MARKUS 5

1Meuntasna geus nepi ka wewengkon tanah Gadara, peuntaseun Talaga Galilea. 2Barang jut, Isa, tina parahu; prok, Anjeunna, amprok jeung hiji jelema anu datangna ti hiji pamakaman. 3Eta teh jelema edan anu kasurupan roh jahat; cicingna ge di pamakaman bae. Eta jelema teh, geus teu bisa diurus, teu aya nu tahan, jeung taya tali atawa rante nu kuat dipake nyangcang manehna. 4Sababaraha kali ditalikung make rante, tapi rantena pegat-pegat bae, malah beusi bangkol sukuna oge bisa dipingges-pinggeskeun. Bedasna luar biasa, taya nu sanggup ngahalang-halang deui! 5Beurang peuting gawena ngaprak di pamakaman atawa di gunung-gunung, bari ceuceuleuweungan jeung nurihan maneh ku batu seukeut. 6Harita, ti kajauhan keneh geus awaseun ka Isa; deregdeg manehna muru, brek sideku ka Anjeunna bari nyembah. 7Tuluy ngagorowok, “Aduh Isa, Putra Allah Mahaagung! Bade dikumahakeun abdi teh? Demi Allah, ulah nyiksa!” 8Sabab tadi Isa geus nimbalan kieu, “He roh jahat, ingkah maneh ti eta jelema!” 9Isa terus mariksa, “Maneh saha ngaran?” Jawabna, “Legiun!” Sabab nu nyurupna teh, lobaan! 10Tuluy anu nyebut ngaran Legiun teh, sasambat, menta supaya anu nyurupna, anu lobaan tea, ulah diusir ti daerah eta. 11Teu jauh ti dinya, aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir. 12Tuluy roh-roh jahat teh menta, “Ka itu bae atuh, widian nyurup ka babi-babi.” 13Ku Anjeunna dirujukkan. Eta roh-roh jahat aringkah ti eta jelema, tuluy nyarurup ka babi-babi. Gerebeg babi nu sakitu lobana teh, kurang leuwih dua rebu, tingdurugdug lalumpatan ka gawir; terus eta babi-babi teh, bras-brus kana talaga, kabeh paraeh. 14Jelema-jelema anu ngangon eta babi-babi tingbalecir, aya nu lumpat ka kota, aya nu ka kampung-kampung pikeun nyebarkeun beja. Anu dibarejaan riab harayang nyaho. 15Ari gok jeung Isa, nyampak nu edan teh keur anteng diuk, geus barang pake, jeung ingetanana geus sehat. Tapi maranehna mah, sarieuneun keneh. 16Sanggeus nyaraho buktina, tuluy hariweusweus ka nu sejen, nyaritakeun nu edan jeung babi-babi nu jaradi edan tea. 17Ahirna, kabeh urang dinya rempug, maksa ka Isa supaya buru-buru ngantunkeun eta tempat. 18Sanggeus Isa kana parahu, urut nu edan teh hayangeun milu. “Abdi ngiring,” pokna. 19Tapi ku Isa diwagel, saur-Na, “Mending balik ka lembur. Pek, di ditu, caritakeun pitulung Pangeran anu sakitu anehna ka maneh, caritakeun kumaha rahman-rahim-Na ka maneh!” 20Manehna nurut, tuluy indit ngider satanah Dekapolis (= Sapuluh Kota), nyaritakeun pitulung Isa. Anu ngadenge caritana, teu aya nu henteu ngarasa helok. 21Isa meuntas deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tumplek deui ka Anjeunna di sisi talaga. 22Jol, saurang pangurus tempat ibadah; jenenganana Yairus. Sumping-sumping terus sujud ka Isa; 23bari ngalengis mundut tulung, “Mugi sumping ka rorompok. Pun anak, awewe, udur repot. Hoyong dipangningalikeun sareng dipangnumpangankeun ku panangan Anjeun; nya supados katulungan sareng tiasa sehat deui!” 24Isa rujuk, tuluy jengkar bareng bari diiring ku balarea anu pasesedek hayang deukeut ka Anjeunna. 25Aya hiji awewe, geus dua welas taun katerap kasakit ngagetih. 26Ka tabib geus sering, duit ge geus beak dipake tatamba. Tapi kasakitna teh, teu cageur-cageur; malah mah, tambah parna bae. 27Barang ngadenge beja hal Isa, tuluy milu seselendep ka pungkureuna-Na. 28“Rek nyabak tungtung jubah-Na bae aing mah, moal teu cageur!” Carekna ngomong sorangan. 29Gap nyabak kana tungtung jubah. Set, ngagetihna, ngadadak eureun. Karasa jadi garenah, panyakit anu nyusahkeun teh geus cageur. 30Bareng jeung eta, karaos ku Isa asa aya tanaga anu mencar tina salira-Na. Anjeunna luak-lieuk, lajeng mariksa, “Saha anu nyabak jubah Kami?” 31Diwangsul ku murid-murid, “Naha nganggo mariksakeun anu nyabak? Tangtos da sakitu pasedek-sedekna.” 32Tapi Isa tetep luak-lieuk, milarian jelemana. 33Nu nyabak-Na ngarasa asa boga dosa; atuh pohara sieuneunana, bruk bae nyuuh kana sampeana-Na, tuluy ngaku sabenerna bari ngadegdeg. 34Tapi Isa ngalahir, “Geus nyai! Sukur geus cageur mah. Eta teh ku sabab nyai boga iman. Heug, saterusna, sing cageur ti kajuwet teh.” 35Sabot Anjeunna sasauran, jol aya jurungan ti bumi Pa Yairus, mawa beja, “Putra teh parantos pupus. Teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.” 36Tapi beja teh ku Isa henteu didangu. Anjeunna ngadawuh ka Pa Yairus, “Teu kedah rejag, sing yakin.” 37Geus kitu, balarea ku Anjeunna diwagel teu meunang terus milu, iwal ti Petrus, Yakobus, jeung Yahya, dulurna tea. 38Sasumpingna ka bumi Pa Yairus, nyampak nu keur careurik, tingrambisak, tingsalegruk, aya oge nu nepi ka aluk-alukan. 39Tuluy Anjeunna lebet, nu keur careurik ditimbalan, “Ulah dipake nalangsa, parantos ulah narangis. Murangkalih teh lain maot, tapi keur sare!” 40Tapi nya kitu, Anjeunna anggur disaleungseurikeun. Tuluy eta jelema-jelema teh, ku Anjeunna dipiwarang kalaluar; Anjeunna terus lebet ka kamar layon bareng jeung ibu ramana murangkalih jeung tilu murid-Na tea. 41Ceg, leungeun layon teh, dicepeng; lajeng Anjeunna ngadawuh, “Talita Kumi,” hartina, “Gugah, nyai!” 42Murangkalih terus ngulisik, cengkat, tuluy leuleumpangan. (Ari yuswana geus dua welas taun). — Atuh puguh bae matak kaget, matak bengong nu narenjo, hese dipercayana. 43Tapi kabeh ge, ku Isa pohara diomat-omatanana, teu meunang ucah-aceh ka sasaha deui — Geus kitu, saur Isa, “Bere dahar, eta budak teh!”

will be added

X\