MARKUS 7

1Hiji mangsa aya rombongan urang Parisi jeung ahli-ahli Kitab ti Yerusalem nepungan Isa. 2Kataringalieun ku aranjeunna yen murid-murid Anjeunna, anu sawarehna, dalaharna teh make leungeun najis, nya eta henteu sibanyo heula. 3Urang Parisi mah, sakumaha lumrahna urang Yahudi; ari henteu ngumbah heula leungeun mah, aranjeunna teh tara waka dahar sabab gugon kana adat karuhun. 4Tas ti pasar oge, aranjeunna mah tara waka dahar lamun acan ngumbah heula awak. Loba-loba deui adat titinggal karuhunna, kacida digumatikeunana; upamana bae, hal ngumbah cacangkir, kendi, jeung pakakas tina tambaga. 5Kitu nu matak, harita, aranjeunna nyarios ka Isa, “Ari murid-murid Anjeun, hirupna teh, naha henteu nyekel ka adat tali paranti karuhun urang? Sabab dalaharna teh, make leungeun anu najis.” 6Ari waler-Na, “Cocog sakumaha piwejang Nabi Yesaya, aranjeun teh, he jelema-jelema anu munapek! Kieu saurna: Ieu umat, biwirna ngagungkeun Kami; tapi batinna mah, mungkir ti Kami. 7Ibadahna ka Kami teh cumah bae; sabab anu diajarkeunana teh, nya eta parentah manusa. 8Aranjeun mopohokeun parentah Allah lantaran gugon ka adat istiadat manusa.” 9Saur-Na deui ka aranjeunna, “Bisa pisan aranjeun mah ngalindih parentah Allah, malar bisa miara adat tali paranti karuhun sorangan. 10Sabab saur Nabi Musa: Kudu hormat ka indung bapa! jeung: Sing saha anu ngagorengkeun bapa atawa indung, kudu paeh. 11Ari cek aranjeun, mun jalma ka bapana atawa ka indungna ngomong: Naon-naon nu aya di kuring, nya eta anu tadina keur kaperluan bapa jeung ema; ayeuna, ku kuring parantos digunakeun pikeun kurban; — sembahkeuneun ka Pangeran — 12nu kitu teh, ku aranjeun mah teu dijurung deui nedunan kawajibanana ka indung bapana. 13Ku kituna, parentah Allah teh ku aranjeun henteu dianggap; da kukuh kana adat tali paranti karuhun bae. Loba-loba deui kalakuan aranjeun anu kawas kitu teh.” 14Isa lajeng ngahiapkeun jalma rea sina kumpul, pok nyarios, “Ieu barandungan jeung lenyepan: 15Sakur-sakur nu asal ti luar asup ka urang, teu aya nu matak najis. Tapi sakur-sakur anu kaluar ti urang, tah eta anu najis teh.” ( 16Mun enya ceuli teh paranti ngadenge, masing enya-enya nya ngadenge!) 17Sanggeus Anjeunna lebet ka hiji imah ngantunkeun jalma rea, murid-murid-Na mihatur hayang terang harti misil anu tadi. 18Waler-Na, “Kutan maraneh oge henteu ngarti? Na enya maraneh teu nyaho, yen nu asal ti luar asupna ka urang teu matak najis? 19Apan asupna teh, lain ka jero hate; tapi kana beuteung, anu tuluyna dipiceun ka jamban.” Ku hal ieu, ku Anjeunna dinyatakeun, yen kabeh kadaharan teu aya nu henteu halal. 20Saur-Na deui, “Naon bae nu kaluar ti jelema, eta najis. 21Sabab anu bijilna ti jero, nya eta ti jero hate, nimbulkeun rupa-rupa pikiran goreng, pacabulan, pamalingan, rajapati, 22pajinahan, kahawekan, kajahatan, pacurangan, hawa napsu, pasirikan, parahulan, kasombongan, jeung kagejulan. 23Ieu sipat-sipat kajahatan kabeh timbul ti jero jeung matak najis.” 24Sanggeus sasauran, Isa angkat ti dinya, ka daerah Tirus. Anjeunna lebet ka hiji imah; ari kahoyong-Na mah ulah aya nu nganyahoankeun, tapi buktina teu bisa disumput-sumput. 25Sabab teu lila, aya hiji ibu, anu anakna nu awewe diraksuk ku roh jahat meunang beja; tuluy manehna buru-buru datang, nyuuh kana sampeana-Na. 26Eta ibu teh urang Yunani, bangsa Siropuniki; manehna aya panunuhun ka Isa, nya eta supaya roh jahat anu ngaganggu anakna diusir. 27Tapi saur Isa ka manehna, “Keun, barudak heula sina sareubeuheun; sabab teu hade ngarebut roti anu pikeun barudak, terus dialungkeun ka anjing.” 28Si ibu ngawangsul, “Leres kituna mah, Jungjunan. Nanging anjing oge, anu nagog di kolong meja, sok ngiring ngaletak remeh anu nyarikclikan ti leungeun barudak.” 29Saur Isa ka eta ibu, “Ku sabab cek ibu, kitu; ayeuna mah, ibu geura mulang sabab setan teh geus ingkah ti anak.” 30Eta ibu terus balik, kasampak anakna keur ngedeng di enggon, jeung setanna geus ingkah. 31Isa jengkar ti daerah Tirus, ngalangkungan tanah Sidon, ngabujeng ka Talaga Galilea di tengah-tengah daerah Dekapolis. 32Di dinya, aya jelema anu, nya torek, nya pireu dideuheuskeun ka Anjeunna menta ditumpangan panangan. 33Eta jelema, ku Isa, dipisahkeun ti nu rea. Sanggeus paduduaan, ceuli nu torek teh dicolok ku remana; terus Anjeunna ngaludah bari tuluy nyabak kana letahna. 34Bari tanggah, ningali ka langit, Anjeunna narik napas, tuluy nyaur, “Efata!” hartina “Udar!” 35Plong bae, ceuli nu torek teh, ngemplong dibarung ku letahna udar tina tatali, nepi ka bisa ngomong bentes pisan. 36Anu araya di dinya, ku Anjeunna, dipesen ulah rea omong. Tapi beuki dilarang, maranehna, beuki resep bae nyaritakeunana nepi ka nyebar ka mana-mana. 37Maranehna bati bengong mikahelok bari ngaromong kieu, “Sagala damel-Na pitulung wungkul, nu torek disina bisa ngadenge, nu pireu disina bisa ngomong.”

will be added

X\