MARKUS 2

1Isa mulih deui ka Kapernaum. Tuluy bejana sumebar, yen Anjeunna parantos aya di salah sahiji imah. 2Jelema-jelema terus tamplok ka eta imah, pajejel ka luar-luar taya tempat anu kosong. 3Sabot Anjeunna ngawulang, aya nu lumpuh digotong dina tandu ku opatan rek dibawa ka Anjeunna. 4Tapi ku sabab sakitu padedetna, pakarepanana teu hasil. Tuluy maranehna make jalan ti luhur, nya eta ku jalan ngorowek hateup palebah Jungjunan calik. Geus kitu, si lumpuh teh diulur jeung tanduna. 5Ku Jungjunan kauninga pisan, kumaha mantepna kayakinan maranehna ka Anjeunna. Lajeng ngalahir ka si lumpuh, saur-Na, “Anaking, dosa maneh dihampura.” 6Di dinya oge, aya ahli-ahli Kitab; maranehna teh tinggerentes dina hatena, 7“Naha ieu Jelema teh asa mapadani teuing ka Allah, wani-wani ngomong kitu? Manusa mah teu boga hak ngahampura dosa, euweuh nu bisa, ngan Allah anu wenang!” 8Pipikiran maranehna, ku Jungjunan kauninga. Anjeunna sasauran, “Naha aranjeun kitu mamanahan? 9Pikeun ieu anu lumpuh: Naha leuwih babari narima ucap nu nyebutkeun dosana dihampura, atawa leuwih babari dititah nangtung sina terus leumpang, tanduna sina dibawa? 10Tapi ayeuna rek ditembongkeun, yen Putra Manusa teh di dunya memang boga hak ngahampura dosa.” 11Geus kitu, nu lumpuh teh ditimbalan, “Parentah Kami: Nangtung maneh, eta tandu bawa balik!” 12Nu lumpuh teh, — cengkat bari dipencrong ku sarerea — terus nangtung, tanduna diangkat, tuluy balik gagancangan. Anu nyaraksian bati bengong, tuluy maruji ka Pangeran. “Saumur-umur, kakara ayeuna, manggih kajadian anu sakieu ajaibna mah!” Kitu ngaromongna teh. 13Ti dinya, Isa angkat deui ka sisi Talaga. Jelema-jelema tumplek deui, tuluy ku Anjeunna diwuruk. 14Sarengsena, Anjeunna angkat deui mapay-mapay sisi Talaga. Beh, Anjeunna, ningali tukang Cuke; ngaranna Lewi bin Alpius, keur diuk di panyukean. Ku Anjeunna disaur, timbalana-Na, “Hayu milu!” Terus Lewi milu. 15Waktu Isa tuang di manehna, loba tukang-tukang cuke; nya kitu deui jelema-jelema nu daroraka, marilu dahar, bareng jeung Anjeunna jeung murid-murid sabab nu ngariring teh loba. 16Nenjo Isa tuang jeung nu karitu, ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi ngaromong ka murid-murid, “Naha Anjeunna wet daek tuang bareng, nya jeung tukang-tukang cuke, nya jeung jelema-jelema nu daroraka?” 17Ngaromongna ku Isa ge kadangu. Anjeunna ngalahir, “Nu cageur mah, teu butuheun ku doktor; nu butuheun doktor mah, nu garering. Kami datang teh lain rek nyaur anu balener, tapi rek nyaur anu doraka.” 18Hiji mangsa, waktu murid-murid Nabi Yahya, nya kitu deui urang Parisi keur paruasa. Aya nu naranya ka Isa, “Murid-murid Yahya jeung urang Parisi paruasa. Ku naon murid-murid Anjeun mah tara paruasa?” 19Ku Isa diwaler kieu, “Ari babaturan ki Panganten naha kudu puasa najan ki Panganten masih maturan keneh? Sapanjang ki Panganten maturan keneh mah, batur-baturna, teu kudu puasa. 20Tapi ki Panganten teh bakal dibawa, nya harita maranehna bakal paruasa. 21Moal aya, anu nambal baju heubeul ku lamak anyar. Sabab lamak nu anyar teh, matak leuwih soeh ka nu heubeul. Malah mah, soehna teh, jadi leuwih gede. 22Oge moal aya anu nyimpen anggur anyar kana kantong kulit nu geus heubeul. Sabab kantong nu geus heubeul teh, tangtu bedah. Tungtungna mah, nya anggurna, nya wadahna kapiceun duanana. Anggur anyar, wadahna ge kudu nu anyar.” 23Hiji mangsa, dina poe Sabat, Isa angkat. Angkatna ngalangkung pahumaan. Sabot laleumpang, murid-murid tingrarawel kana gandum, maretik sababaraha ranggeuy. 24Ari cek urang Parisi teh, “Tingali eta tuang murid petak-petik! Kapan cek Toret ge, henteu kenging barang gawe dina poe Sabat!” 25Isa ngawaler, “Na teu acan ngaos carios waktu raja Daud ngaraos butuh ku tutuangeun; nya waktos anjeunna sareng anak buahna lapar tea. 26Ahirna, anjeunna lebet ka Bait Allah, nyandak roti haturkeuneun ka Allah. Harita, anu jadi Imam Agungna teh, Abyatar. Cek Toret: Anu meunang ngadahar haturkeuneun ka Allah teh, ngan ukur para imam; ari harita, wet dituang ku raja Daud jeung ku anak buahna.” 27Saur Isa deui, “Sabat diayakeun teh gunana pikeun mangpa'at umat manusa. Jadi, lain manusa diayakeun pikeun Sabat. 28Ku lantaran kitu, Putra Manusa teh jadi Jungjunanning Sabat oge.”

will be added

X\