MARKUS 12

1Lajeng Isa ngadawuh nganggo misil, kieu, “Aya hiji jelema muka kebon anggur, kebonna dipager sakurilingna. Terus manehna nyieun bak pameresanana jeung saung ranggon pikeun tempat jaga. Sanggeus beres, kebon teh, ku manehna disewakeun ka sababaraha urang sina digarap; ari manehna mah, bral bae nyaba ka nagara sejen. 2Barang geus meujeuhna panen, manehna nitahan salah saurang bujangna sina nagih sewaan bagi hasil ka nu ngagararap kebonna tea. 3Tapi si bujang teh bet dicarerek jeung ditareunggeulan, tuluy diusir disina balik lengoh. 4Nu boga kebon nitahan saurang bujang sejenna. Titahan nu ieu mah, malah ditareunggeulan sirahna mani balancunur, jaba disurakan diera-era, jeung dinyenyeri. 5Nu boga kebon nitahan saurang deui; nu ieu ge, nya kitu; malah mah, nepi ka dipaehanana pisan. Loba deui nu dititahan teh, tapi kabeh oge ngan ngadon diteunggeulan atawa dipaehan pisan. 6Ayeuna anu bisa dititah nagih teh kari saurang, nya eta anak kameumeutna. Nya ahirna mah, anakna ge kapaksa dititah nagihan ka nu nyarewa kebon tea; cek pikirna: Ku anak aing mah, meureun sarieuneun. 7Tapi nu nyarewa teh, anggur sakait rek maraehan; pokna teh, ‘Kabeneran ieu mah ahli warisna pisan; urang paehan bae sakalian, warisanana keur urang.’ 8Tuluy anak nu boga kebon teh, ditewak terus dipaehan; mayitna dibalangkeun ka luareun kebon anggur.” 9“Tah ayeuna,” dawuhan Jungjunan, “kira-kirana nu boga kebon teh rek kumaha? Tangtu datang mawa balad, nu nyarewa kebon teh tangtu ditumpes. Ari kebonna dipasrahkeun ka panggarap nu sejen. 10Naha maraneh acan maca nu kieu unina: Batu nu geus dipiceun ku tukang tembok teh, geus dijieun batu juru. 11Kitu mungguhing Pangeran mah, sedeng cek urang mah eta teh aneh.” 12Sanggeus kitu, maranehna nareangan akal, supaya Jungjunan bisa ditangkep; lantaran karasaeun, yen eta misil teh nyindiran aranjeunna. Tapi ku lantaran risi ku jelema rea, tuluy bae tinglaleos, ngantunkeun Jungjunan. 13Aya deui urang Parisi jeung anggota parteyna Raja Herodes anu diutus ka Isa, sina mere sual pikeun nyiar-nyiar kasalahan Jungjunan. 14Sadatangna, pok naranya kieu, “Guru, simkuring terang, Anjeun teh jujur sareng henteu aya nu dipikasieun; sabab Anjeun mah sanes pangarahan, estu seja ngawulang perkara jalan-jalanna hirup anu dipikarido ku Pangeran. Hoyong terang: Ari urang kedah mayar pajeg ka Prabu atanapi henteu? Naha eta teh wajib atanapi henteu?” 15Tapi Isa uningaeun kana niat palsuna, lajeng Anjeunna ngawaler, “Naha aranjeun teh bet ngadoja ka Kami? Cik mana duitna, Kami ngilikan.” 16Song duitna teh, ku maranehna, disanggakeun. Lajeng Isa mariksakeun, “Gambar saha jeung ngaran saha anu aya dina duit ieu teh?” “Gambar sareng jenengan Prabu tea,” walonanana. 17Dawuhan Isa, “Tah geuning! Ari kagungan Prabu mah, atuh kudu disanggakeun deui ka Prabu; kagungan Allah kitu deuih, kudu ka Gusti Allah disanggakeunana teh!” Meunang waleran kitu teh, maranehna bati bengong nu aya. 18Geus kitu, jol deuih urang Saduki, nya eta golongan anu teu percaya kana poe kiamat, tuluy naros, 19“Guru, parantos aya katangtosan ti Nabi Musa kieu: Upama aya hiji jelema nu boga dulur lalaki, heug manehna maot ninggalkeun pamajikan bari teu gaduh anak; si pamajikanana teh, kedah dikawin ku nu jadi adina, supaya lanceukna aya turunanana. 20Cariosna, aya tujuh lalaki padudulur; anu cikalna teh gaduh bojo; geletuk teh, manehna maot bari teu gaduh anak. 21Bojona ditikah ku adina. Nanging adina oge maot deuih kalawan teu boga anak. Teras ditikah ku nu katilu. 22Nu katilu oge sami, kitu keneh. Kitu sareng kitu bae saterasna teh, dugi ka nu katujuh sadayana teu garaduh turunan. Panungtunganana, awewena oge maot deuih. 23Dupi dina poe kiamat saparantos maranehna harirup deui, jadi pamajikan saha eta awewe teh? Margi parantos kapibojo ku tujuhanana.” 24Lajeng Isa ngawaler, “Sasab eta pikiran aranjeun teh; ku lantaran aranjeun can ngarti kana eusining Kitab Suci jeung kana kakawasaan Gusti Allah. 25Di alam kiamat mah, sanggeus nu maraot harirup deui, jelema teh geus moal nikah jeung moal ditikahkeun; lantaran kaayaan hirupna, geus sarua jeung kaayaan malaikat di sawarga. 26Naha acan tarerang kitu, yen nu maraot teh baris harirup deui? Kapan aya dina kitab Nabi Musa basa anjeunna ningali rungkun cucuk nu ngagedur hurung. Harita Pangeran ngadawuh ka anjeunna, ‘Kami teh Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Ishak, jeung Allah nu disembah ku Yakub.’ 27Tetela atuh, yen Gusti Allah teh, Allah nu disembah ku sakur jelema nu hirup, lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu geus paraeh. Naha pikiran aranjeun teh nepi ka sasab kitu!” 28Aya hiji ahli Toret anu milu ngadengekeun sual jawab Isa jeung urang Saduki. Ku manehna karasaeun, yen waleran Isa teh keuna pisan. Tuluy manehna tumaros kieu, “Dupi Hukum Toret anu mana anu pangpentingna?” 29Dawuhan Isa, “Hukum Toret anu pangpentingna teh, nya eta: Regepkeun he urang Israil. Allah nu disembah ku urang teh, nya eta Nu Mahatunggal tea. 30Maraneh teh kudu nyaah ka Pangeran, — Allah nu disembah ku maneh — masing tepi kana ati, parat kana jiwa, sabudi akal, sarta satekah polah. 31Hukum anu kadua nya eta: Kudu nyaah ka sasama saperti ka diri. Euweuh deui hukum Toret anu leuwih penting batan eta dua anu kasebut bieu.” 32Ahli Toret unjukan deui, “Sae pisan, leres pisan! Leres eta nu didawuhkeun teh. Leres, Mantenna teh Nu Mahatunggal tea; henteu aya deui nu sanesna, iwal ti Mantenna. 33Saleresna, nyaah ka Pangeran teh kedah tepi kana ati, parat kana jiwa, sabudi akal, satekah polah bari dibarengan ku nyaah ka sasama saperti ka diri; da nu kitu teh langkung utami tibatan sagala rupi kurban, boh nu mangrupi kurban nu diduruk boh kurban nu dipeuncit.” 34Isa tingali yen walonan eta ahli Kitab teh pohara iklasna, lajeng ngadawuh, “Anjeun teh teu jauh deui ti Karajaan Allah!” Ti semet harita mah, henteu aya saurang-urang acan anu wanieun deui nyual ka Jungjunan. 35Waktu keur ngawulang di Bait Allah, Isa ngadawuh, “Naha kumaha ahli Toret teh nepi ka nganggap yen Al Masih teh Putra Daud. 36Daud ku anjeun ku pituduh Ruh Allah geus ngalahir kieu: Pangeran parantos ngadawuh ka Jungjunan kaula kieu: ‘Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh teh ku Kami dijieun titincakan Anjeun.’ 37Ku sabab Daud ku anjeun nyebutna teh Jungjunan, atuh mustahil anu disebut Jungjunan teh putrana.” Balarea anu ngadarengekeun piwulang-Na harita ngarasa kacida katarikna ku piwulang Anjeunna. 38Salajengna Jungjunan maparin nasehat, “Kade, sing ati-ati, di mana maraneh nyanghareupan ahli-ahli Toret anu gawena resep jalang-jeleng di pasar marake jubah panjang ngarah dihalormat; 39jeung ari di tempat-tempat pangibadahan, diukna teh di nu panghareupna; di nu hajat-hajat ge nya kitu, milihna teh tempat anu terhormat bae. 40Padahal maranehna teh, saenyana mah, tukang ngarayah harta banda randa-randa sarta kalakuanana teh dipindingan ku do'a anu pararanjang. Hukuman keur maranehna, pasti bakal leuwih beurat.” 41Hiji mangsa, Isa linggih mayunan peti duit derma. Ti dinya, Anjeunna ningalikeun pepetaan jelema-jelema anu ngarasupan peti derma tea. Loba nu galede ngasupanana teh, nya eta anu baleunghar tea. 42Teu lila, jol hiji randa miskin ngasupkeun recehan tambaga dua. 43Isa nyaur ka murid-murid-Na, lajeng ngadawuh, “Cek Kami mah: Duit anu diasupkeun ku randa nu bieu teh, leuwih berharga batan ti nu sejen. 44Sababna, nu lian-lianna mah, marerena teh lantaran duitna geus leuwih ti cukup. Ari nyi randa miskin tea mah, memang ngan boga sakitu-kituna; jadi, nu didermakeun teh, saayana tina napakahna.”

will be added

X\