MARKUS 6

1Ti dinya Isa jengkar, mulih ka tempat asal-Na, diiring ku murid-murid. 2Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. Jamaah anu ngabarandungan Anjeunna pada ngarasa heran. Tuluy silih tanya, “Na boga pamanggih ti mana? Jeung pangabisa naon eta teh, wet bisaeun nyieun mujijat sagala? 3Lain tukang kayu tea eta teh, anak Siti Maryam lanceuk ki Yakobus, Yoses, Yudas, jeung Simon? Adi-adina anu awewe oge lain di urang matuhna teh?” Tuluy maranehna jadi ngarasa teu resep sarta ahirna, Isa, ku maranehna ditampik. 4Isa ngadawuh, “Nabi mah, di mana-mana diharagaan; ngan di lembur sorangan, di lingkungan kulawargana, atawa di tengah dulur-dulurna anu henteu teh.” 5Di dinya mah, Anjeunna henteu kantos ngayakeun mujijat naon-naon; salian ti nyageurkeun sawatara urang anu garering ku jalan numpangkeun panangana-Na. 6Isa jengkar deui, lebet kampung kaluar kampung bari ngawulang. 7Geus kitu, Anjeunna ngempelkeun murid-murid-Na. Tuluy eta murid-murid teh, duaan-duaan, diutus bari dipaparin kawasa pikeun nundung roh-roh jahat. 8Timbalana-Na, “Teu meunang mawa naon-naon, iwal ti iteuk: Teu meunang mawa roti atawa bekel, beubeur ulah dieusi ku duit, 9meunang make tarumpah, tapi ulah mawa pisalin.” 10Saur-Na deui, “Mun geus ditarima di hiji tempat, nganjrekna ge kudu di dinya bae, tepi ka waktuna kudu indit deui. 11Upama hiji tempat embungeun narima, embungeun ngadenge ka maraneh; tinggalkeun bae, bari kejekkeun kekebul tina suku, pikeun bukti ka urang dinya.” 12Bral murid-murid arindit, ngayakeun uar pangajak yen jelema-jelema kudu tarobat. 13Lian ti eta, murid-murid teh oge ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun anu garering ku jalan diolesan minyak. 14Raja Herodes oge ngadangu hal ihwal Isa, kawantu jenengan Isa geus kamashur. Cek jalma rea mah, Anjeunna teh, Nabi Yahya nu hudang deui ti anu geus maraot; mana jadi sakitu kawasana. 15Cek nu sawarehna deui mah, Anjeunna teh, Nabi Elias. Aya oge anu nyangka yen Anjeunna teh, nabi; nya kawas nabi-nabi nu baheula tea. 16Ari saur raja Herodes mah, “Moal salah, eta teh, Yahya anu ku aing diteukteuk beuheungna tea; ayeuna, manehna hirup deui!” 17Memang, Herodes anu miwarang nagkep Nabi Yahya teh; salian diborgol, anjeunna ge dijebloskeun ka panjara. Asalna mah, sang Raja teh nyandak Herodias, — geureuha Pilipus, saderekna — didamel prameswari; 18ari ku Nabi Yahya, sang raja teh ditegor, saurna, “Nyandak geureuha saderek teh, haram hukumna.” 19Herodias jadi neuteuli ka Nabi Yahya. Anjeunna teh, hoyong nelasan Nabi Yahya, tapi teu iasa. 20Sabab raja Herodes, rada serab ku anjeunna; da Herodes mah uninga yen Yahya teh, jalmi bener tur suci; jadi, anjeunna ditangtayungan. Ana anjeunna ngadangukeun Yahya, manahna sok mandeg mayong, tapi resep ngabandungan kasauranana. 21Tapi ahirna mah, Herodias teh mendak kasempetan oge. Eta kasempetan teh, nya eta waktu sang raja mestakeun ulang taunna sarta ngondangan para pembesar, perwira-perwira, jeung pepentol-pepentol tanah Yudea. 22Harita, putrina Herodias majeng nyirimpi, nyukakeun sang raja jeung tamu-tamu. Sang raja ngalahir ka eta putri, saurna, “Pek, nyuhunkeun naon bae ka ama; engke, ku ama dipasihan.” 23Malah sang raja sumpah, “Naon sakapalay nyai, najan sabeulah karajaan pisan, ku ama ditedunan.” 24Murangkalih lebet heula, unjukan ka ibuna, “Naon anu kedah disuhunkeun?” Walon Herodias, “Nyuhunkeun sirah Yahya bae!” 25Murangkalih kaluar deui, unjukan, “Nyuhunkeun sirah Yahya dina baki, nyuhunkeun ayeuna!” 26Sang raja ngajenghok. Tapi ku sabab geus sumpah tea, tur payuneun tamu-tamuna, anjeunna teu iasa nolak. 27Lajeng anjeunna marentah gulang-gulang sina nugel mastaka Yahya. Gulang-gulang terus indit, mastaka Yahya ditugel. 28Mastakana dibakian, dipasrahkeun ka nyi putri; terus ku nyi putri dihaturkeun ka ibuna. 29Sanggeus murid-murid Yahya tarerangeun, layonna dicandak, terus dikurebkeun. 30Rasul-rasul utusan tea, geus baralik; tuluy maranehna ngadareuheus ka Isa, ngadadarkeun hasil pagawean jeung pangajaranana. 31“Hayu sarerea urang neangan nu sepi, supaya bisa jongjon ngareureuh heula,” saur Isa ka maranehna. Sabab harita teh, keur loba pisan jelema balawiri, nepi ka teu kabujeng tuang-tuang acan. 32Terus sarerea kana parahu, meuntas ka tempat anu mencil. 33Tapi sabot kana parahu, katarenjoeun ku jelema-jelema jeung tujuanana teh geus kataksir. Tuluy anu ti kota-kota buru-buru nyarusul ka ditu, ku jalan darat; eta nu nyarusul teh, tepina ti heula. 34Barang Isa lungsur ka darat, maranehna geus kumpul. Kacida lobana teh, matak ngahelas kana manah-Na; nya asa ningali domba anu euweuh pangangonna. Tuluy bae ku Anjeunna diwuruk rupa-rupa hal. 10:2, Mat. 9:36* 35Sanggeus rada burit, murid-murid mihatur, “Jungjunan, parantos burit sareng di dieu teh tempat mencil. 36Jalmi-jalmi teh sina mios bae, sina maleser tedaeun masing-masing di desa atanapi kampung anu caket-caket.” 37Tapi saur Isa, “Ku maraneh bae suguhan.” Wangsul murid-murid, “Jadi, abdi-abdi kedah mios meser roti keur jalmi sakitu seueurna, ari artos mung aya dua ratus dinar?” 38Saur Isa, “Aya sabaraha roti di maraneh? Cik, ilikan.” Sanggeus diilikan, “Roti kantun lima; lauk dua siki.” 39Jalma-jalma teh ku Anjeunna dipiwarang dariuk, gugundukan dina jukut anu keur meujeuhna hejo. 40Gek, maranehna darariuk gugundukan, aya nu saratus aya nu lima-lima puluh urang. 41Sanggeus Anjeunna nyandak roti anu lima jeung laukna dua siki tea, Anjeunna tanggah ngucapkeun berkah. Terus rotina disemplekkan, tuluy dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun. Laukna oge dibagikeun ka kabehan. 42Terus kabeh dalalahar nepi ka sareubeuhna. 43Kaleuwihanana, beunang nyemplekkan tea, dikumpulkeun; meunang dua belas bakul pinuh, jaba kaleuwihan laukna. 44Anu disuguh dahar, harita, aya lima rebu urang. 45Geus kitu, murid-murid, ku Isa dipiwarang meuntas ti heula ka tanah Betsaida. Jelema-jelema ge dipiwarang baralik. 46Sanggeus kabeh arindit, Anjeunna unggah ka luhur pasir bade ngadu'a. 47Tengah peuting, murid-murid, geus aya di satengahing talaga; ari Anjeunna mah, di darat keneh, nyalira. 48Anjeunna uninga yen murid-murid keur tihothat ngadayung lantaran angin ngadat; ku sabab eta, kira-kira dina pukul tilu janari, Anjeunna geus aya tapak kancang deukeut parahu murid-murid, semu rek ngalangkung. 49Barang katenjo ku murid-murid, maranehna mani tingsareblak; cop bae ka jurig, tuluy tingkoceak, 50da kabehanana narenjoeun, pohara sarieuneunana. Tapi ku Anjeunna digentraan, “Teger! Kami ieu teh, ulah sieun!” 51Tuluy Anjeunna unggah kana parahu; jep bae, angin teh leler. Ari murid-murid ngan bengong jeung bingung bae anu aya. 52Sakitu geus nenjo mujijat tina hal roti tea oge, weleh ku maranehna henteu diuji ku ati, bangun anu sabodo bae. 53Ti dinya, kebat meuntasna; jol ka tanah Genesaret, tuluy balabuh. 54Barang lungsur tina parahu, urang dinya jol-jol tenget bae ka Anjeunna. 55Atuh tuluy bae, eta urang dinya teh lalumpatan ka jero kampung; ari balikna deui bari ngagotongan anu garering. Kitu bae, di mana-mana oge, lamun aya beja ngeunaan Anjeunna teh. 56Angkat ka mana bae, ka desa-desa, ka kota-kota, atawa kampung-kampung, nu garering teh diteundeun di pasar-pasar, marenta diwidian nyabak kana tungtung jubah-Na wungkul. Sakur anu nyabak, terus bae calalageur.

will be added

X\