MARKUS 11

1Isa katut murid-murid-Na geus cunduk ka hiji tempat deukeut Betania jeung Betpage di suku Gunung Jetun, teu jauh deui ti Yerusalem. Anjeunna miwarang dua murid, 2saur-Na, “Teruskeun ka kampung itu. Sa-supna ka dinya, engke, maraneh bakal manggih kalde keur dicangcang. Eta kalde teh ngora keneh jeung can aya anu numpakan. 3Leupaskeun cangcangna, tuluy bawa ka dieu. Lamun aya anu negor, bejakeun: Diperlukeun ku Jungjunan, engke ge, dipulangkeun deui.” 4Dua murid arindit. Sa-supna ka dinya, maranehna manggihan eta kalde keur dicangcang di buruan hiji imah di sisi jalan. Tuluy cangcangna diudaran ku maranehna. 5Jelema-jelema anu keur narangtung di dinya, negor, “Rek dibawa ka mana?” Ku nu duaan tea, dijawab sakumaha papatah Isa. 6Anu negor henteu ngoretkeun. 7Terus eta kalde ditungtun, dibawa ka Isa; — eta tonggong kalde teh geus meunang nilaman ku baju masing-masing — tuluy ku Anjeunna ditunggangan. 8Jelema-jelema, loba anu ngalamparkeun papakeanana di jalan; ari anu sawarehna deui, ngalamparkeun dangdaunan anu saleger beunang ngala ti tegalan. 9Anu ngiring, beulah hareup jeung beulah tukang ger cumeluk, “Hosana! (hartina kira-kira: Dirgahayu). Wilujeng Anu sumping ngemban jenengan Pangeran! 10Wilujeng karajaan karuhun urang, karajaan Daud. Hosana di manggung!” 11Isa lebet ka jero kota Yerusalem. Terus Anjeunna lebet ka jero Bait Suci bari rarat-reret mariksa kaayaanana. Tapi ku sabab harita teh, geus burit; ti dinya, Anjeunna kaluar deui, mulih-Na ka Betania, diiring ku murid dua belas. 12Poe isukna, sanggeusna Isa samurid-murid-Na jengkar ti Betania, Anjeunna teh lapar. 13Ti kajauhan, Anjeunna ningali aya tangkal kondang keur meujeuhna gomplok daun. Lajeng dicaketan, panggalihna, sugan ayaan. Tapi Anjeunna teu mendak naon-naon, salian ti daun wungkul. Sabab can usumna buahan. 14Pok, Anjeunna ngalahir ka eta tangkal kondang, “Moal aya deui jelema anu baris ngadahar buah maneh sapapanjangna.” Ku murid-murid oge sidik kadarenge. 15Sasumpingna Isa jeung murid-murid ka Yerusalem, langsung lebet ka Bait Allah. Jelema-jelema anu keur jualmeuli di emperna ku Anjeunna diusir. 16Meja-meja tukang nalukeurkeun duit jeung bangku-bangku tukang japati, dibalik-balikkeun; anu sejenna ge dilarang, nya eta teu meunang balawiri bari ngakutan dagangan di emper Bait Allah. 17Terus Anjeunna ngawurukan, saur-Na, “Lain nyaraho, yen kauni dina Kitab Suci: Bait Kami bakal kaceluk tempat sembahyang sagala bangsa? Naha ku maraneh dijieun guha begal?” 18Barang eta kajadian kauninga ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, aranjeunna badami hayang ngabinasa ka Isa; bawaning ku risi sabab aranjeunna ningali rayat, kabeh, katarik ku pangajaran Anjeunna. 19Barang geus meh peuting, Anjeunna jeung murid-murid kaluar ti jero kota. 20Isukna, isuk-isuk keneh, waktu Isa jeung murid-murid ngalangkung ka urut kamari, kasampak tangkal kondang teh geus garing ka akar-akarna. 21Pok, Petrus unjukan, — pedah ingeteun keneh kana halna kamari — “Rabi, tingali, tangkal kondang anu kamari disapa teh dugi ka garing kitu.” 22Anjeunna ngawaler, “Nu matak ge sing percaya ka Allah. 23Kami mere nyaho: Saenyana, saha bae anu dina hatena boga kayakinan, — henteu hamham, yen saucapna pasti ngajadi — mun manehna nitah ka ieu gunung sina ngeser terus ngagejebur ka laut, pinasti tinekanan. 24Ku sabab eta, Kami ngabejaan deui: Naon bae anu ku maraneh dipenta disambat ka Pangeran, asal percaya yen saenyana mah ku maneh geus katarima, tinangtu dipaparinkeun. 25Jeung lamun arek sembahyang, bisi boga kateungeunah ka batur, maraneh kudu ngahampura heula manehna, supaya kasalahan maraneh dihampura ku Rama nu di sawarga. 26Sabab mun maraneh taya hampura, Rama maraneh nu di sawarga oge moal kersaeun ngahampura dosa maraneh.” 27Isa katut murid-murid-Na sumping ka Yerusalem deui. Waktu Anjeunna keur ngalangkung di palataran Bait Allah, disalampeurkeun ku imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab jeung parakokolot. 28Aranjeunna mariksa kieu, “Boga hak naon Anjeun nyieun sarupa kitu? Dikawasakeun ku saha Anjeun kikituan teh?” 29Ku Isa diwaler, “Kaula rek nanya heula. Lamun kajawab, ku Kaula tangtu disebut hak naon anu dipake ku Kaula: 30Ari baptisan Nabi Yahya ti sawarga atawa ti manusa?” 31Aranjeunna tinggerendeng heula, salaurna, “Disebutkeun asal ti sawarga, tangtu ditanya ku naon teu dipercaya. 32Tapi piraku kudu disebutkeun asal ti manusa mah!” Teu warantuneun nyebutkeun kitu mah, sieuneun ku rayat. Sabab rayat mah, kabeh ge, nganggap Yahya teh nabi. 33Tungtungna, ngawalonna teh, “Duka teuing!” Waler Isa, “Kaula ge moal nerangkeun, make hak naon Kaula nyieun hal-hal anu sarupa kitu.”

will be added

X\