MARKUS 15

1Isuk-isuk keneh pisan, imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh, ahli-ahli Kitab, jeung sakumna anggota Mahkamah Agama geus buleud mupakatna. Tuluy Isa dirante, dibawa pikeun dipasrahkeun ka Gupernur Pilatus. 2Pilatus mariksa ka Jungjunan, “Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Jungjunan, “Sakumaha kasauran anjeun.” 3Eta imam-imam kapala ge, ngadakwakeun Anjeunna; panudingna teh mani rupa-rupa pisan. 4Pilatus mariksa deui ka Isa, “Kumaha, bade ngabantah? Rea pisan tudinganana ka Anjeun!” 5Isa tetep mindel, — teu kersa ngawaler deui — nepi ka Gupernur ngaraos heran. 6Jaman eta geus biasa, unggal-unggal Hari Raya Paska sok aya sakitan anu dibebaskeun, nu mana bae nurutkeun usulan rayat. 7Harita, di jero panjara aya sakitan pemberontak, ngaranna Barabas; dibuina bareng jeung pemberontak-pemberontak sejenna anu milu barontak sarta geus maehan jelema. 8Harita, rayat geus mimiti meredih, supaya eta kabiasaan teh dijalankeun. 9Waler Pilatus, “Maraneh teh rek menta ieu, Raja urang Yahudi, supaya bebas?” 10Ku anjeunna ge geus kauninga, naon sababna pangna imam-imam kapala nepi ka nyerenkeun Isa ka anjeunna teh. Lantaranana mah, taya lian, nya eta sirik jeung dengki. 11Tapi rayat geus diojok-ojok ku maranehna teh, nya eta sina milih Barabas tea. 12Sakali deui Pilatus mariksa ka rayat, “Ari ieu, anu ku maraneh disebut Raja urang Yahudi, kumaha?” 13Rayat tingcorowok, “Hukum! Gantung!” 14Pilatus mariksa deui, “Tapi naon kajahatana-Na?” Rayat beuki tarik tingcorowokna, “Gantung, hukum gantung!” 15Pilatus nedunan pamenta rayat, supaya rayat sugema. Geus kitu, Barabas dibebaskeun; ari Isa, sanggeus ku anjeunna dihukum rangket, tuluy diserenkeun sina disalib. 16Geus kitu Isa digiring ku serdadu-serdadu ka istana Gupernuran, tempat pangadilan. Anggota pasukan sina kumpul kabeh ka dinya. 17Isa ku serdadu-serdadu dianggoan jubah wungu, terus diterapan mamakutaan tina cucuk. 18Ti dinya serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat, “Salam ka Raja urang Yahudi!” 19Geus kitu buk-bek nareunggeulan ku panggebug kana mastaka-Na, bari jeung nyariduhan. Tuluy pura-pura darareku, nyarembah. 20Ti dinya, Isa dibawa ka luar rek disalibkeun. 21Sabot kitu, lar aya jelema ngaliwat anu kakara datang ti luar kota; eta jelema teh ngaranna Simon, urang Kirena, bapana Alexander jeung Rupus. Tuluy manehna dipaksa sina mangmanggulkeun tihang salib Isa. 22Geus kitu, kebat, Anjeunna dibawa ka hiji tempat anu ngaran Golgota (hartina: Tempat Tangkorek). 23Sanggeus nepi, Jungjunan diasongan anggur nu dicampuran ku emur sina dileueut, tapi ku Isa ditolak. 24Tuluy Anjeunna teh dipaku kana tihang salib. Anggoana-Na dilotrekeun dibagi-bagi. 25Isa disalib teh, pukul salapan. 26Pangdakwa anu netelakeun kalepatana-Na, — pangna nepi ka disalib — dijieun merek dipasang dina salib-Na, unina: “Raja urang Yahudi.” 27Aya duaan deui nu digantung bareng jeung Anjeunna teh; duanana rampog, saurang tengeneun, saurang kiwaeuna-Na. [ 28Nya harita ngabuktina ayat Kitab Suci anu unina kieu: “Anjeunna disaruakeun jeung panjahat.”] 29Jelema-jelema anu lalar liwat, tingtaruding bari gogodeg, “Geuning Maneh teh, anu majar rek ngaruag Bait Suci tea bari sasanggupanan rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe! 30Turun atuh tina panggantungan, bebaskeun diri teh!” 31Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab oge ngararejek deuih jeung pada saihwanna, “Ari ka batur bisa tutulung; ari ka diri-Na sorangan mah, teu bisa nanaon. 32Keun, eta Al Masih, raja urang Yahudi teh sina turun tina panggantungan, supaya katenjo ku urang, meureun urang teh percaya.” Malah panjahat nu bareng digantung tea ge, make pipilueun deuih, ngajejeleh ka Anjeunna teh. 33Barang geus tengah poe, sakuliah wewengkon eta reup bae jadi poek ngadak-ngadak; lilana ti pukul dua belas nepi ka pukul tilu. 34Dina pukul tilu, Isa ngajerit, sasambat, “Eloi, Eloi, lama sabakhtani?” Hartina: “Ya Allah, Jungjunan Simabdi, ku naon Abdi teh dikantun kieu?” 35Sababaraha jelema anu keur narangtung di dinya, anu ngadenge sasambat-Na, ngaromong kieu, “Tah dengekeun, keur nyambat Nabi Elias!” 36Aya nu gura-giru nyokot sepon dianclomkeun kana anggur beunang ngahaseuman, sanggeus ditiir ku tuturus, tuluy disodorkeun kana lambey Jungjunan sina diseuseup, bari ngomong, “Keun, hayang nyaho enya henteuna Nabi Elias sumping nurunkeun Manehna tina panggantungana-Na!” 37Isa ngajerit sakali deui, lajeng masrahkeun nyawa-Na. 38Sawaktu jeung eta, berewek, reregan Bait Suci soeh dadak sakala, bedah ti luhur ka handap. 39Komandan pasukan pangawal, anu nangtungna hareupeun tihang salib, pok bae ngucap, “Tetela, ieu Jelema teh, Putra Allah!” 40Rada anggang ti dinya, aya sababaraha wanita. Eta para wanita teh, di antarana, Maryam Magdalena, Siti Maryam — ibu rai-rai Isa nu ngaran Yakobus jeung Yoses — sarta Salome. 41Eta wanita-wanita, kabeh ge, jelema-jelema anu sok mimilu jeung ngabantu ka Isa, keur Anjeunna aya di Galilea. Rea deui wanita-wanita sejenna ti Yerusalem, anu daratangna ka dinya, sawaktu reujeung Isa. 42Wanci geus sareupna, aya nu sumping, jenenganana Yusup urang Arimatea. Anjeunna teh, anggota terhormat ti Mahkamah Agama, anu sami nganti-nganti ngadegna Karajaan Allah. Poe eta teh, poe Panyadiaan; hartina, sapoe memeh poe Sabat. 43Ku sabab eta, kalayan teuneung ludeung anjeunna ngadeuheus ka Gupernur Pilatus pikeun mundut layon Isa. 44Diwartosan Isa parantos pupus teh, Gupernur dugi ka ngarenjag heran; lajeng anjeunna manggil Kapala Pasukan, mariksakeun enya henteuna Isa geus pupus. 45Sanggeus kenging katerangan ti Kapala Pasukan, Yusup ku anjeun diwidian nyandak layon. 46Yusup teh, geus ngagaleuh boeh. Sanggeus diturunkeun tina tihang salib, layon teh terus bae dibungkus ku boeh; tuluy eta layon dikurebkeun di hiji makam, anu dijieunna dibobok dina gunung batu; geus kitu, lawang guha pajaratana-Na, ditutup ku batu gede. 47Waktu ngurebkeunana, Maryam Magdalena jeung Maryam, — ibuna Yoses — milu nyaraksian.

will be added

X\