapan ahirna, anjeunna lebet ka Bait Allah, tuluy nuang roti haturkeuneun ka Allah; padahal eta roti teh henteu meunang pisan didahar, boh ku anjeunna, boh ku pangiringna, kajaba ku paraimam. 5Naha henteu kaaos ku aranjeun dina Kitab Toret, yen dina poean Sabat, paraimam ngalanggar hukum Sabat di jero Bait Allah? Tapi sanajan kitu, euweuh anu ngalepatkeun! 6Ceuk Kami ka aranjeun: Palebah dieu mah aya anu ngungkulan Bait Allah. 7Upami aranjeun leres-leres ngarti kana eusina dawuhan nu ungelna kieu, ‘Nu ku Kami diperedih teh, nya eta welas asih lain kurban.’ Upama aranjeun ngarti kana eusina, tangtu moal rek ngahukuman ka jelema anu teu boga salah. 8Sabab Putra Manusa teh, Jungjunanning Sabat.” 9Ti dinya, Isa ngantunkeun tempat eta, lajeng lebet ka tempat pangibadahan. 10Di dinya, kasampak aya jelema nu paeh sabeulah leungeunna. Maranehna nararos ka Anjeunna, “Naha kawidian nyageurkeun nu gering dina poe Sabat?” Naranya kitu teh, maksudna mah rek neangan kasalahan Isa. 11Tapi Isa ngadawuh, “Lamun salah saurang ti aranjeun boga hiji domba, tigebrus kana sumur dina poe Sabat; naha manehna moal turun pikeun ngangkat eta domba, supaya bisa katulungan? 12Naha jelema teh lain leuwih punjul martabatna batan domba? Kitu nu matak ngalampahkeun kahadean mah, henteu dilarang dina poe Sabat oge.” 13Lajeng Isa ngadawuh ka nu gering, “Cing sodorkeun leungeun maneh.” Nu gering nyodorkeun leungeunna. Dumadakan leungeunna cageur, pulih deui, sehat saperti leungeunna nu sabeulah deui. 14Sanggeus kitu, urang-urang Parisi teh barudal ka laluar sarta maranehna sakait pikeun maehan Isa. 15Jelema anu ngariring ka Isa teh loba pisan. Kabeh ku Anjeunna dicageur-cageurkeun. 16Tapi ku Isa, maranehna diomat-omatan, nya eta ulah aya anu dibejaan saurang oge saha Anjeunna teh; 17supaya laksana Dawuhan Allah nu geus dilahirkeun ku Nabi Yesaya, nya eta: 18‘Geura tarenjo, ieu Nu ngabdi ka Kami teh, pilihan Kami, nu Kaasih, tur kamanah ku Kami; Ruh Kami baris ngauban ka Anjeunna, sarta hukum baris diwawarkeun ka sagala bangsa. 19Anjeunna moal kersa papaduan jeung moal huak-haok, jeung sora-Na moal kadenge ti jalan. 20Tangkal kaso nu pites, hamo disapatkeun ku Anjeunna; seuneu dina sumbu lampu anu meh pareum, ku Anjeunna moal dipareuman; nepi ka datang mangsana ku lantaran kakawasaana-Na, hukum teh unggul. 21Sarta nya Anjeunna nu bakal jadi pangarep-ngarep sagala bangsa.’ 22Ti dinya, aya nu karanjingan setan nu dideuheuskeun ka Isa. Jelemana lolong sarta pireu, tuluy ku Isa dicageurkeun; bisa ngomong sarta bisa nenjo. 23Jalma rea hareraneun pisan, aromongna, “Anjeunna teh boa-boa Putra Daud tea!” 24Eta teh kadenge ku urang-urang Parisi, tuluy maranehna nyebutkeun kieu, “Anjeunna bisa ngusir setan teh, bane bae ngagunakeun kakawasaan Beelsebul, gegedugna setan tea!” Tapi Isa uningaeun kana pipikiran maranehna, tuluy ngadawuh, “Karajaan anu henteu bersatu tangtu ambruk. 25Nya kitu keneh nagara atawa rumah tangga anu baruntak, teu sauyunan, moal bisa lila ngadegna. 26Nya kitu oge, lamun Iblis merangan Iblis deui, tangtu lumpuh kakawasaanana tina sabab silih perangan tea; naha kumaha karajaanana rek bisa ngadeg terus? 27Jadi, lamun Kami ngusir setan ku kakawasaan Beelsebul, murid-murid aranjeun rek ku kakawasaan saha ngusir setan teh? Ku sabab eta, nya maranehna anu baris jadi hakim aranjeun teh! 28Tapi lantaran Kami ngusir setan teh ku kawasana Ruh Allah, ceuk Kami ka maraneh: Eta nandakeun yen Karajaan Allah teh geus tepi ka aranjeun. 29Rek kumaha bangsat bisa ngagadabah imah jelema gagah, niat ngaringkid harta bandana; iwal ti ku nalikung heula jelema gagah tea? Sanggeus dibarogod nu boga imahna, kakara imahna bisa dirampog. 30Saha nu henteu biluk ka Kami, eta teh tangtu ngalawan ka Kami; jeung deui, saha-saha anu henteu milu ngumpulkeun sarta ngahijikeun, eta teh geus tangtu ngabaruntakeun. 31Ku sabab eta, ceuk Kami ka maraneh: Sagala dosa jeung ucap-ucapan manusa nu sarugal bakal dihampura, tapi anu ngahinakeun Ruh Allah mah, hamo meunang panghampura. 32Upama aya jelema anu ngalawan ka Putra Manusa, nu kitu bisa dihampura; tapi lamun manehna ngalawan ka Ruh Allah, dosa manehna moal bisa dihampura: Boh ayeuna, keurna di dunya; boh engke, di alam aherat. 33Upama nyebutkeun yen tangkal ‘anu’ teh mulus, tangtu tina sabab buahna oge mulus. Sabalikna, lamun nyebutkeun yen tangkal ‘anu’ teh goreng, tangtu tina sabab goreng buahna. Sabab kanyahoan hade gorengna teh, tina buahna. 34He, maraneh turunan oray welang! Kumaha maraneh rek bisa ngabijilkeun ucap-ucapan anu harade, ari maraneh sorangan jahat? Sabab nu diucapkeun ku sungut teh, asalna ti jero hate. 35Jelema bener, ngabijilkeun hal-hal anu bener tina sanubari nu bener. Sabalikna, jelema jahat, ngutahkeun kajahatanana tina sanubarina nu jahat. 36Tapi ceuk Kami ka maraneh, sakecap saucap maraneh anu mubadir baris aya balitunganana dina poean Pangadilan. 37Sabab maraneh, disebutna bener teh, ditilik tina ucapan maraneh; nya kitu keneh, tina sabab ucap-ucapan maraneh oge, maraneh bisa dihukum.” 38Dina hiji waktu, sababaraha urang ahli Toret jeung urang Parisi ngadeuheusan ka Isa, piunjukna, “Guru, mugi kersa mintonkeun hiji tanda ka simkuring, hoyong ningal.” 39Tapi waler Isa, “Jelema-jelema alam kiwari anu jarahat sarta teu beunang dipercaya meredih tanda mujijat! Moal dibarere, kajaba tanda mujijat Nabi Yunus tea. 40Nabi Yunus, cicingna, di jero beuteung lauk teh tilu poe tilu peuting lilana. Nya kitu oge Putra Manusa, bakal aya di jero kandungan bumi teh, salila tilu poe tilu peuting. 41Engke, dina poean Pangadilan, urang Niniwe bakal milu ngagugat ka ieu jelema-jelema alam kiwari. Maranehna bakal milu ngahukuman. Sabab urang Niniwe teh tarobatna ku piwulang Yunus; sedeng anu keur adu hareupan di dieu teh, leuwih mulya ti Yunus. 42Engke, dina poean Pangadilan, Ratu ti tatar kidul bakal dihudangkeun deui babarengan jeung jelema-jelema alam kiwari. Anjeunna tangtu baris milu ngahukuman. Sabab angkatna ratu ti tungtung bumi teh kersana ngupingkeun dawuhan Sulaeman anu kawentar kabinangkitanana; padahal, anu jonghok di dieu, saenya-enyana ngungkulan Sulaeman.” 43“Upama aya roh jahat nyingkah ti hiji jelema; eta teh tuluy marakayangan neangan tempat-tempat anu simpe geusan enggon cicingna, tapi henteu manggih. 44Omongna, ‘Aing rek balik deui bae ka tempat cicing urut tadi.’ Ti dinya, manehna balik deui ka tempat asalna. Kasampak tempat teh kosong, rapih, jeung beresih. 45Ti dinya, manehna indit deui neang baturna tujuhan. Nu tujuh teh leuwih jahat ti batan manehna. Sanggeus kitu, eta roh-roh jahat, kabeh arasup ka eta tempat; tuluy maratuh di dinya. Ahirna, kaayaan jelema anu geus kasebut tadi teh, leuwih parna ti batan tadina. Tah eta pisan nu bakal kaalaman ku jelema-jelema nu jarahat jaman kiwari teh.” 46Mangsa Isa keur cacarios keneh jeung jelema rea, ibu-Na jeung wargi-wargi-Na ngaradeg bae di luar. Maranehna seja mendakan ka Anjeunna. 47Aya nu unjukan ka Anjeunna, “Mugi tingali, tuang ibu sareng saderek-saderek nuju di laluar bade nepangan.” 48Ka nu mawa beja Isa ngadawuh, “Saha indung Kami teh? Jeung saha dulur-dulur Kami teh?” 49Isa nunjuk ka murid-murid Anjeunna, tuluy ngadawuh, “Tah ieu indung jeung dulur-dulur Kami teh. 50Sabab sing saha bae anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami anu linggih di Sawarga, nya eta nu jadi dulur Kami lalaki, dulur Kami awewe, jeung nu jadi indung Kami!”

will be added

X\