MARKUS 8

1Harita, di dinya oge, loba deui bae jelema. Tapi maranehna, geus teu baroga dahareun. Lajeng Isa nyaur murid-murid, saur-Na, 2“Kami karunya ka ieu jelema-jelema anu sakitu lobana. Geus tilu poe, maranehna mimilu ka Kami; ayeuna, maranehna geus teu barogaeun dahareun. 3Kami teu tega nitah balik lapar. Tangtu engke pada kalempohan sabab loba anu jarauh lemburna.” 4Wangsul murid-murid, “Kumaha bade nyuguhanana, margi ieu tempat teh mencil pisan.” 5Isa mariksa, “Ari di maraneh aya sabaraha roti?” Wangsulna, “Tujuh siki.” 6Ku Anjeunna, jelema-jelema teh, dipiwarang dariuk dina taneuh. Roti anu tujuh ku Anjeunna dicandak, terus muji sukur; geus kitu, eta roti ku Anjeunna disemplekkan, terus dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun. 7Jaba ti eta, aya oge lauk sababaraha siki; sanggeus Anjeunna muji sukur deui, laukna dibagikeun. 8Tuluy jelema-jelema teh dalalahar saseubeuhna. Potongan-potongan roti, leuwihna, dikumpulkeun: Meunang tujuh bakul. 9Anu dalahar teh, kira-kira aya opat rebu urang. Geus kitu, ku Isa dijurung marulang. 10Ari Anjeunna, unggah kana parahu jeung murid-murid, ngabujeng ka daerah Dalmanuta. 11Jol urang Parisi, tuluy soal jawab jeung Isa. Aranjeunna menta ka Isa supaya ngabijilkeun hiji tanda ti sawarga; maksudna, seja ngadoja ka Anjeunna. 12Anjeunna rumahuh jeroning manah, tuluy saur-Na, “Ieu jelema-jelema jaman kiwari marenta tanda? Cek Kami, maraneh, umat kiwari ku Kami moal dibere tanda!” 13Anjeunna terus angkat ti dinya, unggah deui kana parahu terus meuntas. 14Waktu unggah kana parahu, murid-murid poho mawa roti, ngan mawa hiji. 15Ari Isa lajeng nyaur, mepelingan, saur-Na, “Masing awas, ati-ati, kana ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.” (Ragi di dieu hartina: kamunapekan). 16Murid-murid malalikir terus ngomong pada batur, “Kitu nyariosna teh lantaran urang teu boga roti.” 17Kadangu ku Isa, pok sasauran, “Naha ngaromongkeun teu boga roti? Kutan can paham, can ngarti keneh? Geus paeheun pikir? 18Boga panon lain dipake nenjo, boga ceuli lain dipake ngadenge. Na geus paroho 19waktu Kami nyemplekkan roti, anu lima siki tea, didahar ku lima rebu urang, sabaraha bakul leuwihna beunang maraneh ngumpulkeun?” Wangsulna, “Dua belas bakul.” 20“Jeung anu tujuh siki, disuguhkeun ka opat rebu urang, sabaraha bakul sesana?” Wangsulna, “Tujuh bakul.” 21Saur-Na deui, “Can ngarti keneh bae?” 22Satuluyna, Isa sumping ka kampung Betsaida jeung murid-murid. Di dinya, aya nu lolong, tuluy dideuheuskeun ka Anjeunna, nyuhunkeun supaya dipangrampakeun. 23Ku Anjeunna dicepeng leungeunna, ditungtun dicandak ka luareun kampung. Terus panonna ku Anjeunna diludahan bari dirampa, pok dipariksa, “Geus aya nu katenjo?” 24Nu lolong nyeueung ka hareup, tuluy ngawangsul, “Ningal jalmi, rupina keur leuleumpangan, mung katingalna sapertos tatangkalan.” 25Panonna ku Isa dirampa deui; bray bae, ayeuna mah beunta enyaan, tetenjoanana awas jeung cekas. 26Ku Anjeunna dipiwarang balik, ngan saur-Na, “Ulah ka kampung itu deui!” 27Isa samurid-murid angkat ka kampung-kampung saputereun tanah Kesarea Pilipi. Di tengah jalan mariksa ka murid-murid, saur-Na, “Ari cek jalma rea, ieu Kami saha?” 28Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Nabi Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi.” 29Anjeunna mariksa deui, “Ari cek maraneh, Kami saha?” Petrus ngawangsul, “Cek abdi mah, Al Masih!” 30Murid-murid, ku Anjeunna, diomat-omatan teu meunang rea carita saha Anjeunna. 31Geus kitu, Isa wawangsit ka maranehna; saur-Na Putra Manusa teh misti nandang sangsara anu pohara; tur Anjeunna teh baris ditampik ku parakokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku ahli-ahli Kitab; terus Anjeunna teh bakal ditelasan, tapi bakal gugah deui sanggeus tilu poe. 32Sasaurana-Na teh, terang-terangan pisan. Ku Petrus dikenyang ka sisi, manehna mihatur maksudna ngemutan. 33Tapi Anjeunna malik, ningali ka murid-murid sejen, terus nyeuseul ka Petrus, saur-Na, “Nyingkah, Iblis! Maneh mikir teh lain kana pangersaning Allah, tapi kana kahayang jelema!” 34Ti dinya, jalma rea ku Anjeunna dihiapkeun, kitu deui murid-murid, sina kumpul, lajeng sasauran, “Saha-saha anu arek ngiring Kami, kudu nyegah kahayang napsuna, kudu manggul salibna, sarta anut ka Kami. 35Sabab saha-saha anu rek nyalametkeun nyawana, bakal kaleungitan nyawa; sabalikna, anu kaleungitan nyawa demi Kami jeung demi Injil, pinasti bakal salamet. 36Naon gunana meunangkeun saalam dunya, tapi nyawana leungit? 37Naon anu bisa dipake gaganti nyawana? 38Sabab sing saha anu era ngaku Kami sarta era kana pangajaran Kami di kalangan umat kiwari anu teu satia tur doraka; Putra Manusa oge kitu, — di mana geus datang kalawan kamulyaan Rama-Na bari diiring ku para malaikat suci — bakal era ngaku ka jelema anu kitu.”

will be added

X\