MARKUS 14

1Pidua poeeun deui kana Hari Raya Paska jeung Pesta Roti teu diragian, imam-imam kapala jeung ahli-ahli Toret nyiar akal, sangkan bisa newak jeung nelasan Isa ku tipu daya. 2Cek maranehna, “Alusna mah, dilampahkeunana teh ulah dina waktu perayaan, bisi rayat jadi heboh.” 3Hiji mangsa, Isa aya di wewengkon Betani, di imahna ki Simon Kusta. Waktu Anjeunna nuju tuang, jol aya awewe ngadeuheusan; eta awewe teh mawa minyak seungit, sapeles, nu kacida mahalna. Sanggeus cocokna dibuka, tuluy dikocrot-kocrot ka Isa, kana rambut-Na. 4Ti antara nu araya di dinya, aya sababaraha urang nu ngarasa keuheul; maranehna tinggerendeng pada batur, pokna, “Nanaonan minyak seungit samahal-mahal bet dihambur-hambur kitu; 5mun dijual mah, bisa payu kana leuwih ti tilu ratus dinar; duitna, meureun bisa dipake nulung pakir miskin.” Si awewe teh pada ngagalendengan. 6Tapi Isa ngalahir kieu, “Ari maraneh bet aropenan teuing. Keun bae, da eta teh keur nembongkeun kahadean ka Kami. 7Ari pakir miskin mah, salawasna ge, aya bae dina hirup kumbuh teh. Ari enya-enya maraneh niat mere mah, iraha-iraha ge bisa. Sedengkeun Kami mah, moal salawasna babarengan jeung maraneh teh. 8Manehna nepi ka bisa migawe kieu teh, estuning geus sabisa-bisa. Awak Kami ku manehna diseungitan, ieu teh mere tanda yen Kami moal lila deui oge dimakamkeun. 9Rek dijelaskeun bae ku Kami: Engke, di mana bae Injil diwawarkeun, lampahna ieu awewe teh tangtu milu kasebut-sebut; manehna baris tetep kapieling.” 10Ti dinya, Yudas Iskariot, salah saurang murid nu dua belas tea, ngaleos; manehna indit teh, pikeun nepungan para imam-imam kapala tea, nya eta rek nyelehkeun Isa. 11Ngadenge Yudas nyanggupan kitu, imam-imam kapala teh pohara aratoheunana, nepi ka jarangji rek mere duit. Ti harita, Yudas teh henteu weleh neangan kasempetan rek nyelehkeun Isa tea. 12Dina poe Hari Raya Roti teu diragian anu kahiji, nya eta waktuna meuncit domba Paska, murid-murid arunjukan, “Dupi kangge Jamuan Paska teh palay di mana disayagikeunana?” 13Lajeng Isa ngutus murid, duaan. Dawuhana-Na, “Maraneh kudu ka kota. Engke, di ditu, tangtu tepung jeung hiji lalaki nu mawa kendi cai. Ku maraneh tuturkeun, nepi ka asup ka imahna. 14Bejakeun kieu ka nu boga imah, ‘Kawiatan saur ku Ama Guru, saur-Na: Kamar mana pikeun Kami ngariung Jamuan Paska jeung murid-murid teh?’ 15Engke, ku manehna dituduhan hiji kamar gede di loteng. Parabot pikeun kaperluan Jamuan Paska ge, geus lengkep sadia. Pek sayagikeun di dinya sagala kaperluan keur urang teh.” 16Bral, murid nu duaan teh, arindit. Barang nepi ka kota, sakur nu tadi didawuhkeun ku Isa teh cocog jeung buktina. Atuh tuluy bae maranehanana nyayagikeun pikeun tuang kangge Hari Raya Paska tea. 17Peutingna, Isa katut dua belas murid-murid sumping. 18Waktu ngariung dalahar, Isa ngadawuh kieu, “Ku Kami teh aya nu rek diwakcakeun ka maraneh: Salah saurang ti antara maraneh teh, aya nu boga niat nyelehkeun Kami; jelemana ge, ayeuna aya di dieu, milu ngariung.” 19Atuh murid-murid teh kacida naralangsana. Pok arunjukan ka Jungjunanna, “Naha abdi kitu?” 20Isa ngawaler, “Salah saurang ti maraneh anu dua belas tea, nya eta anu engke bareng jeung Kami nyocolkeun roti kana pinggan. 21Memang bener, da geus kuduna, Putra Manusa teh nyorang jalan sakumaha nu geus dituliskeun dina Kitab Suci; tapi kacida cilakana eta nu hianatna teh. Pikeun manehna mah, saenyana, mending oge teu kungsi gelar ka dunya.” 22Sabot dalahar, Isa nyandak roti. Saparantos muji sukur, eta roti ku Anjeunna disemplekan, dibagikeun ka murid-murid-Na bari ngadawuh kieu, “Tampanan, ieu teh daging Kami.” 23Geus kitu, Anjeunna nyandak lumur anggur. Saparantos ngucap sukur, eta lumur ku Anjeunna diasongkeun ka murid-murid-Na; rot, sarerea gentenan ngarinum. 24Anjeunna ngadawuh deui, “Ieu teh getih Kami anu geus dipastikeun kudu ngucur keur mangpa'at jalma rea sarta keur tanda bukti ngukuhkeun jangji Pangeran. 25Jeung Kami ngabejaan, yen ti semet ieu, Kami teh moal rek nginum-nginum deui ci anggur anu kieu mah. Nu ku Kami rek diinum engke mah di Karajaan Allah nya eta anggur anyar, lamun geus cunduk waktuna.” 26Sanggeusna ngalagukeun hiji pupujian, Isa jeung murid-murid budalan, tuluy ngajugjug ka hiji gunung nu katelah Gunung Jetun. 27Lajeng Isa ngadawuh ka murid-murid, “Engke, iman kapercayaan maraneh ka Kami, tangtu kaganggu; sabab dina Kitab aya dawuhan Allah anu kieu, ‘Sang Pangangon teh bakal ditelasan ku Pangeran, ari domba-dombana bakal pabalencar.’ 28Tapi engke, sanggeus Kami dihirupkeun deui ku Pangeran, Kami bakal indit ka tanah Galilea miheulaan maraneh.” 29Pok, Petrus unjukan, “Sanaos anu sanes-sanes goncang imanna, abdi mah moal dugi ka kitu.” 30Diwaler ku Isa, “Terus terang bae Kami mah: Peuting ieu keneh pisan, memeh hayam kongkorongok dua kali, maneh teh tilu kali ngangles ngaku teu wawuh ka Kami.” 31Tapi Petrus keukeuh ngabantah, walonna, “Najan dongkap ka kedah paeh bareng sareng Anjeun oge, moal; abdi mah, moal dugi ka ngangles ka Anjeun teh.” Murid-murid nu lianna oge, kitu deuih ngaromongna teh. 32Ti dinya, Isa samurid-murid sumping ka hiji tempat nu ngaranna Getsemane. Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Sabot Kami neneda, maraneh tunggu di dieu.” 33Tapi Petrus, Yakobus, jeung Yahya mah dicandak sina nyarengan. Harita, Anjeunna teh ngaraos pohara sieunna sareng keueungna. 34Lajeng ngadawuh, “Kami teh asa ku nalangsa-nalangsa teuing, mani asa geus deukeut ka ajal rarasaan teh. Tungguan ku maraneh di dieu bari karemit.” 35Isa majeng saeutik deui, lajeng bluk bae nyuuh kana taneuh sasambat ka Pangeran, mundut supados ulah dugi ka kedah nyorang waktu sangsara anu sakitu hebatna. 36Kieu panyambat-Na: “Nun Allah, Rama; upami tiasa mah, — da dipayuneun Ama teu aya barang anu mustahil — mugi Ama kersa nyandak ieu lumur kasangsaraan, sing tebih ti abdi. Nanging teu pisan-pisan bade ngalalangkungan, mung pangersa Ama anu kedah laksana!” 37Ti dinya, Anjeunna neang murid anu tiluan. Kasampak tiluanana keur sarare. Anjeunna ngadawuh ka Petrus, “Simon! Sare maneh teh? Mani henteu sanggup nyaring sajam-jam acan? 38Nyararing atuh bari neneda, supaya ulah keuna ku cocoba; ari kahayang mah gede maneh teh, ngan badan nu kawalahan.” 39Ti dinya, Anjeunna angkat deui ka tempat neneda nu tadi. Paneda-Na sami cara tadi keneh. 40Ana ku Anjeunna diteang deui teh, kasampak geus tinglalenggut bae, awahing teu kuat nahan pitunduheun. Atuh dipariksa teh teu ngajawab naon-naon. 41Katilu kalina Anjeunna neang, lajeng ngalahir, “Rek jarongjon sarare bae maraneh teh? Meujeuhna atuh ayeuna mah harudang. Waktuna geus cunduk. Saksian ku maraneh, Putra Manusa teh bakal diselehkeun kana genggeman jelema-jelema jahat. 42Geura harudang, urang ingkah ti dieu. Tuh, nu hianat ka Kami geus datang.” 43Nembe oge tutup Jungjunan nyariosna; torojol bae, Yudas, salah saurang murid Isa anu dua welas tea, datang. Manehna mawa sarombongan jelema, — titahan imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab, jeung Sesepuh-sesepuh tea — anu marawa pedang jeung pepentung. 44Si penghianat teh, ka gorombolanana, geus mere isarat kieu, “Anu kudu ditangkep jeung diboyong ku urang teh, nya eta Jelema nu ku kuring dirangkul.” 45Barang nepi ka dinya, manehna nyirilik nyampeurkeun Anjeunna. “Mama Guru!” Pokna teh, bari seug Isa dirangkul. 46Kerewek Jungjunan ditangkep pada nyerek. 47Salah saurang murid Jungjunan anu aya di dinya, mesat pedang; tuluy keplas, pedangna nigas ceuli gandekna Imam Agung nepi ka rampung. 48Isa ngadawuh ka nu rek narangkep, “Na Kami teh rampog kitu, nepi ka dibawakeun pedang jeung pepentung? 49Padahal, unggal poe oge, Kami teh aya bae di maraneh. Kapan sok kutbah di Bait Allah! Geuning Kami tara digaranggu ku maraneh. Heug bae; sabab ungelna Kitab Suci mah kudu bukti.” 50Ari murid-murid-Na mah pada kalabur, naringgalkeun Anjeunna. 51Harita teh, aya budak ngora anu nuturkeun ka Anjeunna, ngan ukur make kaen lenden salapis anu diharudumkeun. 52Barang rek ditangkep, porosot, harudumna diporosotkeun; ari manehna nerejel, tuluy kabur bari sataranjang. 53Ti dinya, Isa digiring ka Imam Agung. Imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh, jeung ahli Kitab kabeh geus karumpul di dinya. 54Ari Petrus nuturkeuna-Na ti kajauhan bae, nepi ka pakarangan Imam Agung. Gek, manehna milu diuk, ngariung jeung pangawal-pangawal milu siduru. 55Imam-imam kapala, malah Mahkamah Agama pisan, pada neangan akal pikeun ngabuktikeun kalepatan Isa, supaya Anjeunna bisa ditibanan hukuman pati; tapi weleh henteu manggih. 56Ari saksi-saksi palsu mah, loba; maranehna teh, nyoba-nyoba ngadakwa Anjeunna; tapi dakwaanana, hiji oge, euweuh anu cocog. 57Srog, aya nu maju sababaraha saksi palsu. Dakwaanana kieu, 58“Abdi-abdi kantos nguping, yen ieu jelema teh kungsi susumbar kieu: Ieu Bait Suci nu beunang nyieun jelema tea, ku Kami teh rek diruntuhkeun sarta di jero tilu poe, Kami rek ngadegkeun Bait Suci anyar anu lain bubuatan manusa.” 59Tapi dakwaan maranehna oge, kawas ti heula-heula bae, nya eta euweuh kasaluyuanana. 60Neut Imam Agung ngadeg, lajeng mariksa ka Jungjunan, “Kumaha, eta dakwaan-dakwaan teh rek dijawab atawa moal?” 61Tapi Isa mindel, teu kersa ngawaler. Pok, eta Imam Agung mariksa deui, “Ari Maneh teh enya Al Masih, Putra Nu Agung?” 62Waler Isa, “Leres. Engke tangtu kasaksian ku anjeun, Putra Manusa teh calik di tengeneun nu Maha Kawasa sarta baris sumping deui medal tina mega di langit.” 63Wek bae, Imam Agung teh, nyoehkeun anggoanana; lajeng ngalahir, “Keur naon make saksi sagala ayeuna mah? 64Tah bieu kadarangu, ieu jelema teh sakitu ngahinana ka Gusti Allah! Kumaha timbangan para saderek sadaya?” Dewan Pangadilan sapamendak: “Isa kudu di hukum mati.” 65Geus kitu mah, Anjeunna teh pada nyariduhan. Aya oge anu nungkup kana socana bari nonjok, tuluy nanya, “Lamun enya nabi, teguh, saha yeuh anu neunggeul?” Ka pangawal-pangawal ge pipilueun, nareunggeulan ka Anjeunna teh. 66Harita, Petrus ge aya di dinya, di pakarangan ruang sidang. Teu lila, aya awewe kaluar, pagawena Imam Agung tea. 67Katenjoeun ku manehna, Petrus keur siduru. Bari neges-neges beungeut Petrus, pok ngomong, “Anjeun oge sok mimilu bae ka Isa urang Nasaret tea.” 68Tapi Petrus mungkir, pokna, “Kumaha? Asa teu kaharti ngomong teh!” Ngajawabna teh bari ngaleos ka emper. 69Di dieu ge, katenjoeun deui bae ku awewe nu bieu teh. Tuluy eta awewe teh, ngomong ka nu araya di dinya, “Tah, jelema eta teh murid Isa!” 70Petrus mungkir deui bae. Teu lila, nu lian-lianna oge ngomong ka Petrus, pokna, “Moal salah anjeun oge batur-Na, da sidik urang Galilea!” 71Ayeuna mah, Petrus teh nepi ka susumpahan mungkirna teh, pokna, “Demi Allah. Teu wawuh, ceuk kuring ge, teu wawuh ka eta Jelema teh!” 72Tutup Petrus ngomongna, kadenge hayam kongkorongok deui, kadua kalina. Ras bae, Petrus inget kana dawuhan Isa, “Samemeh hayam kongkorongok dua kali, maneh geus tilu kali mungkir, ngaku teu wawuh ka Kami.” Ti dinya mah, segruk bae, Petrus ceurik ngagukguk bawaning ku nalangsa.

will be added

X\