MATEUS 10

1Murid nu dua welas teh disaur ku Isa, tuluy dipaparin pangawasa pikeun nundung roh-roh jahat, nyageurkeun panyakit-panyakit, jeung rupa-rupa kalemahan badan. 2Ieu ngaran-ngaranna rasul-rasul anu dua welas teh: Nu mimiti Simon, anu sok katelah Petrus tea, jeung dulurna Andreas; tuluy Yakobus bin Sebedeus jeung Yahya dulurna; 3tuluy Pilipus jeung Bartolomeus; Tomas jeung Mateus, petugas pajeg tea; Yakobus bin Alpius jeung Tadeus; 4Simon urang Selot jeung Yudas Iskariot; Yudas teh anu hianat ka Isa tea. 5Rasul nu dua welas teh ku Isa diutus sarta didawuhan kieu, “Poma, maraneh ulah nepi ka mengpar kana jalan bangsa deungeun atawa asup ka kota urang Samaria; 6tapi nu kudu dijugjug teh, nya eta domba-domba Israil nu geus kabur ninggalkeun umat-Na. 7Geura arindit, tuluy embarkeun yen Karajaan Sawarga teh geus tereh ngadeg; 8hirupkeun deui nu paraeh; cageurkeun nu lepra; tundung roh-roh setan. Ieu hal, katampana ku maraneh teh, henteu kudu mayar; ku sabab eta, mikeunna oge ulah menta dibayar. 9Poma, ulah mawa barang emas-emasan, perak, atawa tambaga dina beubeur maraneh; 10ulah mawa bekel keur di perjalanan, entong mawa baju dua rangkep, tarumpah, atawa iteuk; sabab ari anu barang gawe mah, sakuduna narima buruhan. 11Lamun maraneh asup ka hiji kota atawa ka hiji desa, teangan saha di dinya anu pantes; di dinya maneh kudu nganjrek teh, tepi ka waktuna maneh kudu indit deui ti dinya. 12Lamun maraneh rek asup ka imahna, kudu uluksalam heula ka nu boga imah. 13Lamun manehna suka narima ka maneh, salam maneh teh ditarima; lamun henteu sukaeun, tangtu uluksalam maneh balik deui ka maraneh. 14Lamun aya anu teu sukaeun kaanjangan sarta embungeun ngadengekeun kana omongan maneh, maneh kudu indit ti eta imah atawa ti eta kota; tuluy gibrigkeun kekebul taneuhna tina suku. 15Ceuk Kami: Nasibna kota Sadumu jeung Gomora bakal leuwih hade, ti batan nasib eta kota: Jaga dina poean Pangadilan. 16Masing inget, maraneh diutus ku Kami teh, henteu beda ti domba anu digiring ka tengah-tengah ajag. Ku sabab eta, maraneh kudu pinter kawas oray, lantip kawas japati. 17Tapi maraneh kudu tetep waspada, ka sing saha oge. Sabab ti antara maranehna teh, bakal aya nu baroga maksud nyerenkeun maraneh ka Majelis Agama sarta maraneh bakal dihukum rangket di tempat-tempat pangibadahanana. 18Maraneh bakal dihadepkeun ka parapembesar jeung raja-raja tina lantaran Kami. Hal ieu teh, pikeun jadi saksi ka maranehna jeung ka sakur anu teu wawuh ka Allah. 19Upama maraneh nepi ka diserenkeun; poma, ulah salempang kumaha atawa naon nya piomongeun; sabab dina waktu eta pisan, maraneh bakal dipaparin pituduh naon anu kudu diucapkeun. 20Sabab anu nyarita teh lain maraneh, tapi Ruh Allah Rama anu ngadawuh di jero diri maraneh. 21Dulur jeung dulur bakal silih dakwa, supaya nu hiji dipaehan; kitu keneh bapa ka anak. Barudak bakal ngalawan ka nu jadi kolot, malah nepi ka wani maehan. 22Maraneh bakal dipikageuleuh ku sarerea tina lantaran ngaran Kami; tapi sing saha anu satia nepi ka panungtungan mah, bakal salamet. 23Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen. Sabab Kami ngabejaan ka maraneh, yen samemeh kota di Israil kaider kabeh, Putra Manusa bakal rawuh manten. 24Ari murid moal ngungkulan guruna; kitu deui bujang, moal ngungkulan dununganana. 25Geus untung, lamun si murid bisa kaaku disajajarkeun jeung guruna atawa bujang disajajarkeun jeung dununganana. Lamun nu boga imah geus disebut Beelsebul, mo aya hesena nyebut Beelsebul ka saeusi imahna. 26Ku sabab eta, maranehna mah ulah dipikasieun. Euweuh perkara anu gelap anu moal teu kaboker atawa perkara nu buni anu moal teu kapanggih. 27Naon nu ku Kami dicaritakeun ka maraneh di nu poek, ku maraneh kudu dicaritakeun deui di nu caang; sakur nu diharewoskeun kana ceuli, ku maraneh kudu diuar-uarkeun ti luhur suhunan. 28Ulah sieun ka nu rek ngabinasa ka awak maneh, tapi teu bisaeun ngabinasa kana nyawa maneh; kudu sarieun teh, ku anu bisa ngabinasa badan jeung nyawa maraneh di naraka. 29Ari manuk piit, dijualna teh, lain dua saduit? Sanajan kitu, moal aya anu ragrag kana taneuh ari henteu dikersakeun ku Rama maraneh mah. 30Malah buuk dina sirah maraneh oge geus kaitung jumblahna. 31Ku sabab eta, ulah hariwang, maraneh teh leuwih punjul ti batan manuk piit. 32Jeung deui, sing saha anu ngaku ka Kami di hareupeun umum, tangtu diaku deui ku Kami di payuneun Ama Kami nu linggih di Sawarga. 33Sabalikna, sing saha nu ngangles ka Kami di hareupeun umum, tangtu diangles deui ku Kami di payuneun Ama nu linggih di Sawarga. 34Ulah boga sangkaan yen Kami bakal ngadatangkeun karapihan ka ieu dunya. Saenyana mah, Kami datang teh lain mawa karapihan, tapi mawa pedang. 35Kami datang rek nimbulkeun pasalia antara anak lalaki jeung bapa, anak awewe jeung indung, antara minantu awewe jeung mitoha awewe, 36sarta batur-batur saimahna bakal jadi satru. 37Sing saha anu leuwih nyaah ka indung bapa, ti batan ka Kami, henteu pantes jadi murid Kami; saha nu leuwih nyaah ka anakna, — boh awewe, boh lalaki — ti batan ka Kami, nu kitu henteu pantes keur Kami. 38Jeung deui, saha-saha nu teu daek manggul salibna sarta nuturkeun ka Kami, nu kitu ge teu pantes keur Kami. 39Saha-saha anu ngabelaan nyawana, bakal kaleungitan nyawana; saha-saha nu kaleungitan nyawana tina lantaran Kami, nyawana bakal salamet. 40Sing saha nu daek ngaku ka maraneh, eta teh sarua jeung ngaku ka Kami. Saha-saha nu daek ngaku ka Kami, eta teh geus daek ngaku ka Nu geus ngutus ka Kami. 41Saha-saha anu daek ngaku ka nabi sakumaha pantesna, manehna bakal narima ganjaran anu geus ngabaku keur nabi; jeung deui, saha-saha anu daek narima jelema bener sakumaha mistina, bakal diganjar ku ganjaran anu geus baku keur jelema bener. 42Sing saha anu nyuguhan nginum, — sanajan ngan ukur cai herang sacangkir — ka nu panglaip-laipna ti antara murid-murid Kami, ceuk Kami ka maraneh: Anu kitu oge moal kaliwat, tangtu baris narima ganjaran.”

will be added

X\