MARKUS 4

1Hiji mangsa, Isa ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Nu kumpul kacida lobana, nepi ka Anjeunna kapaksa ngawulang-Na ngalih kana parahu, rada nengah. 2Pangajarana-Na rupa-rupa, nganggo ibarat. Kieu dawuhana-Na, “Raregepkeun! 3Aya hiji jelema indit tebar. 4Waktu tebar, binihna, aya nu katebarkeun ka jalan; eta binih teh, beak ku manuk. 5Aya oge binih anu katebarkeun kana tanah cadas, taneuhna keri. Ku sabab taneuhna ipis, binih teh tereh jadi. 6Tapi barang kapanasan, binih nu kakara jadi teh alum, malah terus garing, da ngakarna henteu jero. 7Sawarehna deui, aya nu katebarkeun kana rungkun cucuk. Cucukna ngagedean, binih tea mah boro-boro buahan, malah paeh kaelehkeun ku cucuk. 8Ari binih anu meneran kana tanah nu hade mah, jadina teh alus naker, nepi ka baruahanana; hasilna, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.” 9“Ayeuna,” dawuhan Isa, “lamun enya baroga ceuli, pek geura raregepkeun.” 10Sanggeus Isa nyalira, para pangiring jeung murid-murid nu dua welas ngadareuheusan. Maranehna menta diterangkeun maksudna eta carita. 11Dawuhan Anjeunna, “Ka maraneh mah, rasiah Karajaan Allah teh diguar, dibuka. 12Ka nu di luareun maraneh mah, dicaritakeunana teh ngan ku silokana bae, nepi ka maranehna mah: nenjo mah nenjo, tapi tetep teu awas; ngadenge mah ngadenge, tapi tetep teu ngarti, supaya teu babalik pikir sarta dihampura.” 13Anjeunna mariksakeun, “Maraneh ge teu ngarti deuih? Ana kitu kumaha rek ngartina kana misil-misil sejenna? 14Binih nu ditebarkeun teh, nya eta Sabda Allah. 15Binih anu katebarkeun ka jalan, nya eta Sabda teh ditarimana ngan saliwat; harita kadenge, harita keneh dipupus ku Iblis; teu kungsi ngendek dina hatena. 16Binih anu katebarkeun kana tanah cadas, nya eta Sabda teh gancang pisan ditarimana bari jeung gumbirana. 17Tapi teu nepi ka ngakar kana hate, jadi bisa teu tahan. Ana datang dodoja atawa disusahkeun pedah daek nyekel Sabda tea, imanna luntur, kapercayaanana lebur. 18Binih anu katebarkeun kana ruyuk cucuk, nya eta Sabda teh ditarima. 19Tapi sajeroning kitu, jelemana, teu weleh dikukuntit ku karisi; tur kagoda ku haliah dunya jeung rupa-rupa kahayang napsu, nepi ka Sabda tea mah kagencet, teu nepi ka bisa ngabukti. 20Panganggeusanana binih anu meneran kana taneuh anu lendo, nya eta Sabda teh didenge, ditarima, jeung diimankeun; hasilna kapetik buahna kaala, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.” 21Isa ngalahir deui, “Urang nyeungeut lampu teh, kapan lain rek dituruban ku baskom atawa diteundeun di kolong, tapi nya keur diteundeun di tempat parantina. 22Naon bae anu disumput-sumput, awal ahir mah kanyahoan. Naon bae anu dirasiahkeun, awal ahir pasti kabuka. 23Pake ceuli teh, pake ngadenge!” 24Dawuhana-Na deui, “Ayeuna ieu perhatikeun: Ukuran anu ku maneh dipake ngukur batur, ku Pangeran baris dianggo ngukur deui ka maneh kalawan leuwih ti kitu. 25Sabab sing saha anu geus boga, bakal ditambah. Sabalikna, nu teu boga naon-naon mah, milikna nu pang teu pirana ge, bakal dieuweuhkeun pisan.” 26Dawuhana-Na deui, “Karajaan Allah teh lir binih nu ditebarkeun ku hiji jelema. 27Geus kitu, peutingna mondok, beurangna hudang; binih jadi ku maneh. Eta jelema mah, teu nyahoeun kumaha petana binihna jadi. 28Da anu ngalantarankeun jadina nepi ka buahan mah taneuh. Mimitina sirungan mentik, tuluy morontod ngagedean, bijil ranggeuyanana, beuki beuneur-beuki beuneur, nepi ka asak. 29Eta anu melak teh sasadiaan, mun geus meujeuhna metik panen.” 30Dawuhan Isa, “Ayeuna, Karajaan Allah teh urang upamakeun naon deui? Kumaha ngupamakeunana, supaya bisa diterangkeun? 31Urang upamakeun bae siki sasawi, nya eta siki anu pangleutikna di antara sisikian. 32Tapi lamun eta siki dipelakkeun, — ari geus jadi — di antara palawija mah, tangkalna teh panggedena; dahanna ge, nepi ka sok dipake tempat nyayang manuk.” Kitu cariosana-Na. 33Geus baku ana nyarioskeun hal Karajaan Allah ka umum mah, Anjeunna nyarioskeunana teh sok nganggo upama bae; kawas bieu, diloyogkeun kana tahap pangarti maranehna. 34Anjeunna mah, tara teu nganggo upama atawa ibarat-ibarat nyarioskeunana teh. Tapi di mana geus leupas ti balarea, ka murid-murid mah, eta ibarat-ibarat teh eces diterangkeun pihartieunana. 35Poe eta keneh, sanggeus burit, Isa ngajak meuntas ka murid-murid, saur-Na, “Urang meuntas ka beulah ditu.” 36Balarea dikantun, Anjeunna miheulaan kana parahu dituturkeun ku murid-murid; tuluy mareuntas bari dibaturan ku sababaraha parahu sejenna deui. 37Gelebug aya angin ribut, talaga jadi motah, parahu meh-meh kalebuh kaasupan cai. 38Harita, Isa nuju kulem di pungkur nganggo tilam. Geuwat digugahkeun. “Pa Guru!” Cek murid-murid. “Bade cicing bae urang bade cilaka teh?” 39Isa enggal gugah, terus marentah ka angin, “Jep!” Marentah deui ka ombak, “Leler!” Jep bae angin sirep, kaayaan malik ayem kabina-bina. 40Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Naha wet geumpeuran teuing? Dikamanakeun eta iman teh?” 41Ayeuna mah, murid-murid teh, sieunna jadi sieun ka Anjeunna. “Saha atuh nu saenyana ieu Guru urang teh? Bet digugu parentah-Na ku angin jeung ku ombak!” Pokna, ka pada batur.

will be added

X\