MARKUS 9

1Saur-Na deui, “Kalawan saenyana, cek Kami ka maraneh: Di antara anu ayeuna araya di dieu, aya anu moal waka paeh samemeh nyaraksian datangna Karajaan Allah anu dibarengan ku kakawasaan.” 2Heuleut genep poe, ti harita, Isa unggah ka hiji gunung anu luhur. Anjeunna nyandak Petrus, Yakobus jeung Yahya. Di gunungna, ngan aranjeunna bae. Dak dumadak, ku maranehna katenjo Isa salin rupi; 3panganggo-Na bodas gumebyar, di dunya moal aya anu bisa nyieun bodas kawas kitu. 4Breh deui katembong aya Nabi Elias jeung Nabi Musa, cacarios jeung Isa. 5Pok, Petrus mihatur, “Rabi, kalintang asa bagjana abdi-abdi di dieu teh. Abdi bade mangdamelkeun saung, hiji kangge Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji deui kangge Nabi Elias.” 6Ngomongna asal ngomong bae, pangpangna pikeun ngabangbalerkeun kasieun. 7Sabot kitu, aya mega anu ngiuhan ka Aranjeunna. Tina eta mega aya sora, “Nya ieu Putra Kami anu dipikanyaah. Masing anut ka Anjeunna.” 8Sabot maranehna tingtareuteup keneh, teu kanyahoan deui yen geus teu aya sasaha, iwal ti Isa nyalira. 9Sabot marudun ti gunung, maranehna ku Isa diwawantian sina ulah rea carita tina hal papanggihanana tadi, samemeh Putra Manusa gugah deui ti anu geus maraot. 10Pamundut Isa ku maranehna disanggupan, bari terus nyoalkeun kecap “gugah deui ti anu geus maraot” pada batur. 11Pok malihatur kieu, “Naon margina ahli-ahli Kitab nyaurkeun yen Nabi Elias kedah sumping ti heula?” 12Waler Isa, “Enya, Nabi Elias baris sumping ti heula, pikeun ngomean sakur nu perlu. Tapi anu tumali jeung Putra Manusa kumaha? Apan hal eta oge geus aya tulisanana, yen Anjeunna bakal nandang sangsara anu pohara sarta dihinakeun. 13Tapi, cek Kami ka maraneh: Saenyana Nabi Elias teh geus sumping, tapi jelema-jelema nyieun sakarep-karep bae ka anjeunna teh; eta teh, cocog, sakumaha anu geus dituliskeun ngeunaan hal anjeunna.” 14Sanggeus Isa sumping jeung muridna anu tiluan tea, kasampak eta murid-murid anu lianna keur digembrong ku jalma rea; tur aya sababaraha urang ahli Kitab anu keur nyual ka maranehna. 15Jalma rea nenjo Anjeunna sumping teh bangun bengong, terus buru-buru marapagkeun. 16Ku Anjeunna dipariksa, “Aya perkara naon jeung itu?” 17Pok nu saurang mihatur, “Guru, abdi teh ngabantun pun anak ka dieu. Pun anak teh diganggu ku roh jahat dugi ka jadi pireu. 18Unggal diganggu, pun anak teh dugi ka tibabaranting, sungutna ngabudah, huntuna tikekereket, sareng eta awakna jeger. Parantos nyuhunkeun ka Tuang murid, supados roh jahatna diusir, nanging henteu tariasaeun.” 19Saur Isa ka maranehna, “Beu, maraneh teh umat anu teu boga iman! Kudu sabaraha lilana Kami aya di maraneh teh? Nepi ka mana Kami kudu sabar ka maraneh? Bawa budakna ka dieu!” 20Tuluy eta budak teh, dibawa ka Anjeunna. Barang roh jahatna nenjo ka Isa, budak teh digubag-gabig terus tibeubeut kana taneuh, ngagorentel, jeung sungutna teh ngabudah. 21Isa mariksa ka bapana, “Geus lila kituna?” Wangsulna, “Ti aalit. 22Sering pisan, pun anak teh, disered kana seuneu atanapi ka cai bade dibinasa. Kitu nu mawi, manawi Anjeun iasa; abdi teh neda dipihawatos, tulungan.” 23Waler Isa, “Cek maneh mun Kami bisa? Euweuh barang mustahil pikeun anu percaya mah!” 24Bapa budak gancang ngalengis, “Kantenan, abdi percanten. Bilih bae abdi teu percanten, nyuhunkeun piwelas-Na bae!” 25Barang ku Anjeunna katingali jelema-jelema beuki loba anu ngangseg ngadareukeutan; Anjeunna nimbalan ka roh jahat tea, bengis pisan, saur-Na, “Eh, roh jahat anu nyababkeun ieu budak pireu jeung torek, ingkah maneh ti eta budak; ulah ganggu-ganggu deui!” 26Gancang eta roh jahat teh kaluar bari ngoceak jeung ngagubag-gabig eta budak nemen pisan. Katembongna, eta budak teh, lir paeh bae; nepi ka cek jelema-jelema teh, geus paeh. 27Tuluy eta budak teh, ku Isa dicepeng leungeunna, dihudangkeun; terus bae manehna hudang sorangan. 28Sanggeus Anjeunna ngan kari jeung murid-murid bae di imah, murid-murid haturan, “Naon margina abdi-abdi teu tiasa ngusir eta roh?” 29Waler Isa, “Bangsa kitu mah bisana diusir ngan ku paneda.” 30Isa katut murid-murid jengkar ti dinya, ngalangkungan Galilea: Nya da Anjeunna hoyong ulah kanyahoan ku saha bae. 31Sabab Anjeunna bade wawangsit ka murid-murid. Kieu saur-Na, “Putra Manusa teh, bakal diselehkeun kana genggeman manusa; terus ku maranehna Anjeunna bakal dipaehan; tapi sanggeus tilu poe ti wates dipaehan, Anjeunna baris hudang deui.” 32Teu kaharti ku murid-murid mah kasaurana-Na teh, tapi teu wani naranyakeun. 33Isa jeung murid-murid sumping ka kota Kapernaum. Sanggeus araya di bumi, Anjeunna mariksa ka murid-murid, “Ngaromongkeun naon tadi di jalan?” 34Murid-murid ngabaretem sabab tadi teh, maranehna, cekcok marebutkeun saha nu unggul di antara maranehna. 35Gek, Anjeunna linggih, murid-murid sina kumpul; terus Anjeunna sasauran, “Anu hayang ti heula, kudu daek jadi pangpandeurina jeung jadi pelayan batur-batur.” 36Tuluy Anjeunna nyandak hiji budak leutik, ditangtungkeun di tengah; terus eta budak, ku Anjeunna dirangkul. Saurna ka murid-murid, 37“Saha-saha bae anu nampa budak, pantar ieu, demi Kami; eta teh nampa Kami. Saha-saha nu nampa Kami, lain nampa Kami; tapi nampi Anjeunna, nya eta anu ngutus Kami tea.” 38Pok, Yahya mihatur, “Pa Guru, abdi-abdi kantos ningal aya jalmi anu sanes ti barisan urang, nanging ngusir setan kalayan nyebat Tuang jenengan. Ku abdi-abdi, manehna, dicarek; da sanes ti barisan urang tea.” 39Saur Isa, “Ulah dicarek! Sabab moal aya jelemana, anu tas nyieun mujijat demi ngaran Kami terus ngagogoreng Kami. 40Anu ka urang henteu ngalawan mah, tandaning aya di barisan urang. 41Kami ngabejaan: Saenyana sing saha anu mere nginum ka maneh, najan ngan sacangkir, ku sabab nyahoeun yen maneh panganut Al Masih; tinangtu manehna meunang ganjaran.” 42“Saha-saha anu ngalantarankeun pecatna iman salah sahiji ti barudak leutik anu percayana ka Kami kawas ieu; leuwih hade, mun eta jelema dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, terus dibalangkeun ka laut. 43Jeung bisi bae, salah sahiji ti leungeun nu maraneh tea ngalantarankeun pecatna iman; teukteuk bae! Sabab leuwih hade buntung, tapi maraneh asup ka alam hirup; tinimbang leungeun walagri, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka, kana seuneu nu teu pareum-pareum tea ( 44di dinya mah, bilatungna teh, teu paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu pareum-pareum.) 45Bisi bae, salah sahiji ti suku nu maraneh tea ngalantarankeun pecatna iman; teukteuk bae! Sabab leuwih hade pincang, tapi maraneh asup ka alam hirup; ti batan suku walagri, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka ( 46di dinya mah, bilatungna teh, henteu paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu pareum-pareum.) 47Bisi bae, salah sahiji ti panon nu maraneh ngalantarankeun pecatna iman; cokel bae! Sabab leuwih hade panon kences, tapi maraneh asup ka Karajaan Allah; tinimbang ngabogaan panon dua, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka, 48anu bilatung bangkena teu paeh-paeh jeung seuneuna ge teu pareum-pareum. 49Sabab unggal-unggal jalma, bakal diuyahan ku seuneu. 50Uyah teh alus; tapi upama eta uyah geus jadi tiis tawar, naon deui anu bisa mulihkeun rasa asinna? Jadi, dina diri maraneh teh kudu aya uyahna; jaba ti eta, jeung pada batur, hirup teh, kudu akur.”

will be added

X\