MARKUS 1

1Ieu uaran Injil, nya eta bewara hal Isa Al Masih, Putra Allah. 2Uaranana geus ti jaman Nabi Yesaya keneh, diserat dina kitabna, kieu: “Dawuhan Pangeran: Ieu utusan Kami. Ku Kami diutus ti heula, pikeun nyadiakeun jalan keur Hidep. 3Aya nu cumeluk di tegal kikisik: ‘Sadiakeun jalan kanggo Pangeran; nya jalan anu lempeng!’ ” 4Jol Nabi Yahya ka tegal kikisik, ngumumkeun baptisan sarta biantara, “Geura tarobat tina dosa, tuluy dibaptis, malar dihampura nya dosa ku Pangeran!” 5Merul anu dararatang ngupingkeun biantarana; sanggeusna, disusul ku ngawakcakeun dosa. Eta jelema-jelema teh, asal ti sabudeureun Yudea jeung sakur nu di Yerusalem. Tuluy ku nabi dibaptis, di walungan Ciyordan. 6Nabi Yahya teh anggoanana tina bulu onta; disabuk ku sabuk kulit. 7Ari tuangna simeut jeung madu leuweung. Anjeunna ngumumkeun bewara kieu, “Sanggeus kami, engke, aya deui nu bakal sumping; Anjeunna mah leuwih agung tur kawasa. Ngudar tali tarumpah-Na ge, kami teu wani. 8Kami ngabaptis maraneh teh, ku cai; ari Anjeunna mah, ku Ruh Allah.” 9Heuleut teu lila, Isa oge, — ti Nasaret wewengkon Galilea — sumping ka Yahya. Terus ku nabi dibaptis di walungan Ciyordan. 10Sanggeus hanjat ti cai, ngadak-ngadak brah bae langit beulah; terus aya nu turun siga japati, nya eta Ruh Allah; tuluy eta anu siga japati teh, eunteup ka Anjeunna. 11Ngeng, ti awang-awang, aya sora kieu, “Hidep teh, Putra Kami, anu dipikanyaah sarta anu kamanah ku Kami!” 12Geus kitu, Anjeunna digerakkeun ku Ruh Allah kedah angkat ka tegal kikisik: 13Di tegal kikisik, — kenging opat puluh poe bari nadah gogoda Iblis — di antara sato galak tea, Anjeunna dilayanan ku malaikat-malaikat. 14Sanggeusna Nabi Yahya ditangkep, Isa mulih deui ka Galilea sarta ngawitan ngayakeun hutbah-hutbah ngeunaan Injil ti Allah Nu Mahaagung. 15Kieu hutbah-Na, “Kiwari teh, geus tepi ka wancina; ayeuna, geus meh datang mangsana Karajaan Allah baris ngadeg. Geura tarobat jeung kudu percaya ka Ieu Injil!” 16Hiji mangsa, Anjeunna angkat mapay talaga Galilea. Anjeunna ningali palika, duaan, keur lintar; nu saurang ngaranna Simon, nu saurang deui dulurna, ngaranna Andreas. 17Ku Anjeunna digentraan, “Hiap milu ka Kami; engke, maraneh, ku Kami diajar ngala jelema!” 18Nu disaur teu talangke; cul heurapna ditinggalkeun, terus ngiring ka Anjeunna. 19Anjeunna jengkar deui. Teu lila, beh deui palika, duaan; duanana anak Sebedeus, nu saurang ngaranna Yakobus, nu saurang deui Yahya, keur ngabenahan heurap dina parahu arek lintar. 20Tuluy ku Isa, duanana, disaur diajak ngiring. Ieu oge, terus nurut; cul, bapana jeung kuli-kuli, ditinggalkeun ngiring ka Anjeunna. 21Isa sarta murid-murid-Na, tepi ka hiji kota anu ngaran Kapernaum. 22Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. — Anu ngabarandungan piwulang-Na, kabeh mikahelok lantaran karasa bedana ti ahli-ahli Kitab, turug-turug karasa aya wibawa-Na — 23Harita, di dinya, aya jelema anu kasurupan roh jahat ngagorowok, 24“Rek naon Isa urang Nasaret datang ka urang? Arek ngabinasa? Urang nyaho, Anjeun teh Jelema suci, utusan Allah!” 25Timbalan Isa ka eta roh jahat, “Repeh maneh, hayoh nyingkah ti eta jelema!” 26Tuluy nu kasurupan teh ngagibrig, ari roh jahatna ngagero bari terus ingkah. 27Saayana jelema di tempat ibadah bati arolohok, tuluy tingkucuwes, “Aneh, aneh! Geus puguh hutbah-Na barang anyar. Omongana-Na ge, gede pangaruhna; bisa dipake marentah ka roh-roh jahat, nepi ka narurut kitu.” 28Eta kajadian teh, bejana, gancang pisan sumebar ka sakuliah wewengkon Galilea. 29Tas ti tempat ibadah, Isa ngabujeng ka imah Simon jeung Andreas, katut Yakobus jeung Yahya. 30Barang sumping, terus Anjeunna diwartosan, yen mitoha awewe ki Simon keur gering, muriang panas. 31Ku Anjeunna ditingali, terus leungeunna dicepeng disina cengkat. Rep bae muriangna rerep, cageur ngadak-ngadak; malah mah, anjeunna teh bisa ngalalayanan ka tamuna. 32Wanci sareupna, hul-hol urang dinya marawa nu garering jeung anu kasarurupan roh jahat. 33Saayana urang dinya tumplek ka eta imah. 34Ku Anjeunna nu garering teh dicageur-cageurkeun; ari nu kasarurupan, roh-roh jahatna diusir. Eta roh-roh jahat, kabeh ge, wawuheun ka Anjeunna; tapi eta roh-roh jahat, ku Anjeunna sama sakali teu dibere kasempetan ngomomg naon-naon. 35Isukna, poek-poek keneh, Jungjunan geus angkat; angkatna teh, — nyalira bae — ka luareun kota, nya eta ka hiji tempat anu sepi. 36Anjeunna, ku ki Simon sabatur-batur, ditareangan. 37Sanggeus kapendak maranehna unjukan, “Jungjunan dipilarian ku sadaya.” 38Ari waler-Na, “Mending urang terus ka kampung-kampung sakuriling ieu. Eta oge perlu didatangan. Maranehna oge perlu diwawaran Injil ku Kami. Sabab eta pisan perluna Kami datang ka alam dunya teh!” 39Sanggeus ngalahir kitu, terus Anjeunna jengkar pikeun ngideran sakuliah tanah Galilea, hutbah di tempat-tempat ibadah, sarta ngusir setan-setan anu nyarurup ka manusa. 40Kocap, aya nu katerap kasakit lepra datang ka Isa ngadeuheus. Brek sideku bari unjukan yen manehna hayang cageur. Piunjukna, “Saupami Jungjunan kersa, mung Jungjunan anu iasa nyageurkeun kasakit abdi.” 41Jungjunan ngahelas manahna, tuluy nu lepra teh dicabak. “Heug, cageur!” timbalana-Na. 42Les bae, kasakit leprana, leungit tanpa lebih; awakna jadi pulih beresih. 43Ku Isa ditimbalan balik buru-buru bari dipesen, “Kade, ulah cacarita ka sasaha. 44Tapi maneh, kudu nembongkeun eta awak maneh ka imam. Jaba ti eta, maneh ge kudu nyanggakeun kurban panarima, nurutkeun tetekon ti Nabi Musa, tandaning awak geus pulih beresih.” 45Tapi sakitu diomat-omatanana ge, teu weleh cacarita ka ditu ka dieu nepi ka nyebar bejana ka mana-mana. Ku sabab eta, Isa teu iasa terang-terangan ka jero kota; atuh kapaksa Anjeunna teh di luar kota bae, di nu sepi-sepi. Tapi teu kalis ku kitu, nu daratang mah, angger bae merul ti mana-mana.

will be added

X\