MARKUS 16

1Sabada poe Sabat, Maryam Magdalena, Maryam, — ibu Yakobus — jeung Salome mareuli minyak seungit; nya pikeun bawaeun ka makam Isa tea; maksudna mah, rek nyeungitan layon-Na. 2Arinditna ka makam teh poe Minggu, isuk-isuk keneh, barang meletek panonpoe. 3Sajeroning laleumpang silih tanya, “Saha engke anu manggulingkeun batu tutup makam?” 4Tapi batu tutup makam teh, anu sakitu gedena, kasampak geus aya anu ngagulingkeun. 5Barang asup, katingal aya hiji jelema ngora; eta jelema anu dijubah bodas teh, keur calik di beulah katuhu. Atuh kacida rareuwaseunana. 6Tapi nu keur calik teh ngalahir, kieu saurna, “Ulah rareuwas. Ibu-ibu teh rek ngalayad Isa, urang Nasaret, anu disalib tea? Geus teu aya di dieu, geus gugah deui. Tah geuning kari urutna. 7Ayeuna mah, anggur buru-buru bejakeun ka murid-murid Anjeunna, oge ka Petrus. Bejakeun, Anjeunna teh geus ti payun angkat ka Galilea. Engke oge, ku aranjeun kasampak di ditu, sakumaha dawuhana-Na tea.” 8Nu tiluan gagancangan kalaluar ti jero pajaratan, tuluy lalumpatan bawaning ku sieun jeung baluas. Ku sieun-sieunna, nepi ka teu bisa nyarita naon-naon ka sasaha ge. Amanat malaikat tea ditepikeun ka Petrus sabatur-batur, ringkes bae. Ti harita mah, eta amanat Suci tur abadi teh, nya eta tina hal kasalametan anu salanggengna; diembarkeunana ku Isa ku Anjeun nu dikawasakeun ka murid-murid-Na, ti masrik tepi ka magrib. 9Sanggeus Jungjunan tanghi, hirup deui; poe Mingguna, isuk-isuk, nu ku Anjeunna mimiti ditembongan teh, nya eta Maryam Magdalena. Jungjunan kantos ngusir tujuh setan ti manehna. 10Tuluy Maryam Magdalena bebeja ka sakur nu sok ngingiring ka Jungjunan, anu keur pada sedih prihatin. 11Tapi beja yen Isa parantos tanghi, — hirup deui — jeung nembongan ka Maryam Magdalena teh, ku maranehna sama sakali teu diandel. 12Terus Isa nembongan deui ka dua murid nu keur aya di satengahing jalan ka luar kota, nembonganana teh geus salin rupa. 13Murid-murid nu duaan teh baralik deui sarta terus bebeja ka nu sejen. Tapi ieu oge, henteu dipalercaya ku batur-baturna teh. 14Panungtunganana, Jungjunan nembongan teh ka murid-murid sabelasanana waktu maranehna keur dalahar. Ku Jungjunan diweweleh ku sabab teu baroga iman; turug-turug, keukeuh embung ngandel ka batur anu geus nyaksian sorangan, yen enya Jungjunan teh hirup deui. 15Saterusna, Anjeunna ngadawuh, “Maraneh ku Kami rek diutus. Jugjug sakuliah dunya, embarkeun Injil ka umat sakumna. 16Bagja salamet sing saha nu percaya kana eta uaran sarta dibaptis; sabalikna, cilaka anu embung percaya sabab baris dihukum. 17Golongan nu percaya bakal kaancikan ku kakawasaan gaib: Bisa ngusir setan-setan ku nyambat jenengan Kami, bisa ngomong basa-basa ajaib nu araneh. 18Maranehna bakal wani newak oray matih, moal nepi ka binasa sanajan nginum racun keras; ana leungeunna dipake nyabak nu gering, nu gering teh terus cageur.” 19Tamat ngadawuh ka murid-murid, Isa, Gusti Jungjunan urang, lajeng dicandak mi'rad ka sawarga, linggih di tengeneun Gusti Allah. 20Murid-murid bral arindit, seja nguarkeun Injil ka suklakna ka siklukna. Sajeroning ngajalankeun tugasna, maranehna dituyun ku Pangeran nu maparin pangdeudeul ku rupi-rupi tanda ajaib; eta teh pikeun bukti, yen nu diuarkeun ku murid-murid teh perkara anu sajatina.

will be added

X\