MARKUS 10

1Ti dinya, Isa jengkar deui ka daerah Yudea jeung daerah peuntaseun walungan Ciyordan. Di dinya oge, loba pisan jelema nu daratang ka Anjeunna sarta saperti biasana, Anjeunna maparin piwuruk. 2Urang-urang Parisi oge daratang; maksudna, rek ngadoja ka Anjeunna, nanya kieu, “Ari salaki meunang nyerahkeun bojona?” 3Tapi ku Anjeunna diwaler kieu, “Parentah Nabi Musa ka aranjeun, kumaha?” 4Walonna, “Nabi Musa ngidinan nyerahkeun, tapi kudu make surat talak.” 5Saur Isa, “Nabi Musa netepkeun eta parentah ka aranjeun teh, lantaran aranjeun baredegong. 6Sabab barang mimiti alam dunya, Allah ngadamel jelema lalaki jeung awewe. 7Ku sabab kitu, lalaki teh, kudu incah ti indung bapa terus ngahiji jeung pamajikanana; 8nepi ka duanana ngajadi sadaging. 9Kitu, nu matak naon-naon anu geus dihijikeun ku Allah, ulah dipisahkeun ku manusa.” 10Sanggeus araya di bumi, murid-murid mihatur ka Anjeunna, nanyakeun hal ngeunaan lalaki jeung awewe tea. 11Ari saur-Na, “Saha-saha anu nyerahkeun pamajikanana, tuluy kawin ka awewe sejen; imah-imah jeung pamajikan anu ieu teh, lampah jinah. 12Kitu deui, lamun awewe ninggalkeun salakina, terus kawin ka lalaki sejen; imah-imah jeung salakina nu ieu teh, lampah jinah.” 13Ti dinya, jul-jol anu ngadareuheuskeun barudak leutik ka Anjeunna, menta dipangrampakeun; tapi ku murid-murid mah, maranehna teh dicarekan. 14Sanggeus kauninga ku Isa, eta murid-murid-Na teh, diseuseul Anjeunna, saur-Na, “Ingkeun, eta barudak teh sina ka Kami ulah dihalang-halang. Sabab jelema anu saperti eta barudak, nu boga Karajaan Allah teh. 15Cek Kami, ka maraneh: Saenyana pisan, saha-saha anu henteu mapagkeun Karajaan Allah lir budak leutik, pamohalan asup ka dinya.” 16Tuluy barudak teh, ku Anjeunna dirangkul bari ditumpangan panangan sarta diberkahan. 17Waktu Isa nembe jengkar neraskeun perjalanan, aya anu lumpat mendakan Anjeunna; terus eta jelema deku payuneuna-Na, pok mihatur, “Pa Guru anu berbudi, abdi teh hoyong tinemu sareng hirup anu langgeng, kedah kumaha?” 18Waler Isa, “Naha wet nyebut berbudi ka Kami? Saurang ge teu aya anu berbudi, anging Allah bae. 19Anjeun oge tangtu nyaho parentah-parentah Allah: Ulah maehan, ulah jinah, ulah maling, ulah mere panaksen palsu, ulah macikeuh hak batur, jeung kudu hormat ka bapa ka indung!” 20Eta jelema ngawangsul, pokna, “Pak Guru, eta sadayana parantos dilakonan ti ngongora.” 21Tapi ku Isa diteuteup, semu nu welas; pok, Anjeunna ngalahir, “Ngan sarupa kurangna teh: Bral balik heula, jual kabeh kakayaan, duitna dermakeun ka nu mariskin, ambeh anjeun meunangkeun banda sawarga; terus anjeun balik deui ka dieu, ngiring Kami.” 22Meunang waleran kitu, eta jelema mani melenguk; terus anjeunna mulang bari jeung semu ngungun; da kacida lobana, bandana teh. 23Isa neuteup ka murid-murid-Na, nu aya di sakuriling-Na; lajeng Anjeunna ngalahir, “Hese pisan jelema jegud asup ka Karajaan Allah teh.” 24Murid-murid-Na, arolohok ngadenge pilahir-Na teh. Tapi Anjeunna ngalahir deui, “Barudak, kacida banggana nya asup ka Karajaan Allah teh. 25Babari keneh onta nyeplos kana liang jarum, ti batan jelema jegud asup ka Karajaan Allah.” 26Murid-murid jadi gehger, ngaromong pada baturna, “Lamun kitu, saha nu baris salamet atuh?” 27Sanggeus neuteup, Isa ngalahir ka maranehna, “Cek manusa mah, eta teh mustahil; tapi henteu, pikeun Allah mah. Sagala rupa oge, pikeun Allah mah, euweuh anu mustahil.” 28Pok, Petrus mihatur, “Abdi-abdi parantos cul naon-naon, teras ngiring ka Jungjunan!” 29Waler Isa, “Nah, cek Kami: Unggal-unggal jelema anu cul imah-tangga, cul dulur lalaki dulur awewe, cul indung cul bapa, cul anak cul pakaya, demi Kami jeung demi Injil, 30ti ayeuna keneh, eta jelema bakal nampa saratus tikel: Imah, dulur awewe dulur lalaki, indung, anak, pakaya, sanajan kituna teh bari teu luput nandangan rupa-rupa panganiayaan; kitu deui, dina jaman ka hareupna, tinangtu bakal ginanjar hirup nu langgeng. 31Tapi anu geus ti hareula loba nu bakal datang pangpandeurina; kitu deui anu pangpandeurina, bakal jadi pangheulana.” 32Isa jeung murid-murid geus di tengah jalan ka Yerusalem; ari Isa, angkatna, di beulah hareup. Murid-murid ngarasa honcewang, kitu deui nu sejen-sejenna anu ngiring ka Anjeunna; maranehna ge, pada ngarasa salempang. Isa nyaur deui murid-murid, nyaurkeun nu bakal tumiba kana salira-Na. 33Saur-Na, “Ayeuna urang teh arek ka Yerusalem. Di dinya, Putra Manusa bakal diselehkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab. Terus ku maranehna, Anjeunna teh bakal diragragan hukum paeh. Jaba ti eta, maranehna ge bakal nyelehkeun Anjeunna ka bangsa anu teu wawuh ka Allah. 34Anjeunna oge bakal dipoyok, dihina, dicariduhan, jeung dirangketan; geus kitu, kakara Anjeunna teh dipaehan; saterusna, sanggeus tilu poe ti harita, Anjeunna bakal hudang deui.” 35Ti dinya, Yakobus jeung Yahya, anak Sebedeus tea, ngadeukeutan ka Anjeunna terus mihatur, “Pa Guru, abdi gaduh panuhun, mugi didangu.” 36Waler-Na, “Aya kahayang naon?” 37Pihaturna, “Widian, engke, abdi-abdi dina kamulyaan Pa Guru sina diuk di kiwaeun sareng di tengeneun.” 38Tapi saur Isa, “Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum lumur nu ku Kami kudu diinum? Sanggup dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami?” (“Nginum lumur” maksudna: nandangan sangsara). 39Maranehna ngajawab, “Sanggem.” Saur Isa, “Puguh kitu tea mah, maraneh memang bakal nginum lumur nu ku Kami kudu diinum jeung dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami. 40Tapi hal tempat di kenca jeung katuhueun Kami, Kami teu boga hak ngidinan. Eta mah, rek dibikeunna ngan ka jelema-jelema anu geus ditangtukeun bae.” 41Murid-murid, nu sapuluh urang deui, jadi arambekkeun ka Yakobus jeung Yahya. 42Tapi ku Isa disauran, “Maraneh nyaho, yen anu disarebut pamarentah bangsa teh, marentah ka rayatna keras pisan; kitu deui pembesar-pembesarna, ka rayat teh kacida kerasna. 43Maraneh jeung maraneh mah ulah kitu. Sing saha nu hayang punjul kudu laladen ka babaturan. 44Sing saha nu hayang jadi pepentol, kudu jadi gandek sarerea. 45Sabab Putra Manusa oge, datang teh, lain hayang dilalayanan; tapi seja ngalalayanan jeung seja ngorbankeun pati, pikeun nebus jalma rea.” 46Isa jeung murid-murid-Na cunduk ka kota Yeriko. Sanggeus kaluar ti Yeriko, bari diiring ku murid-murid jeung jalma rea sejenna, mendak jelema lolong anu sok jajaluk; ngaranna Bartimeus, anak Timeus; manehna teh keur andiprek sisi jalan. 47Sanggeus manehna nyahoeun yen Isa, urang Nasaret tea, ngalangkung; tuluy bae gera-gero, “Nun Isa, Putra Daud, sing hawatos ka abdi!” 48Dicarek oge ku nu rea anggur beuki tarik gera-gerona, “Nun Putra Daud, sing hawatos ka abdi!” 49Anjeunna reg liren, saur-Na, “Sina ka dieu!” Tuluy eta nu lolong teh disina datang. Cek nu neangna, “Sing mantep hate teh, hiap, itu Anjeunna nyaur.” 50Sot jubahna, tuluy manehna buru-buru nyampeurkeun ka Isa. 51Ku Anjeunna dipariksa, “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” Wangsulna, “Rabuni (hartina: Guru), abdi teh hoyong tiasa ningal!” 52Saur Isa, “Heug, iman kapercayaan maneh geus nulung!” Dadak sakala, harita keneh, manehna bisa nenjo; tuluy manehna milu ngiring Anjeunna.

will be added

X\