MARKUS 13

1Waktu Isa kaluar ti Bait Allah, aya murid nu unjukan, “Guru cobi itu tingali, adegan-adegan teh mani sakitu agrengna, batu-batuna sakitu tohagana.” 2Isa ngawaler, “Kutan teh maneh ngawas-ngawas ka adegan-adegan eta? Kami rek ngabejaan ka maneh: Engke mah, moal aya hiji batu anu bakal tetep dina tempatna; kabeh oge bakal diruntuhkeun.” 3Waktu Isa nuju nyalira linggih di luhur Gunung Jetun mayun ka Bait Allah, Petrus, Yakobus, Yahya, jeung Andreas nararos ka Anjeunna, 4“Hoyong diwartosan, dupi anu tadi disaurkeun teh, iraha bakal kajadianana sareng naon cicirenna?” 5Lajeng Isa ngadawuh kieu, “Maraneh sing ati-ati, ulah nepi ka beunang katipu. 6Rea nu bakal datang ngaku-ngaku ngaran Kami, akon-akon: ‘Kami teh Al Masih;’ sarta loba pisan anu bakal katipu ku maranehanana. 7Jeung deui, lamun maraneh ngadenge geunjleungna peperangan atawa ngadenge beja hal peperangan, teu kudu reuwas-reuwas. Eta mah, kabeh oge, memang geus kuduna kitu; tapi sanajan kitu kaayaanana ge, acan nepi kana ahir jaman mah. 8Sabab bangsa-bangsa bakal silih perangan, nya kitu keneh nagara jeung nagara silih tarajang; jeung deui, di sababaraha tempat bakal aya lini jeung bahaya kalaparan. Eta kabeh, ngan ukur kakara mimiti kasangsaraan, ngadago jaman anyar. 9Sing caringcing! Maraneh tangtu bakal diserenkeun ka Majelis Agama sarta bakal disiksa di jero tempat-tempat pangibadahan. Jeung deui, maraneh ge bakal diserenkeun ka para pangagung jeung ka raja-raja ku lantaran Kami, nya pikeun jadi saksi ka maranehna. 10Sabab Injil teh, kudu ditepikeun ka sakabeh bangsa-bangsa. 11Jeung deui, lamun maraneh digiring dijagragkeun ka pangadilan, teu kudu bingung ku picaritaeun. Pokkeun bae sakumaha kereteg hate dina waktu harita. Sabab anu bakal cacarita teh lain maraneh, tapi Ruh Allah. 12Dulur jeung dulur bakal silih dakwakeun, supaya dipaehan; nya kitu oge, bapa ka anak. Nu jaradi anak bakal ngabarontak ka nu jadi kolotna, malah nepi ka wani maehan pisan. 13Maraneh bakal dipikageuleuh ku sarerea tina lantaran Kami. Tapi ari anu tarahan uji nepi ka panungtungan mah, bakal salamet.” 14“Samangsa maraneh nyaraksian kana kajadian Musibat nu matak ngerik tea tur kajadianana teh lain di nu samistina (ieu mugi diperhatoskeun ku para maos), nu keur araya di tanah Yudea kudu nyaringkah ngungsi ka pagunungan. 15Sing saha nu harita aya di loteng imahna, poma ulah asup heula ka imah nyokot bawaeun; 16anu keur aya di huma, ulah make balik heula pikeun nyokot papakean. 17Tada teuing bae sangsarana sakur anu keur kakandungan atawa anu keur orokan. 18Kudu neneda ka Allah, supaya kajadianana teh ulah dina usum tiris. 19Sabab nya harita, datangna katunggaraan nu panghebat-hebatna teh. Sabab ti barang langit jeung bumi diciptakeun ku Gusti Allah, musibat kawas kitu mah, kakara harita ayana teh; ka hareupna ge moal aya deui. 20Lamun heug ku Gusti Allah waktuna teu dikurangan, pasti moal aya anu bisa lolos. Tapi demi jelema-jelema nu geus kapilih ku Mantenna, musibat teh waktuna bakal disingget. 21Lamun dina waktu harita, aya nu ngomong ka maraneh, ‘Tah ieu Al Masih teh,’ atawa ‘Tuh itu Al Masih teh,’ poma ulah dipercaya! 22Sababna, dina waktu eta teh bakal maruncul boh al masih-al masih palsu, boh nabi-nabi palsu; maranehna ge bakal ngayakeun tanda-tanda aheng. Maksudna mah, teu aya lian, iwal ti mun bisa mah rek nyasabkeun jalma-jalma anu geus kapilih ku Gusti Allah tea. 23Jadi, maraneh kudu awas jeung waspada! Maraneh geus dipepelingan ku Kami ti samemehna keneh.” 24“Sanggeus katunggaraan tea liwat, panonpoe moal cahayaan jeung bulan oge moal caang; 25bentang-bentang bakal ragragan ti langit; kakuatan-kakuatan nu ngatur sagala nu aya di langit bakal genjlong. 26Nya harita pisan, jelema-jelema bakal nyaksian rawuh-Na Putra Manusa dina mega pinuh ku kakawasaan jeung kamulyaan. 27Lajeng Putra Manusa teh baris nimbalan para malaikat, supaya ngumpulkeun sakur anu geus kapilih tea, — nu ti kaler, ti kidul, ti wetan, jeung ti kulon — ti tungtung bumi nepi ka tungtung deui. 28Geura ngareunteung kana kaayaan tangkal kondang. Lamun dahanna geus mimiti ngandung cai jeung geus mimiti sirungan; eta geus teu bireuk deui, tandaning geus deukeut kana halodo. 29Tah, nya kitu keneh, lamun engke maraneh nyaksian kajadian-kajadian anu ka sebut tadi tea. Eta teh, nyirikeun yen waktuna enggeus deukeut, geus nampeu pisan! 30Kami ngabejaan ka maraneh: Jelema-jelema nu hirup kiwari moal waka tumpur samemeh naon nu kasebut bieu kajadian. 31Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi ucap-ucapan Kami mah moal. 32Tapi ari iraha-irahana mah, boh poena, boh waktuna moal aya anu nyaho; dalah para malaikat anu di sawarga henteu tarerangeun; kitu keneh Putra Manusa; anging Allah, Rama, anu uninga.” 33“Masing nyaring jeung caringcing! Sabab maraneh, moal nyaho iraha waktuna. 34Hal eta sarua bae jeung anu rek nyaba jauh. Kapan samemeh ninggalkeun imah teh, tangtu manehna metakeun heula bujang-bujangna pikeun tugasna masing-masing. Purah jaga panto ge kitu, diparentahkeun supaya enya-enya ngajagana teh. 35Ku sabab eta, maraneh oge kudu enya-enya caringcing teh; sabab maraneh teh moal nyaho kana pibalikeunana nu boga imah, naha sore, naha tengah peuting, janari, atawa subuh. 36Supaya dina waktu nu boga imah datang, maraneh ulah nepi ka kasampak keur sarare. 37Ieu anu ku Kami dibejakeun ka maraneh teh, keur ka sarerea oge. Kabeh kudu nyaring jeung caringcing!”

will be added

X\